View Full Version : Sunda Euy !!!
Halaman :
1
2
[
3]
4
5
6
7
8
9
10
karateman
06-08-2002, 05:17 PM
Oh ka Garut nya ? Nyuhunkeun dodol garutna atuh !!!!
Manawi teh bade sumping ka Gath Akbar KG ? tapi teu aya sigana mah...
Salam ah ka urang Sunda nu aya di ieu porum....
misti
06-08-2002, 06:36 PM
saderek2 sadayana kumaha....damang!!!!
aehhhhh sono pisannn...ieu teteh misti.....euleuh tos lami pisan teu ka porum ieu.... :-)
naila
07-08-2002, 08:02 AM
Originally posted by karateman
Oh ka Garut nya ? Nyuhunkeun dodol garutna atuh !!!!
Manawi teh bade sumping ka Gath Akbar KG ? tapi teu aya sigana mah...
abdi teu dongkap kapungkur teh... iraha nya tiasa papanggih sareng kang karate ? ;)
Salam ah ka urang Sunda nu aya di ieu porum....
salam oge ah ka sadayana.. kanggo teteh misti.. ::bye::
karateman
07-08-2002, 12:44 PM
Originally posted by naila
abdi teu dongkap kapungkur teh... iraha nya tiasa papanggih sareng kang karate ? ;)
Gampil pisan Neng!!.....engke lah upami sim kuring ka Bandung dikontak nya..wios ;)
Minimal pan tiasa ditraktir ku urang Bandung ..leres teu?
salam oge ah ka sadayana.. kanggo teteh misti..
Salam oge ka Neng Misti !!!!::bye:: ::bye::
Abdi oge ditraktir atuh Kang!!
tos lami yeuh teu dahar bakso, duh jadi sono euyyyy..^^;
ringostar
08-08-2002, 02:17 AM
heuheuyy........... sok lah urang ramekeun deui......
saha yeuh anu nraktir? :D:D:D
karateman
08-08-2002, 09:49 AM
Eta tah ...nu urang Bandung tea ..saurna bade nraktir...
Sok atuh ulah isin-isin ka sasama Sunda mah !!!!:D
misti
08-08-2002, 11:53 AM
naon ieu teh.....sunda gathering?!! di mana?!!
naila
08-08-2002, 11:56 AM
saha sih nu bade nraktir teh? :D
karateman
08-08-2002, 12:20 PM
Originally posted by naila
saha sih nu bade nraktir teh? :D
Saurna cenah "Sunda Gathering" di kota kembang ....
Nu nraktir ..Naila...
Leres neng? Kersa teu???:D
jazid
09-08-2002, 06:23 AM
ngiringan kenging teu ?
naila
09-08-2002, 08:08 AM
Originally posted by karateman
Saurna cenah "Sunda Gathering" di kota kembang ....
Nu nraktir ..Naila...
Leres neng? Kersa teu???:D
::hhh::
yeee.. abdi mah panganut aliran BM :D
karateman
09-08-2002, 08:40 AM
Originally posted by naila
::hhh::
yeee.. abdi mah panganut aliran BM :D
BM atawa BS (Bayar Sewang-sewangan) ?????? Teu nanaon ...
Sok atuh dikoordinir ku urang Bandung ....;)
Pokona mah AEGJ (Anjiirrr Euy Geus Jumaah) deui ....tina Thanks God It's Friday !!!!
Salam olahraga
oke..oke...oke...
ringostar
10-08-2002, 01:53 AM
Originally posted by karateman
Saurna cenah "Sunda Gathering" di kota kembang ....
Nu nraktir ..Naila...
Leres neng? Kersa teu???:D
wahh "sunda gatheringan" asik atuh
sok lah simkuring mah ngiringan wae :D
upami janten nya tulung di wartosan :) ::bye::
Mithrandir
11-08-2002, 02:36 PM
Abdi ngiringan kengeng henteu? Kumaha daramang sadayanya? Henteu kirang sagala rupi?
Abdi teh nembe terang aya tred ieu, nuju nyarios naon nya?
Abdi hoream ningalan post nu ti pengker.
Salam kenal nya sadayana!
karateman
12-08-2002, 08:38 AM
Kumaha tah urang Bandung? Tiasa teu diayakeun di Bandung sasih September, tempat langkung sae di tempat nu aya patalina sareng budaya Sunda...
Sim kuring rido..ti Bogor angkat ka Bandung upami acara ieu janten dilaksanakeun!!!
naila
12-08-2002, 02:07 PM
duh, upami bade gatheringan mah abdi teu tiasa janten panitiana. upami aya anggota [KG] anu lian anu tiasa ngayakeun mah langkung sae lah ;).
karateman
13-08-2002, 01:13 PM
Wah sesah atuh ari kitu mah..
Mangga wae atuh dihaturanan !!!
Mithrandir
13-08-2002, 09:48 PM
Oh ieu teh bade aya gathering di bandung nya, sok atuh ku abdi diantos, insya allah abdi tiasa dongkap.
ninja_terbang
14-08-2002, 10:21 AM
::bye::pararunten sadayana, abdi kenging linggih kadieu atanapi henteu?? ahh.. piraku weh teu kengingmah?
dadanguan teh bade aya acara gathering-an nya? abdi ngiringan atuh iraha bade diayakeunana?
ninja_terbang
14-08-2002, 10:22 AM
Originally posted by karateman
Kumaha tah urang Bandung? Tiasa teu diayakeun di Bandung sasih September, tempat langkung sae di tempat nu aya patalina sareng budaya Sunda...
Sim kuring rido..ti Bogor angkat ka Bandung upami acara ieu janten dilaksanakeun!!!
muhun.. hayu atuh kaping sabaraha? asal tanggal ngora weh supados salaleu'eur artos pan nembe gajihan :D:D
karateman
14-08-2002, 03:11 PM
Tuh pan seueur nu satuju !!!
Sim muring pan lokasina di Bogor, janten rada sesah upami ngayakeun di Bandung.
Upami aya urang Bandung tiasa ngoordinir ieu acara ...eta teh sae pisan....
Gathering nu munggaran diayakeun di puser dayeuh Parahyangan !!! Pan endah tah...asal ulah di Kebon Binatang we..:D
ninja_terbang
15-08-2002, 12:19 PM
Originally posted by karateman
Tuh pan seueur nu satuju !!!
Sim muring pan lokasina di Bogor, janten rada sesah upami ngayakeun di Bandung.
Upami aya urang Bandung tiasa ngoordinir ieu acara ...eta teh sae pisan....
Gathering nu munggaran diayakeun di puser dayeuh Parahyangan !!! Pan endah tah...asal ulah di Kebon Binatang we..:D
keun wee.. atuh di kebon binatang oge pan saurna cenah hoyong tepang sareng pun rama :D:D
karateman
15-08-2002, 02:31 PM
Originally posted by ninja_terbang
keun wee.. atuh di kebon binatang oge pan saurna cenah hoyong tepang sareng pun rama :D:D
Kutan????
Sareng tuang rama ?
Aya di bonbin?
ninja_terbang
15-08-2002, 03:40 PM
Originally posted by karateman
Kutan????
Sareng tuang rama ?
Aya di bonbin?
muhun saurna didinya cenah hoyong tepang sareng pun rama, sakantenan oge sareng amang, bibi, raka, uwa, pokonamah sadayana weh sakulawargi :D:D
karateman
15-08-2002, 04:02 PM
Atuh rame pisan !!!
Satuju lah teu nanaon di bonbin oge ..:D:D
jazid
19-08-2002, 10:11 AM
deuk nyaruakeun bengeut di bonbin ?
haoehoawheoaw....
karateman
19-08-2002, 11:27 AM
Originally posted by jazid
deuk nyaruakeun bengeut di bonbin ?
haoehoawheoaw....
Panginten ...:D;)
smurf
20-08-2002, 04:23 PM
punten ....
sim kuring kenging ngiringan di dieu? sigana rame pisan di dieu mah. bade aya acara nya? di bdg? abdi mah teu acan ameng ka boonbin bdg ...
karateman
20-08-2002, 08:37 PM
Originally posted by smurf
punten ....
sim kuring kenging ngiringan di dieu? sigana rame pisan di dieu mah. bade aya acara nya? di bdg? abdi mah teu acan ameng ka boonbin bdg ...
Mangga dihaturanan ....
Nyaeta sesah pisan bade ngayakeun kempelan teh..
Duka kumaha tah urang Bandung teh mumul wae..:)
Diajakan teh hese pisan....
Urang Bandung...HUDANG EUY!
ninja_terbang
21-08-2002, 08:43 AM
Originally posted by karateman
Mangga dihaturanan ....
Nyaeta sesah pisan bade ngayakeun kempelan teh..
Duka kumaha tah urang Bandung teh mumul wae..:)
Diajakan teh hese pisan....
Urang Bandung...HUDANG EUY!
enya hayu atuuhh.. da kudu aya koordinatorna mun euweuh mah nya percuma atuh, geus maneh weh jadi koordinatorna, langsung umumkeun di forum nyieun topik anyar judulna ngumpul di bdg tanggal sakieu.. jam sakieu. daptarna didieu.. kitu tah.. ;);)
karateman
21-08-2002, 02:23 PM
Originally posted by ninja_terbang
enya hayu atuuhh.. da kudu aya koordinatorna mun euweuh mah nya percuma atuh, geus maneh weh jadi koordinatorna, langsung umumkeun di forum nyieun topik anyar judulna ngumpul di bdg tanggal sakieu.. jam sakieu. daptarna didieu.. kitu tah.. ;);)
Aeh...ari sim kuring mah di Bogor....
Salaku koordinator ...kedah urang Bandung euy ...supados gampil..kersa teu janten koordinator?
smurf
21-08-2002, 04:50 PM
naha kudu di bdg kitu acarana? kunaon teu di bgr bae? pan aya kebon raya bogor, eta mah langkung lega tempatna, terus tiasa ningali rumah bunga koleksi anggrek terlengkap saurna mah. kumaha akang teteh?
karateman
22-08-2002, 02:10 PM
Nyanggakeun wae...
Kempel di Bandung teh ..alesanana jelas pisan
Bandung ibu kota periangan .....
Ibu kota warga Sunda saurna mah...
Mangkana upami tepang munggaran langkung endah saupami di Bandung euy tea....
ninja_terbang
24-08-2002, 12:02 PM
Originally posted by karateman
Aeh...ari sim kuring mah di Bogor....
Salaku koordinator ...kedah urang Bandung euy ...supados gampil..kersa teu janten koordinator?
aduh kumaha nya? ::bentar2:: abdi teh teu acan ngaraosan janten koordinator gathering, bilih lepat :D:D.
tos kieu weh ayeunamah urang kumpul heuheureuyan weh teu kudu resmi kitu kieu sagala, kumaha lamun panggih langsung datang ka tempat misalna kafe, atawa mall atawa naon welah, kumaha tah? ;(
misti
27-08-2002, 03:14 PM
Originally posted by ninja_terbang
aduh kumaha nya? ::bentar2:: abdi teh teu acan ngaraosan janten koordinator gathering, bilih lepat :D:D.
tos kieu weh ayeunamah urang kumpul heuheureuyan weh teu kudu resmi kitu kieu sagala, kumaha lamun panggih langsung datang ka tempat misalna kafe, atawa mall atawa naon welah, kumaha tah? ;(
satujuhhh....teu kedah resmi2an lah.....santey sajah.....
tapi di mana nya?!!!!
tong di BSM rame teuing...di lembang kumaha?!! atawa di kampung daun?
ninja_terbang
28-08-2002, 01:31 PM
Originally posted by misti
satujuhhh....teu kedah resmi2an lah.....santey sajah.....
tapi di mana nya?!!!!
tong di BSM rame teuing...di lembang kumaha?!! atawa di kampung daun?
tah mun di lembang mah sayah satuju lahh.. ;) ::up:: sok atuh tinggal tangtukeun iraha tanggal sabaraha bulan iraha?
kumaha upami kaping 29 september 2002? upami kaping sakitu abdi tiasa ;) nusanesna tiasa teu?
karateman
28-08-2002, 03:15 PM
Alah etah si Eneng ngajak teh di tempat nu hararese kitu ...
Kampung Daun sareng Lembang mah teu caket ...nu di pusat kota wae atuh ....supados sim kuring ti nu ti tebih gampil kadinya...punten da sanes urang Bandung ...janten rada sesah...
ninja_terbang
13-09-2002, 09:16 AM
hehe.. anjeun teh manggil eneng ka saha? da abdi mah pameget :D:D
nya sok atuh dimana? aya usulan teu?
Mithrandir
15-09-2002, 04:30 PM
Kumaha ieu teh teu acan wae ditangtukeun waktos sareng tempatna bade ngumpul teh. Kumaha upami di Mollis Mall, di jln peta, mal pangenggalna di bandung? Hebatnya Bandung nuju getol ngabangun sagala rupi. hehehe...
Ninja, anjeun teh pameget nya? duh si kasep...http://forum.kafegaul.com/forum/images/icons/icon7.gif
Originally posted by karateman
Kahatur para saderek sadaya nu ngartos basa Sunda. Marangga geura dileueut caina...punten ah !!!
aeh punten abdi mah nembe sumping ayeuna..
cing atuh cai-cai kopi-kopi na..
http://mypage.rileks.com/animcache/tea_steaming_md_wht.gif
mangga atuh, dileueut.. :D
karateman
19-09-2002, 08:53 AM
Originally posted by yanz
http://mypage.rileks.com/animcache/tea_steaming_md_wht.gif
mangga atuh, dileueut.. :D
Hatur nuhun Kang...raos pisan enjing keneh tos dipasihan teh haneut ....
Mithrandir
19-09-2002, 07:35 PM
Originally posted by yanz
http://mypage.rileks.com/animcache/tea_steaming_md_wht.gif
mangga atuh, dileueut.. :D
Atos tiis atuh weungi mah, upami aya abdi mah nyuhunkeun bajigur (sesah milarian di dieu mah)
coccinelle
20-09-2002, 10:07 PM
bokap org sunda....nyokap org jawa.....
basanya basa jawa doank...................ketemu ama sodara2 di ciamis....adewwwwwwwwwww, gak ngerti basa sunda !!!!
bokap juga senyum2 aja.....sama2 gak ngerti.....
sunda ka te pe doank bokap gue ......
karateman
25-09-2002, 08:58 AM
Originally posted by coccinelle
bokap org sunda....nyokap org jawa.....
basanya basa jawa doank...................ketemu ama sodara2 di ciamis....adewwwwwwwwwww, gak ngerti basa sunda !!!!
bokap juga senyum2 aja.....sama2 gak ngerti.....
sunda ka te pe doank bokap gue ......
He..he...kasihan Bokap loe jangan2 kelamaan gak ngomong Sunda jadi susah ..
BTW : Ciamisnya dimana???
coccinelle
25-09-2002, 10:08 AM
Originally posted by karateman
He..he...kasihan Bokap loe jangan2 kelamaan gak ngomong Sunda jadi susah ..
BTW : Ciamisnya dimana???
gue juga lupa, terakhir kesana kelas 3 es em pe.
apa banjar atau apa lah namanya , asli lupa......
ttg bokap gue sekarang seh udah bisa dikit2,soalnya S3 kemaren dia ambil di bandung,nah pulang2 ke bali, lumayan deh...kalo cuma mo beli beli barang atau nawar2 harga pake basa sunda !! ha ha ha
karateman
26-09-2002, 08:38 AM
Ya..ya..di Ciamis memang ada Banjar ...
Okeh coba deh belajar bahasa Sunda ..dikit2 juga lumayan..:)
Originally posted by Galadriel
Atos tiis atuh weungi mah, upami aya abdi mah nyuhunkeun bajigur (sesah milarian di dieu mah)
aeh, jaman kiwari mah tos hebat. bajigur/bandrek teh tos diical dibotolan sareng sachet. kamari ningali di toko swalayan. merk-na mah hilap deui abdi teh.. :D
bewara. di bandung, jalan braga, ceunah aya bazar urang sunda nya? siga kumaha sih...
saurna dugi ahir september...?
karateman
27-09-2002, 09:16 AM
Originally posted by yanz
bewara. di bandung, jalan braga, ceunah aya bazar urang sunda nya? siga kumaha sih...
saurna dugi ahir september...?
Oh kumaha tah acarana, aya pagelaran kasenian Sunda teu? Urang Bandung sok atuh dongengkeun..
kang .. kumaha? damang? ::bye::
minggu depan, abdi ti imah kang .. imah bogor :) sok atuh ketemu :D hese pisan euy, teu tiasa ngobrol pake b.sunda :D
kang, ti IPB nu suka ngajual buku teh palih mana ya?
ninja_terbang
27-09-2002, 03:11 PM
::bye:: kumaha dararamang sadayana? ;)
kang karateman kumaha damang? neng inca kumaha damang? ;)
Originally posted by ninja_terbang
::bye:: kumaha dararamang sadayana? ;)
kang karateman kumaha damang? neng inca kumaha damang? ;) damang .. makasih .. ::hua:: teu tiasa euy .... kumahanya?? ::ihiks::
sok atuh kang k'man .. abdi teh diajarkeun ^^;
naila
27-09-2002, 03:37 PM
neng inca, kawit dinten iya kedah nyarios sunda sareng abdi nya!! :D:D
Originally posted by naila
neng inca, kawit dinten iya kedah nyarios sunda sareng abdi nya!! :D:D eh, aya si eneng geulis :X sok atuh sareng nyarios sunda .. 13 taon abdi teh belajar basa sunda, tapi teh .. tetep wae teu tiasa .. :(
Mithrandir
28-09-2002, 05:27 PM
Sono hoyong ka bandung
karateman
30-09-2002, 09:08 AM
Originally posted by inca
kang .. kumaha? damang? ::bye::
minggu depan, abdi ti imah kang .. imah bogor :) sok atuh ketemu :D hese pisan euy, teu tiasa ngobrol pake b.sunda :D
kang, ti IPB nu suka ngajual buku teh palih mana ya?
Damang Neng Inca..aeh ti iraha tiasa nyarios basa Sunda.?
Bade ka Bogor teh kaping* sabaraha? Pas libur dinten Jumaah?
Bade pependak ? ...he..he...he.. dimana nya? Tos lami teu pependak ...tapi abdi teh aya rencana bade ka Bandung minggu payun teh. Kumaha nya, teu nyambung, neng Inca ka Bogor, abdi ka Bandung...
Tiasa pendak sareng neng Naila rupina..salam Neng..akang bade ka Bandung ...mugia kenging susuguh di Bandung teh...:D
* kaping=tanggal
lah, kang, bade ngapain ka bandung?? aya pertandingan?
abdi teh ti bogor ngeun sadinten euy .. perpustakaan IPB teh lagi di renovasi ::sebel::
kapan atuh kita maen ka kebon raya .. ;D;D
*maksa banget nyarios sunda-na* ^^;
naila
02-10-2002, 02:59 PM
bade ka bandung, mangga PM neng selinakyle, epen orgenaijerna gederingan bandung :).
rencanana mah dinten saptu enjing bade aya gederingan ;)
karateman
06-10-2002, 08:00 AM
Euh..telat ...sim kuring di Bandung mung sadinten ..dinten Jumaah wungkul...ayeeuna tos di Bogor deui..
Di Bandung teh bade jalan2 wae ..soping cenah ..;-)
br3w0k
07-10-2002, 03:47 AM
soping ka Factory outlet.....Bandung teh emang tob, lamun urusan siga kiek ....:D
ninja_terbang
07-10-2002, 10:55 AM
::bye:: kumaha dararamang yeuh.. urang bandung nu gareulis nu karasep teehh..!! ;)
kararasep, gareulis, da atos ibak.. :D
ari majalah sunda teh mangle wae kitu? upami hoyong meser, samisal di gramedia, aya teu nya?
Originally posted by karateman
Oh kumaha tah acarana, aya pagelaran kasenian Sunda teu? Urang Bandung sok atuh dongengkeun..
duhh, kamari teh teu sempat ningali..
eh, sempat teh basa sunda na naonnya? :D
br3w0k
08-10-2002, 01:21 AM
Originally posted by yanz
kararasep, gareulis, da atos ibak.. :D
ari majalah sunda teh mangle wae kitu? upami hoyong meser, samisal di gramedia, aya teu nya?
lamun gramedia Jakarta, nya teuaya atuh ....::keyen::
karateman
09-10-2002, 03:56 PM
Cobi di toko buku Galura ...caket Cikapundung ...sareng di Palasari.
Sim kuring oge dinten Jumaah kamari meser buku roman basa Sunda .....judulna : Mercedes 190 ....he..he..he lucu pisan jaman gaul di Bandung taun 60-an ....masih usum mejeng di jalan Braga....:D
Samara
10-10-2002, 03:59 AM
punten.. abdi anyar euy di dieu..
kang karateman teh urang bogor ? abdi oge euy...::bye::
naila
10-10-2002, 10:27 AM
teh Samara ::bye::
wilujeng sumping dina thread ieu ;)
Originally posted by karateman
Cobi di toko buku Galura ...caket Cikapundung ...sareng di Palasari.
Sim kuring oge dinten Jumaah kamari meser buku roman basa Sunda .....judulna : Mercedes 190 ....he..he..he lucu pisan jaman gaul di Bandung taun 60-an ....masih usum mejeng di jalan Braga....:D
tengkyu.. hatur nuhun..
engke bade dicobi kaditu... :)
karateman
14-10-2002, 09:57 AM
Originally posted by Samara
punten.. abdi anyar euy di dieu..
kang karateman teh urang bogor ? abdi oge euy...::bye::
Wilujeng tepang Teh Samara ...Bagja pisan tiasa pependak sareng urang Bogor :)
Leres sim kuring linggih di Bogor ....di daerah Loji.
Ari Teh Samara palih mana Bogorna?
misti
14-10-2002, 03:01 PM
eh...rerencangan sadayana....
iraha ka bandung yeuh...
urang kempel yyuukkkk ...
nembe terang aya thread sapertos kieu...;D
punten atuhnya...abdi mah bade ngiring ngalangkung wae :D
saha wae urang Bandung di dieu ??
naila
15-10-2002, 08:39 AM
abdi ti bandung {:
karateman
15-10-2002, 09:16 AM
Eh aya Neng Misti..
Sok atuh upami bade ngayakeun acara di Bandung mah..bade ngiringan sim kuring oeg, asal jelas wae dimana sareng irahana.
Halow ^mocha^::bye:: hatur nuhun tos ngiring ngalangkung kadieu...
Samara
15-10-2002, 10:35 PM
Originally posted by karateman
Wilujeng tepang Teh Samara ...Bagja pisan tiasa pependak sareng urang Bogor :)
Leres sim kuring linggih di Bogor ....di daerah Loji.
Ari Teh Samara palih mana Bogorna?
abdi mah di darmaga..
kanggo sadayana, hapunten nya mun abdi nganggo basa kasar, da teu tiasa basa sunda... diajar keneh euy
Samara
15-10-2002, 10:37 PM
Originally posted by misti
eh...rerencangan sadayana....
iraha ka bandung yeuh...
urang kempel yyuukkkk ...
hayang pisan abdi mah.. tapi kumaha.. tebih pisan Bandung teh..
:(
misti
16-10-2002, 09:55 AM
sok atuh ...
urang2 bdg nu sanesna mana nya?
urang badanten kumaha saena ...
karateman
18-10-2002, 02:11 PM
Sok atuh....urang Bandung geura ngalobrol ...badantenkeun wae kumaha saena...
Ka : samara
Wah di Darmaga ? Caket kampus IPB nya?
Samara
19-10-2002, 02:46 AM
puguh di kampusna...
kumaha Bogor teh ayeuna ?
khole
19-10-2002, 06:18 PM
abdi oge ti bandung, ::bye::
karateman
21-10-2002, 12:59 PM
Originally posted by Samara
puguh di kampusna...
kumaha Bogor teh ayeuna ?
Kumaha ?????8O
Masih macet ah....;-)
Masih sebagai kota angkot ;) bukan kota hujan (pindah jadi nama angot 03)
Samara
21-10-2002, 03:33 PM
geus pikasebeleun ah Bogor mah.. ::sebel:: komo abdi di Darmaga, di Loji ge hese nya ka Bogor na ?
abdi teu di Bogor dieu ayeuna, didamel mah di Bandung..
upami kang karateman didamel di Jakarta ?
karateman
22-10-2002, 08:53 AM
Originally posted by Samara
geus pikasebeleun ah Bogor mah.. ::sebel:: komo abdi di Darmaga, di Loji ge hese nya ka Bogor na ?
abdi teu di Bogor dieu ayeuna, didamel mah di Bandung..
upami kang karateman didamel di Jakarta ?
Ha..ha..ha..
Parah ka Darmaga mah ..ayeuna mun ti Jembatan Merah teh kedah 2 kali naek angkot ..gara2 terminalna dialihkeun ka Bubulak (caket Cifor).
Oh di Bandung ???
Leres sim kuring damel di Jakarta ....biasalah pp ....Bogor-Jakarta::bye::
karateman
22-10-2002, 09:00 AM
Originally posted by khole
abdi oge ti bandung, ::bye::
Salam ah ka Urang Bandung!!!::bye::
khole
22-10-2002, 09:43 PM
nuhun, salam balik ::bye::
Mithrandir
27-10-2002, 04:12 PM
Tos lami henteu kadieu, kumaha daramang? Hapunten abdi jarang kadieu, janten teu terang nuju nyarioskeun naon.::maap::
br3w0k
27-10-2002, 04:32 PM
abdi oge tos lami heunteu kadieu, tos lieur ti bandung aya naon wae...:D
Samara
28-10-2002, 06:49 PM
Originally posted by karateman
Ha..ha..ha..
Parah ka Darmaga mah ..ayeuna mun ti Jembatan Merah teh kedah 2 kali naek angkot ..gara2 terminalna dialihkeun ka Bubulak (caket Cifor).
Oh di Bandung ???
Leres sim kuring damel di Jakarta ....biasalah pp ....Bogor-Jakarta::bye::
terminal Merdeka teu aya deui ayeuna ??::bingung::
kumaha atuh ti Jembatan Merah kamana heula ?
nu caket cifor teh jalan ka jalan baru tea sanes ?
aduh ieu, preman terminal.. :D:D
upami dibandung mah tata jalan-na tos di sababaraha tempat tos didesain ulang. aya karaosna nambih lancar, tapi efek negatifna oge aya, sababaraha ruas jadi padet..
sekieu laporan kota dinten itu.. :D
aya anu arapal keneh henteu kana ranginang? (atau rangining, atau opak?)
br3w0k
30-10-2002, 01:40 AM
abdi resep pisan kana ranginang, menih sedep jeung gurih.....ayeuna abdi janten kangen kana ranginang :D
Mithrandir
03-11-2002, 09:04 AM
ranginang abdi tos lami henteu nyobian. Tos teu karasa deui kumaha. Insya allah engke lebaran abdi mudik ka bandung!
br3w0k
03-11-2002, 04:06 PM
amien, mugi² katurutan mudik ka bandungna ::keyen::
Samara
04-11-2002, 04:24 AM
jadi hayang ranginang :(
abdi baheula nyebutna kurupuk kriting..;p
karateman
04-11-2002, 09:25 AM
He..he..janten porum kalaparan...atawa porum katuangan ? Cobi taroskeun ka porum makanan...dimana nu icalan ranginang di Jakarta ? ;)
Samara
12-11-2002, 02:50 AM
kamarana yeuh ::bingung::
mani sepi pisan :(
br3w0k
12-11-2002, 09:26 PM
abdi aya didiek teteh ... http://www.plauder-smilies.de/scatter.gif
pika2000
13-11-2002, 02:34 AM
;D Lieur euy, geus lila teu ngomong sunda. Loba kata-kata nu geus poho.
Samara
13-11-2002, 03:48 AM
sami, abdi ge tos lila teu ngomong sunda.... :o
karateman
13-11-2002, 08:57 AM
Ah...mangkana gunakeun porum ieu kanggo latihan basa Sunda.
Sanes kitu,Teteh sareng Akang sadaya?
Samara
14-11-2002, 02:15 AM
mangga atuh, urang diajar deui sundana;)
trulygirl
14-11-2002, 01:33 PM
euleuh euleeeeeeeh...ieu forum teh masih aya wae? ;( :D
kang karateman...kumaha damang?? ::bye::
karateman
15-11-2002, 08:37 AM
Originally posted by trulygirl
euleuh euleeeeeeeh...ieu forum teh masih aya wae? ;( :D
kang karateman...kumaha damang??
Damang Neng Truly!
Kumaha sawangsulna ?::bye::
misti
15-11-2002, 11:31 AM
ieu nyandak tina tembang Cianjuran...upami teu lepat namina teh Papatet ...
Cacandran para luluhur
Ciri bumi dayeuh pancatengah
Ciri dayeuh Pancatengah
Lemah duhurna, lemah lengkobna, lemah padataranana
Yasana para dewata
Teu sulaya ti nyatana
mang jami
15-11-2002, 12:50 PM
duuuh ....
jadi inget pas mo pulang dari Bandung ... Cianjuran dulu bareng keluarga dan banyak orang ...
::bingung::
Junpei
15-11-2002, 01:15 PM
aya urang tasik di dieu???
punten nya ... abdi basa sundanya masih aya kasar+indo na oge ...!!
nyaa itung2 diajar oge di porum iyeuu
naila
15-11-2002, 01:20 PM
Originally posted by karateman
Ah...mangkana gunakeun porum ieu kanggo latihan basa Sunda.
Sanes kitu,Teteh sareng Akang sadaya?
lereeeeeeeeeeeeees :D:D
Samara
15-11-2002, 07:18 PM
Originally posted by junta_momonari
aya urang tasik di dieu???
punten nya ... abdi basa sundanya masih aya kasar+indo na oge ...!!
nyaa itung2 diajar oge di porum iyeuu
teu nanaon, abdi ge nuju diajar keneh...
abdi mah mu ka tasik teh sok isin, teu wani nyarios sunda, sieun kasar... tungtungna nyarios basa indonesa
karateman
16-11-2002, 11:07 AM
Tah kitu para saderek...ramekeun atuh porum Sunda teh.
Wios bade kasar oge ..engke urang lereskeun sasarengan.
Nu bade ngawih mangga...nu bade sisindiran mangga...nu bade heureuy wungkul teu nanaon.....
Sok lah dihaturanan ka sadayana...
Haturan ka para senior KG :
- Neng Naila
- mang jami
Wilujeng ngaramekeun ieu porum...
Neng Naila..di Bandung nuju usum naon???
Salam ka junta_momonari, samara, atuh teu hilap ka neng msiti di payuneun komputerna masing-masing.
naila
20-11-2002, 08:32 AM
di bandung teh nuju usum hujan :D. atuh da unggal dinten juhan wae, janten ripuh upami uih ti kantor teh :(.
basah basah basah seluruh tuuuuuuuuuubuhkuuu.. ah ah ah menyentuh kaaaaallbuuuuuu...
br3w0k
20-11-2002, 01:07 PM
wah...di bandung teh, upami usum ujan teh .. urang jadina lieur ..loba kamacetan soalna :(
Samara
21-11-2002, 01:48 AM
pan lampu merah na loba nu janten ruksak :(
ayeuna kitu keneh teu naila ?
karateman
21-11-2002, 09:45 AM
Wih...Bandung jaman ayeuna mah sok macet wae nya ....komo mun hujan...
Eh ari di Bandung geningan jalanna ayeuna mah seueur nu di sajalurkeun?
Sok janten bingung tah... :D
naila
21-11-2002, 10:34 AM
Originally posted by Samara
pan lampu merah na loba nu janten ruksak :(
ayeuna kitu keneh teu naila ?
wah seueur teh.. eta lampu setopan teh meuni seueur pisan tah anu kiceup2 wungkul ;););) (kawas icon ieu tah.. koneng kikiceupan :D)
kang karate, upami margi sajalur mah tos lami.. eta mah saur jalmi bule "trade mark"na Bandung. Purnawarman ge bareto basa abdi SD keneh sajalur, teras di dua jalur-keun.. ayeuna sajalur deui.. lieeeeeeeeeeeeeeeuuuuuuuuuuuuur :D:D
Samara
23-11-2002, 03:33 PM
eeh sugan teh disajalurkeun kulantaran nuju didamel jalan layang Pasteur-Suci tea...
sanes nya ?
karateman
25-11-2002, 08:49 AM
Nu enggal mah di Cicadas ...tadi na pan dua jalur ...ayeuna janten sajalur ...
naila
25-11-2002, 01:09 PM
muhun tah cicadas teh kanggo no ka arah wetan, teras uihna kedah ngalangkung jalan jakarta.
|cannibal|
25-11-2002, 11:41 PM
woi... nanya dong, manjing itu artinya apa yak?
karateman
27-11-2002, 02:18 PM
Nyolok Irung
“ Dun..kunaon lempang maneh ingked ingkedan ?” Tanya Empud ka sobatna
“ Gara garana mah naek beus umum euy !” Tembal Kardun
“ Geuning bisa kitu…kaserempet ?” Empud heran
“ Lain euy….waktu dewek keur naek beus…haleang teh sora azdan nandakeun geus manjing buka puasa, mana teu mawa cai deuih…ras inget ceuk batur lamun euweuh nanaon keur ngabatalan colok we irung cenah…atuh kudewek teh lep we dicolok tapi teu kungsi lila dewek ngagoak lantaran suku aya nu nincak…barang disidik sidik sihoreng teh !”
“ Sihoreng kumaha ?” Empud panasaran
“ Sihoreng teh nu dicolok lain irung dewek tapi irungna marinir euy !”
Reungit
“ Cing kunaon reungit mun nyoco sok peuting euy ?”
“ Sabab beurang keur paruasa !”
“ Tapi geuning kamari aya reungit nyoco pabeubeurang !”
“ Nya meureun cenah kabeurangan saur”
Rem Bajay
“ Silaing kungsi numpak bajay ?”
“ Kungsi…naha kitu ?”
“ Coba nyaho teu…remna aya dimana ?”
“ Nya aya dihandap atuh !”
“ Salah euy…nu bener aya dina punduk supirna !”
“ Naha geuning ?”
“ Coba geura mun keur numpak bajay, terus toel punduk supirna pasti bajayna eureun”
Ngabuburit
Empud ngabuburit bari ngurek, tapi aneh wanci geus nyedek ka magrib teu sasiki siki acan aya belut nu nyanggut. Panasaran clom urek dianclomkeun deui ka liang belut anu gede tur melewis.
“ Piraku liang anu sakitu hadena teu nyanggut !” Gerentes Empud. Burial liang belut ngaburial tandana belut nek nyanggut. Geleser urek ditarik kajero. Jantung Empud ngegeter, pamikirna pasti belutna gede. Tapi teu kungsi lila urek eta disurungkeun kaluar, sungutna ulal elol katingali kaluar, siga nu ngelelan ka Empud. Ari celengkeung teh belut ngomong. "Sabar lur….kuring can buka puasa euy !” ceuk belut bari nyoropot deui kajero.
Sendal
Dodoy : "Ustadz nya leres kitu ari sasih saum setan setan sok dicangcang ?"
Ustadz : "Bener pisan jang !"
Dodoy : "Atuh mun kitu mah kamari aya nu leupas ?"
Ustadz : " Naha kitu ?" ( rada heran )
Dodoy : " Eta we basa abdi taraweh sendal abdi ical !"
Ustadz : #?$!!!!
slashchords
28-11-2002, 03:48 PM
mak ampun deh... gua sangka dengan bokap orang cianjur nyokap orang bogor itu berarti gue ngerti bahasa sunda... ternyata kagak...!
coba ah, maaf kalo ancur ya
alo.... abdi bade ngilu nyarios sunda... sugan teh gampang nyarios sunda teh... abdi nteu tiasa.... hehe kumaha iyeu???
naila
28-11-2002, 03:55 PM
nya dicobian we kang, sakedik-sakedik ge tiasa engkena mah.. leres teu para saderek? :D
Samara
28-11-2002, 07:32 PM
nembe kadieu deui euyyy..
tos tilu poe teu tiasa kadieu....
kumaha daramang ??::bye::
|cannibal|
28-11-2002, 10:19 PM
Originally posted by |cannibal|
woi... nanya dong, manjing itu artinya apa yak?
wa.. ga ada yg mo jawab yak? :(
karateman
29-11-2002, 03:03 PM
Originally posted by |cannibal|
wa.. ga ada yg mo jawab yak? :(
Wah ...maap ...bukannya gak mau jawab..tapi tadinya mau nyari di kamus Sunda tapi lupa terus ...
Yang gw tau manjing itu artinya menjadi/masuk ...kira2 artinya begitu .
Contoh penerapan :
“ Lain euy….waktu dewek keur naek beus…haleuang teh sora azdan nandakeun geus manjing buka puasa".
Manjing buka puasa = telah masuk buka puasa...
Dari lagu :
Ciamis manjing dinamis ....
Artinya Ciamis telah masuk/menjadi dinamis.
Arti yang sebenarnya mesti dicari di kamus dulu ...
Samara
29-11-2002, 06:32 PM
oh kitu nya hartina manjing teh..
sanes teu hayang ngajawab, da abdi ge teu ngartos ::bentar::
|cannibal|
29-11-2002, 08:23 PM
anu, soale saya kemaren pas ke pangandaran liat bak sampah kuning yg ada tulisannya 'manjing buang sampah di sini..'
hiahiahiahia.. saya & teman2 langsung ngakak... soalnya dikirain manjing itu sejenis anjing .. hiaiiaihia ;D
karateman
02-12-2002, 09:48 AM
Yah...mungkin artinya boleh buang sampah di sini ....
Kedahna mah meureun ..tiasa miceun sampah di dieu...
|cannibal|
02-12-2002, 12:27 PM
oh.. kata temen saya klo dinalar sih juga gitu artinya... hehehe.. tapi sekarang di kampus anak2 malah pake kata manjing sbg kata ejekan.. hehehe.. manusia anjing ;D
resep euy maca kata2 sunda. da jarang atuh di internet teh.. atawa meuren sayah na weh nu males milari.. :D
heuheuyy deudeuh..! :D
Samara
02-12-2002, 07:28 PM
aya nya di internet.. ??
abdi mah hayang kamus online na mun aya
karateman
13-12-2002, 08:32 AM
Kapungkur mah aya kamus Sunda Online di http://www.lssitb.org/kamus mung hanjakal ayeuna tos teu online deui ....
karateman
13-12-2002, 09:07 AM
Eh..janten dobel posting..punten ah!
Samara
13-12-2002, 02:08 PM
aya deui nu sejen.. tapi sadayana teu tiasa dibuka :(
karateman
18-12-2002, 09:45 AM
Euh teu aya deui.....
karateman
20-02-2003, 04:12 PM
Punten diangkat deui ...
Wilujeng tepang deui saderek sadaya.
Hapunten sim kuring teh tapa heula nyampurnakeun elmu di talaga kahirupan, teu kabujeng neuleuman posting di sagara internet ...
Kumaha damang sadayana???
::bye::
naila
20-02-2003, 04:17 PM
alhamdulillah kang karate.. nuju tapa kanggo elmu naon ieu teh? :D
karateman
21-02-2003, 03:59 PM
eh..Neng Naila ...
Kumaha damang?
Henteu ngundang-ngundang yeuh ??;)
Padahal sering ka Bandung sim kuring teh ...
Wilujeng lah .....:)
Eh..puguh tapa elmu kahuripan...........
serenity
22-02-2003, 05:07 AM
Damang,
karate man, ngelmu naon deui yeuh? Ulah pipiluan sumanto nya?
ngaleeut daging wedus ..
grrr......
karateman
24-02-2003, 09:25 AM
Eh....aya Sere ....
Kumaha di Bali .... kahade aya Bom deui....
serenity
01-03-2003, 11:00 PM
Originally posted by karateman
Eh....aya Sere ....
teu aya bom deui tapi : aya sere..ha..sere... (baca: ase sere) :D
karateman
04-03-2003, 01:02 PM
Okeh....okeh...Neng Asa hare-hare ...
silverhammer
08-03-2003, 04:46 PM
Sampurassssuuunnn...
wilujeng tepang...
tos lami henteu ameng ka KG deui, geuningan tos aya topic basa sunda ...
mangga ah, lajengkeun...
karateman
17-03-2003, 01:57 PM
Rampes...
Mangga kalebet silverhammer
Tos lami topik basa Sunda mah ...
Sok atuh bilih bade nyarios Sunda ..naon wae lah...
silverhammer
20-03-2003, 04:17 PM
he he ... sabenerna mah teu acan aya piobroleun...
ieu mah itung-itung latian ngetik basa sunda, atuh da jarang aya tugas nu kedah diketik basa sunda... mun teu Bhs. Indo, pasti we Bhs. Inggris.... untung oge sanes basa Rusia! ngetikna kumaha, hurupna beda... :)
karateman
21-03-2003, 01:38 PM
Aeh leres atuh....teu nanaon..kitu oge..
Bilih bade ngawih, sisindiran, heureuy ...naon wae lah ngeunaan Sunda. Mangga geura ramekeun ieu porum..
Restless
22-03-2003, 07:02 AM
nuju nyarioskeun naon yeuh.. :D
karateman
24-03-2003, 09:55 AM
Nuju nyariaos asal nyeplak :D
Naon wae atuh...cobi lah nuju teu aya topik ieu teh..mangga diantos...
ZipADeeDooDa
24-03-2003, 07:46 PM
sampurasuunnn....
tolongin gue dong... gue kerja di daerah jawa barat, tapi gue belum bisa juga... udah mau 3 bulan nih... teu tiasa basa sunda ::nangis2::
hm.... sakedik2 mah terang... ::bentar::
silverhammer
25-03-2003, 12:39 PM
rampes....
Jawa Baratnya di sebelah mana Kang/Teh? Memang kalau hidup di "kota" (pengalaman pribadi), rada-rada sesah untuk memperdalam basa sunda, soalnya jarang ada kesempatan untuk latihan... di lingkungan saya, masyarakatnya sudah majemuk, jadi banyak sekali teman/tetangga yang dari luar Jabar... susah dong, kalo maksakeun ngomong basa Sunda dg mereka.
tapi ada caranya kok:
:) cari temen yg sehari2 lancar basa sunda, supaya bisa latihan ngomong (langkung sae upami seueur rerencanganana, jadi bisa mendengarkan mereka ngobrol lancar)
:) coba cari bahan bacaan. majalah Mangle mungkin... atau kalo mau, buku ajar Basa Sunda (Gapura Basa) buat anak sekolahan... :D
:) nonton Asep Show :D
:) jangan takut/bingung sama basa kasar/basa lemes, cobain aja dulu, nanti kalo salah nggak akan ada yang ngegigit kok.
(da urang Sunda mah balalageur... :D :D )
ZipADeeDooDa
28-03-2003, 08:23 AM
di daerah Cianjur atuh Kang/Teh..:) basa Sundana didieu lemes nya? Dimana ya bisa dapte buu belajar basa Sunda buat anak sekolahan? Nuhun.....
silverhammer
28-03-2003, 04:20 PM
Buku Basa Sunda teh judulnya "Gapura Basa", penerbit Geger Sunten (Jl. Setiabudi, Bandung). Harusnya mah di toko2 buku standar juga ada, soalnya masih jadi buku wajib di sakolaan.
Ada lagi buku yang menarik: "Peperenian", terbitan Geger Sunten oge. Isinya macem2, aya conto2 paribasa, babasan, sisindiran, pupuh.... Terbitan lama sih, tapi mudah2an masih ada di toko buku.
karateman
01-04-2003, 09:42 AM
Gapura Basa masih dianggo ???? walah ti jaman baheula atuh nya ....tos lami tah buku dianggo keneh oge ....hebat lah..
Upami bade diajar basa Sunda..tiasa sering2 ngiring ngobrol di milis Sunda di yahoogroups : kisunda jeung urangsunda.
Restless
01-04-2003, 10:29 AM
aduh... jaman smp pisann eta mah asana teh da... ;)
ZipADeeDooDa
06-04-2003, 10:05 AM
teu aya ' Gapura basa', ayana 'Piwulang Basa' kanggo SD.. nuhunnya... :)
Kiriko Yabe
22-04-2003, 02:06 PM
punten ngiring ngalangkung
aya naon ieu teh meni rame?
raresep pisan nguping anu nyarios sunda teh. meni asa halimpu na hate :P
silverhammer
26-04-2003, 12:21 PM
he he, halimpu... jadi ge er.
Linggih heula atuh, Kiriko!
mang jami
26-04-2003, 02:57 PM
President Megawati angkat ka Bogor bade meser jeruk.
itu kalimat pertamaku dalam bahasa sunda ...
::luthu::::ngoceh::::luthu::
karateman
28-04-2003, 09:06 AM
Aeh Mang Jami....moal enya Bu Mega ke Bogor bade meser jeruk??? Meser Sukhoi panginten ka Rusia :D
Ari Neng Misti kamana nya???
mang jami
28-04-2003, 12:37 PM
Neng Misty-na di bandung, mang ...
Abdi mah sorangan wae di-dieu, di jakarta
mang jami
28-04-2003, 12:37 PM
Neng Misty-na di bandung, mang ...
Abdi mah sorangan wae di-dieu, di jakarta
Kiriko Yabe
29-04-2003, 03:27 PM
ah bade singgah heula sakedap
aya susuguh naon atuh, kang?
karateman
29-04-2003, 04:34 PM
Originally posted by mang jami
Neng Misty-na di bandung, mang ...
Abdi mah sorangan wae di-dieu, di jakarta
oh kitu Mang Jami...manawi teh kamana....
mang jami
01-05-2003, 04:29 PM
Originally posted by karateman
oh kitu Mang Jami...manawi teh kamana....
teu ngarti ...
Restless
01-05-2003, 07:14 PM
sugan teh dimana panginten kang.... hehe..
jogoboyo
02-05-2003, 04:42 PM
kumaha kabarna karateman....tos lila abdi teu kadieu..euy!
karateman
05-05-2003, 01:23 PM
Halow Mas ..kamana sajah? Jiga nu sibuk wae ....
Ka Mang jami (terjemahan):
oh begitu Mang Jami...Kirain kemana....
ringostar
10-05-2003, 12:47 PM
deuh gening tos 668 reply na
ka sadayana kumaha daramang :D ?
Restless
17-05-2003, 07:50 AM
damang.. sawangsulna kumaha ?? :D
karateman
21-05-2003, 02:17 PM
Damang...damang......pokona damang ;)
Wilujeng tepang di tatar Sunda ka para saderek nu nembe sumping ka tempat ieu...
Mangga nu bade ngadu bako....dihaturanan
Restless
26-05-2003, 10:24 AM
ngadu bako teh naon 'nyak? ;p
karateman
26-05-2003, 10:57 AM
Ngadu bako teh hartina ngobrol bebas ......
Pan cenah ari jaman baheula mah lamun ngobrol teh sok kurang apdol lamun teu dibaturan ku ngaroko pake bako tea......atuh pas ti kelepus udud ........ngobrolna tiasa tambah rame....
Cenah eta oge........::bentar::
Restless
28-05-2003, 12:36 PM
oh kitu nyak'....
karateman
04-06-2003, 03:30 PM
sumuhunnn....leres..leres...
bananaboat
06-06-2003, 11:22 PM
wilujeung sumping sadayana, parunteun abdi bade ngaliwat
bananaboat
06-06-2003, 11:23 PM
wilujeung sumping sadayana
bananaboat
06-06-2003, 11:24 PM
wilujeung sumping sadayana
karateman
09-06-2003, 08:16 AM
Mangga dihaturanan :)
Sok atuh ramekeun porum Sunda ieu..
Restless
13-06-2003, 09:34 AM
kamarana atuh iyeu teh.. sepi wae... :D
JazzKemben
20-06-2003, 01:57 PM
nyanyi aaah..
Jaleuleu ja
tulak tujaeman gog
sereh leuweung bay
jambe kolot bug
ucing katinggang songsong ngek! :D
karateman
26-06-2003, 02:56 PM
Tah kitu..ramekeun ...
Punten lah Akang teh tos tapa heula.....
Restless
27-06-2003, 12:56 PM
tapa dimana kang ? :P
karateman
02-07-2003, 09:19 PM
Di Gunung .....::keyen::
silverhammer
12-07-2003, 04:21 PM
Euleuh, tapa di gunung...
sugan teh tapa di Indramayu, sasarengan jeung kontingen karate Bogor di Porda... :D
karateman
14-07-2003, 10:02 AM
His.....puguh oge ari nu tapa mah tos henteu ngurus urusan duniawi model kitu .....
He..he.....keun wae lah barudax nu ka Indramayu mah .........geus teu jaman Abah mah .....
Restless
17-07-2003, 10:53 AM
iraha tah ka indramayu teh...
karateman
17-07-2003, 11:03 AM
Ah...porda na oge atos beres....
Tingali wae di dieu http://www.konijabar.org/porda9/
eldhy
26-07-2003, 01:48 PM
punten...
tiasa teu simkuring ngiringan...
nepangkeun atuh...:D
karateman
28-07-2003, 04:06 PM
Mangga wae.....
Haturan Kang.....
eldhy
31-07-2003, 08:08 PM
dimana ari akang linggihna?
leres teu bahasa abdi::bentar:: ?
karateman
01-08-2003, 10:37 AM
Kuring linggih di kota hujan Kang...
Ari akang dimana?
Leres Kang...mangga lajengkeun....
eldhy
01-08-2003, 06:24 PM
kuring mah di kota kembang..
ari didinya parantos rengse sakola?
karateman
04-08-2003, 10:22 AM
he..he...tos damel Kang.....
Masih sakola???
eldhy
05-08-2003, 05:14 PM
leres, kang..
kaleresan nuju libur ieu teh:)
karateman
06-08-2003, 02:29 PM
Wilujeng libur .....:) :)
rozzwin
23-11-2003, 03:46 PM
threadnya uda ada belum ya?
gue ga bisa ngomong sunda sih.
tapi pengen belajar...
dimana ada kamusnya ya? ::bentar::
lupita
23-11-2003, 08:08 PM
di gramed/toko2 buku banyak kok
cari aja
yukishiro_enishi
23-11-2003, 09:14 PM
mau diajarin ga ??? :D
gua bisa loh cuma yg kasar doank :D
rozzwin
27-11-2003, 10:31 AM
hrmmm..
yang kasar juga ga papa deh. :D
yukishiro_enishi
27-11-2003, 12:20 PM
nih
AIng = saya
sia = kamu
abus = masuk
kehed = sampah/artinya = bajingan :D
segitu dulu deh
:D
eki_mailbox
27-11-2003, 06:48 PM
Atos aya kapungkur teh, ngan duka atuh ayeuna mah, tara ameng ka forum bahasa deui, dinten iyeu weh nyobian deui...
Ini juga bahasanya rada2 kacau ^ ^' Teu tiasa anu lemes...
S|mply Idiot
28-11-2003, 08:36 PM
yahh itu apa tuh artinya? enteu ngarti euyyy
yukishiro_enishi
28-11-2003, 09:04 PM
sama
yg lemes malah ga tau sama sekali :D
eki_mailbox
29-11-2003, 06:55 PM
Originally posted by eki_mailbox
Atos aya kapungkur teh, ngan duka atuh ayeuna mah, tara ameng ka forum bahasa deui, dinten iyeu weh nyobian deui...
artinya...
Dulu udah ada, tapi tau' deh sekarang, nggak pernah main ke forum bahasa lagih, cuman hari ini aja nyobain lagih...
Udah ada kok, aku masih inget, yg suka ngisiin tuh... Yg nick-nya Karate... Karate... Mmm... Lupa, yg pasti ada karate-nya. Soalnya forum bahasa Sunda pernah rencanain ampe mo gathering-an segala, meski akhirnya... ^ ^'
Pyurio
29-11-2003, 07:02 PM
Buku pelajaran bahasa sunda gitu masih ada gak sih sekarang ini ?
Arthurus
29-11-2003, 07:15 PM
Originally posted by eki_mailbox
artinya...
Dulu udah ada, tapi tau' deh sekarang, nggak pernah main ke forum bahasa lagih, cuman hari ini aja nyobain lagih...
Udah ada kok, aku masih inget, yg suka ngisiin tuh... Yg nick-nya Karate... Karate... Mmm... Lupa, yg pasti ada karate-nya. Soalnya forum bahasa Sunda pernah rencanain ampe mo gathering-an segala, meski akhirnya... ^ ^'
kang Karateman BKC Bogor
kamana wae teh kang Karateman, tara narojol euy :D
S|mply Idiot
29-11-2003, 11:36 PM
aing poho semua bahasa sunda
silverhammer
02-12-2003, 11:58 PM
Kalo dulu mah, akang karateman yang jadi kuncen (=penjaga) thread basa sunda, cuman nggak tahu skrg si akang kemana...
bade diteraskeun wae thread basa sunda teh? Hayu atuh![deal]
silverhammer
03-12-2003, 12:02 AM
Originally posted by Pyurio
Buku pelajaran bahasa sunda gitu masih ada gak sih sekarang ini ?
Buku pelajaran mah seueur keneh (= masih banyak) di toko buku kyk gramed, terutama kalo lo ada di jawa barat. Nggak tau ya, kalo di Jkt atawa di kota laen ada apa nggak.
new flair
03-12-2003, 11:24 AM
abdi teu tiasa basa sunda ...
ceurik wae ah ...
silverhammer
03-12-2003, 06:33 PM
Originally posted by buffaloman
abdi teu tiasa basa sunda ...
ceurik wae ah ...
eta geuningan tiasa... tong ceurik atuh, di sini mah gak papa kalo basa sunda-na masih terbata-bata, nanti jg pasti ada yg ngebenerin...
Arthurus
03-12-2003, 09:09 PM
namanya juga belajar, yg udah bisa ngajarin yg belum bisa/lancar jiga urang :D
Kalau ga salah ada website kamus basa sunda, tapi gw lupa tuh alamatnya
new flair
04-12-2003, 08:40 AM
kamari peuting haram bangsat aya jadah
bakating kusieun, jendela luncat ka abdi
pas diluar, kuring ngincak lengen segede tai
pas dibau, ambeeeeee ...
::bye::
silverhammer
05-12-2003, 04:03 PM
Geus pada asup thread urutan huruf acan?
Tah, posting di luhur teh ampir sarua jeung eta, tapi ieu mah urutan kecap. Sanajan kecapna dibolak-balik oge, angger we nu sejen pada ngarti...
walaupun artinya garing... :D
eki_mailbox
08-12-2003, 08:34 AM
Sodaraku khan emang kebanyakan Sunda semuah, kalo aku kebetulan nerima telepon, terus ngobrolnya pake bahasa Sunda, kadang2 suka berhenti ditengah jalan, mikir agak lamaan, mmm..., soalnya...
Ada satu dua kata yg aku sama sekali lupa bahasa Sundanya apa :D Kepaksa deh, bahasa Indonesia lagih...
Kayak,
"Iraha angkatna?"
"Engke ... (maksudnya mo bilang malem, tapi aku lupa bahasa Sundanya), engke malem..."
Khan jadi aneh, teu pararuguh ^ ^'
Harusnya khan, "Engke wengi..."
new flair
08-12-2003, 08:37 AM
garing teu nanaon ...
huheuhuehuheuhe ...
::bye::
silverhammer
08-12-2003, 11:36 AM
Originally posted by eki_mailbox
Sodaraku khan emang kebanyakan Sunda semuah, kalo aku kebetulan nerima telepon, terus ngobrolnya pake bahasa Sunda, kadang2 suka berhenti ditengah jalan, mikir agak lamaan, mmm..., soalnya...
Ada satu dua kata yg aku sama sekali lupa bahasa Sundanya apa :D Kepaksa deh, bahasa Indonesia lagih...
Kayak,
"Iraha angkatna?"
"Engke ... (maksudnya mo bilang malem, tapi aku lupa bahasa Sundanya), engke malem..."
Khan jadi aneh, teu pararuguh ^ ^'
Harusnya khan, "Engke wengi..."
sami, abdi oge kitu. Kadang-kadang patukeur, antara basa lemes dan basa kasar, jadi malu udahnya... ;D
eyefromher
08-12-2003, 12:23 PM
Originally posted by buffaloman
abdi teu tiasa basa sunda ...
ceurik wae ah ...
tong ceurik.....abdi milu ceurik....:D :D
karateman
09-12-2003, 01:57 PM
Aya nu naroskeun perkawis basa Sunda...
Sok lah ditaekeun deui...
Hapunten tos lami teuing ngantunkeun ieu porum.....kumargi sim kuring teh tugasna ayeuna mah ka luar kota wae....
Wilujeng tepang ka sadayana ....
::bye::
karateman
09-12-2003, 02:00 PM
Originally posted by Arthurus
kang Karateman BKC Bogor
kamana wae teh kang Karateman, tara narojol euy :D
Ah....punten sim kuring nembe tiasa ngiringan deui......
Wilujeng tepang ka sadayana .......
silverhammer
09-12-2003, 11:08 PM
Aeh, ieu geuningan si akang teh. Tos lami diaantos ku sadayana...
sukses tugas ka luar kota teh kang?
Mod, kumaha yeuh? mo digabung aja thread-nya?
new flair
10-12-2003, 08:38 AM
wilujeng iedul pitri
ari abdi ti kota kembang
::bye::
new flair
10-12-2003, 08:41 AM
kuring oge nembe tiasa ngiringan forum ieu ...
wilujeng tepang ope ka sadayana ...
::bye::
karateman
10-12-2003, 09:09 AM
He...he..lumayan lah.....
Soklah aya topik naon yeuh nu haneut2.......fresh from oven!
new flair
10-12-2003, 05:20 PM
iyeu ...
ari di bandung meser naon nya ...???
www.ulahpeuyeumdeui.co.uk
eki_mailbox
12-12-2003, 04:15 PM
Eleuh2... Geuningan patepang deui, jeung barudak basa Sunda :D
Di Bandung mah, bosen atuh mun jajan wae mah, pusing yeuh geus pinuh ku mall...
Mun ka Bandung mah, enakna ameng ka Lembang ngangge sapedah :)
silverhammer
13-12-2003, 12:22 AM
Originally posted by eki_mailbox
Eleuh2... Geuningan patepang deui, jeung barudak basa Sunda :D
Di Bandung mah, bosen atuh mun jajan wae mah, pusing yeuh geus pinuh ku mall...
Mun ka Bandung mah, enakna ameng ka Lembang ngangge sapedah :)
atlet, sugan...:D
teu kuat nanjakna, urang mah. Balikna mah rada lumayan, da mudun...[motor2]
dombret
13-12-2003, 06:58 PM
nepangkeun ka [KG] saparakanca... abdi di jkt... nembe terang aya pacariosan sunda di dideu...
silverhammer
15-12-2003, 12:13 AM
::bye:: nepangkeun...
karateman
15-12-2003, 09:08 AM
Ah...rame ayeuna mah...
Wilujeng tepang deui ka sadayana ....ah
Kang Eki damang???
Kuring aya bahan obrolkeuneun yeuh....
PERKARA KAWIN SUNDA-JAWA....
Cenah mah pantangan eta teh.....komo upami lalaki Sunda ..istri Jawa.....matak tara beres cenah...
Leres kitu ???
Geura baca di dieu (http://www.urang-sunda.or.id/pksj_manar.htm)
Sok lah upama aya pengalaman pribadi geura kaluarkeun...:)
dombret
15-12-2003, 10:42 AM
kumaha atuh ayeuna, sok aya pacariosan naon yeuh?
dombret
15-12-2003, 10:55 AM
Yeuh... sayah mah sok heran ka mahasiswi atanapi ka pelajar istri, sok tara ngangge basa sunda.... padahal anjeuna teh urang sunda, ari pameget mah hampir sadayana ngarangge basa sunda, iwal nu teu tiasaeun nyarios sunda, kunaon nyak? nyarios sunda teh da sanes kampung atuh...
karateman
15-12-2003, 11:49 AM
Ngomentaran kang Dombret heula :
Eh kasus dimana eta teh kang?
Bandung kituh? Tos gengsi nya nganggo basa Sunda teh?
Kurang gaul panginten upami ngago basa Sunda mah ...hoyong teh nganggo basa Batawi wae panginten...
Tapi gumantung tempatna ...jigana di Tasik, Ciamis, Garut, Sumedang & Cianjur mah teu kitu...
Ari di Bogor mah ...Sundana kasar..janten ...mening nanggo basa Indonesia wae lah.....jadi males ...
dombret
15-12-2003, 12:07 PM
Originally posted by karateman
Ngomentaran kang Dombret heula :
Eh kasus dimana eta teh kang?
Bandung kituh? Tos gengsi nya nganggo basa Sunda teh?
Kurang gaul panginten upami ngago basa Sunda mah ...hoyong teh nganggo basa Batawi wae panginten...
Tapi gumantung tempatna ...jigana di Tasik, Ciamis, Garut, Sumedang & Cianjur mah teu kitu...
Ari di Bogor mah ...Sundana kasar..janten ...mening nanggo basa Indonesia wae lah.....jadi males ...
eh enya... eta teh di bandung... ngisinkeun pisan ... abdi mah sok ngewa ka nu osok be-betawian ... padahal mah anjeunna teh sunda buhun...
basa sunda teh 'KEREN' kumaha yeuh rerencangan anu di DAMAS... abdi ge sanes urang sunda (tapi tos langkung ti 20 taun di tatar sunda ieu) janten sok aya anu salah kecap ... nyaa neda dihapunten we...
upami nyarios lemes teh sok karagok, teu terang undak usuk basa na atanapi 'kosa kata' na sakedik...
uhuuuuuy...
karateman
15-12-2003, 03:47 PM
Waah kitu nya.....
Padahal ari kuring ka Bandung teh sok asa feeling at home ......resep pisan....basa Sunda di Bandung sok kaanggo dina bahasa pergaulan..misal lamun naek angkutan umum, balanja ..masih keneh kaanggo basa Sunda teh.....
dombret
15-12-2003, 07:33 PM
Originally posted by karateman
Waah kitu nya.....
Padahal ari kuring ka Bandung teh sok asa feeling at home ......resep pisan....basa Sunda di Bandung sok kaanggo dina bahasa pergaulan..misal lamun naek angkutan umum, balanja ..masih keneh kaanggo basa Sunda teh.....
nya sae pami kitu mah... ieu mah pangalaman abdi basa di sma sareng kuliah... meni ngewa teh nguping aya urang sunda anu be-betawian... eluh sama guah.... beu !!!
karateman
16-12-2003, 01:23 PM
He..he...pasti lah Kang ....
Upami aya urang Sunda di puseur dayeuh Sunda ngobrol make basa Betawi ....asana teu pararantes......
silverhammer
16-12-2003, 04:36 PM
Originally posted by dombret
nya sae pami kitu mah... ieu mah pangalaman abdi basa di sma sareng kuliah... meni ngewa teh nguping aya urang sunda anu be-betawian... eluh sama guah.... beu !!!
asa kasindir... ;D da abdi oge osok kitu... lo ama gw... ;D
tapi kumaha situasi ketang, atuda rerencangan seueur anu ti luar Sunda. Upami sareng URBANA (Urang Bandung Asli) nu sejen mah, lancar basa Sunda-na...
dombret
16-12-2003, 04:54 PM
Originally posted by silverhammer
asa kasindir... ;D da abdi oge osok kitu... lo ama gw... ;D
tapi kumaha situasi ketang, atuda rerencangan seueur anu ti luar Sunda. Upami sareng URBANA (Urang Bandung Asli) nu sejen mah, lancar basa Sunda-na...
hehehe... benten deuih.... "loe gue" sareng "eluh guah", seuseueurna kakuping mah "eluh guah" hahuahuehuheuh ...
silverhammer
17-12-2003, 03:30 PM
Originally posted by dombret
hehehe... benten deuih.... "loe gue" sareng "eluh guah", seuseueurna kakuping mah "eluh guah" hahuahuehuheuh ...
heueu oge nya... jadi kagok atuh "eluh guah" mah. Da aslina pan "lo gue".
Jadi... batawi sanes, Sunda komo...;p
osmanovsky
30-12-2003, 10:37 PM
BARAYAAAAAA... nepangkeun sim kuring pituin urang SUMEDANG
punten ah nembe jol ;p
hayu atuh... rame keun deui ieu porum,dina raraga mayunan taun anyar sok ku sayah dibalakan (dasar tukang gapleh ;D)
meh marema deui, kituh
karateman
31-12-2003, 10:15 AM
Hatur nuhun Kang...
Asa rame yeuh aya urang Sumedang ....sok lah Kang diantosan kiriman tahuna.....:D
new flair
31-12-2003, 12:42 PM
Originally posted by osmanovsky
taun anyar sok ku sayah dibalakan (dasar tukang gapleh ;D)
meh marema deui, kituh
balakna balak sabaraha atuh kang?
::bye::
osmanovsky
01-01-2004, 10:11 AM
biasa weh balak geunep :::|:::
o-te kedik:
euleuh eta "tukang ngangon munding" angkatan 2000 tacan gaduh apatar ;D ::heureuy::
dombret
01-01-2004, 03:18 PM
Originally posted by osmanovsky
biasa weh balak geunep :::|:::
o-te kedik:
euleuh eta "tukang ngangon munding" angkatan 2000 tacan gaduh apatar ;D ::heureuy::
euh dasar osmanovsky... kuliah sing bener tong ka [KG] wae atuh... make ngajakan gapleh sagala....
dombret
01-01-2004, 03:26 PM
emang sok maraen dimana? heuheuhueuehu maen kartu kanggo nu kuliah emang resep sih..... heheheheh
new flair
02-01-2004, 10:16 AM
Originally posted by dombret
euh dasar osmanovsky... kuliah sing bener tong ka [KG] wae atuh... make ngajakan gapleh sagala....
henteu nanaon atuh kang ... napkah ieu ... napkah ...
::useless::
dombret
02-01-2004, 11:20 AM
Originally posted by buffaloman
henteu nanaon atuh kang ... napkah ieu ... napkah ...
::useless::
eta geura nyak.... harom eta mah harooom
new flair
02-01-2004, 01:59 PM
anu harom tah pas di akhirat.
upami di dunia mah ... hayuh ...
::bye::
karateman
02-01-2004, 03:51 PM
Yeh..ari barudax teh ..kalahka ribut masalah judi...
Ceuk Kak Roma oge judi teh meracuni keimanan ......
vBulletin® v3.7.0, Copyright ©2000-2009, Jelsoft Enterprises Ltd.