PDA

View Full Version : Sunda Euy !!!


Halaman : 1 2 3 4 [5] 6 7 8 9 10

eki_mailbox
16-07-2004, 06:53 PM
Jigana mah atosan. Kamari mah, ojeg weh nu marema, jiga taksi wae ^ ^'

dombret
17-07-2004, 10:23 AM
wuah... maenya tukang ojeg ???? waduuuuh coba uing ka bdg nyak ??? ngojeg... /heh
pasti mesakan duit sagepok ti bandung... ;D

B@LaQutaX
18-07-2004, 02:12 AM
nyak laku pisan ojeg../ no1

dombret
18-07-2004, 03:07 AM
cenah jalan2 di bandung ge seueur nu di robih nyak ???
kumaha tah ???

B@LaQutaX
18-07-2004, 02:08 PM
teu kabeh bret...!!!

Jack cadel
19-07-2004, 12:45 PM
punten nya, milun meunang henteu (sori bhs sundana rada pabalatak, soalna kuring kurang bisa bhs sunda lemeus)

telur
19-07-2004, 04:25 PM
kitu? sami abdi oge jang ;D

B@LaQutaX
19-07-2004, 04:44 PM
teu nananon lah ... uing oge ... teu lancar .. nu penting mah Sunda Jaya... !!! /no1

Jack cadel
19-07-2004, 04:56 PM
hidup Persib..

dombret
19-07-2004, 05:52 PM
Originally posted by Jack cadel
hidup Persib..
Jack naha nteu cadel... kuduna kan Hidup Pelsib... /heh

eki_mailbox
19-07-2004, 08:02 PM
Eleuh, eleuh, aya bobotoh geuningan...

dombret
19-07-2004, 09:20 PM
Taaaaah.. paling sebel lamun ningali bobotoh PERSIB lamun eleh...
sok ngaruksak.... !!! :o
Teu uyahan pisan !!!

Jack cadel
20-07-2004, 09:12 AM
saya mah nontona dina tivi lamun di stadion mah sieun, saya mah cinta damai

enya nya kuduna saya ngomongna 'hidup pelsib'

eyefromher
20-07-2004, 08:30 PM
Originally posted by dombret

eyefromher, kumaha email teh ??? aya teu ???

punten sadayana !!!!
tos lami teu kadieu,abdi karek ti luar kota...:D :D diditu teu aya [KG] :( :(

kang dombret: emailna tos ditinggal :) :)
isinya mengezutkan ::sebel:: ::sebel::

eyefromher
20-07-2004, 08:33 PM
Originally posted by Jack cadel
hidup Persib..
mun urang...!!!
HIDUP TIMNAS INDONESIA....

dombret
21-07-2004, 09:48 AM
Originally posted by eyefromher
punten sadayana !!!!
tos lami teu kadieu,abdi karek ti luar kota...:D :D diditu teu aya [KG] :( :(

kang dombret: emailna tos ditinggal :) :)
isinya mengezutkan ::sebel:: ::sebel::
wah ma enyak ??? cikan urang tingali heula...
soalna jarang muka email sih... sering na mah muka PM ... /gg

B@LaQutaX
22-07-2004, 11:39 PM
Naon euy anu mengezut keun teh ..? Uing ge hayang atuh .. euuyy ....!!!! bagi- bagi atuh..[peace]

eki_mailbox
23-07-2004, 07:25 AM
Yeuh, barudak, ulah hilap salaku urang Sunda, urang kudu ngelestarikeun kabudayaan urang ;p

Eh, serius iyeu teh, na teu percanten kitu?

Abdi mah cinta lah sareng kabudayaan Sunda mah. Komo kanu namina musik Kacapi Suling. Eta jenis kasenian teh upami didangukeun aduh... mawa naonnya kahate teh? Sejuk pisan...

yanz
23-07-2004, 07:38 AM
sami lah sayah oge.. :D ngan hanjakal lamun ngadangukeun lagu2 sunda teh mun upami aya hajatan wae.. :D

dombret
23-07-2004, 09:00 AM
Originally posted by B@LaQutaX
Naon euy anu mengezut keun teh ..? Uing ge hayang atuh .. euuyy ....!!!! bagi- bagi atuh..[peace]
tapi acan kapanggih da email na ... poho deui email nu mana /gg

eyefromher : pls email deui sakali deui.... anu dombrerot atawa anu dombreto ????

kang eki : B@LaQutaX gaduheun tembang sekar damas... enakeun...

"kleu....ng angkleung angkleungaaaaan.... "
"ngangkleu...ng di tengah sagaraaaaaa.... " :D

Jay-El
23-07-2004, 12:59 PM
sok laaah pupuh kinanti yeuh...

Budak leutik bisa ngapuuungg.....

Jack cadel
23-07-2004, 01:44 PM
peuyeum bandung kamasyur euy....

telur
23-07-2004, 03:03 PM
ngomong naon seh?

B@LaQutaX
23-07-2004, 03:06 PM
ah .. ayeuna mah peyeum na ge geus teu legit deui ... del ../heh

silverhammer
23-07-2004, 11:48 PM
cocokna mah, beuleum peuyeum dibarengkeun sareng ngadangukeun kacapi suling... nikmat kana patuangan, nikmat kana cepil, nikmat kana hate... :)

btw, posting ka sarebu euy!

yanz
24-07-2004, 09:27 AM
peuyeum bandung bisa ngapung..?? :D

yanz
24-07-2004, 09:31 AM
Originally posted by silverhammer
cocokna mah, beuleum peuyeum dibarengkeun sareng ngadangukeun kacapi suling... nikmat kana patuangan, nikmat kana cepil, nikmat kana hate... :)

btw, posting ka sarebu euy!

beuleum peyeum pake saos gula tea nya? :D naon sih namina, hilap deui..

dombret
24-07-2004, 11:44 AM
Originally posted by yanz
beuleum peyeum pake saos gula tea nya? :D naon sih namina, hilap deui..
colenak ??? asanamah eta da ... :D

Jack cadel
24-07-2004, 12:19 PM
laina hot dog atawa hamburger?

dombret
24-07-2004, 01:10 PM
wueheheehhehe.... naon eta ??? hotdog jeung hamburger teh naon sih ???? /gg

eyefromher
24-07-2004, 02:35 PM
hot....dog....!!!!
atawa hot cat.
jigana ngeunahan nya' :D :D
aya nu hoyong..!!!! ::kabur::

dombret
24-07-2004, 02:41 PM
eyefromher... gening email teh teu aya ... numana sih... ??? ::bentar:: dombrerotot@yahoo.com.. :D

diedit ah.... /heh

eyefromher
24-07-2004, 03:10 PM
tos urang kirim deui.
ka dombreto jeung dombrerot...

eki_mailbox
24-07-2004, 06:58 PM
Originally posted by yanz
sami lah sayah oge.. :D ngan hanjakal lamun ngadangukeun lagu2 sunda teh mun upami aya hajatan wae.. :D

Kacapi suling tea pan maksadna? Muhun atuh eta mah, kedah, wajib ah mun ngakuna urang Sunda mah. Kade weh, ulah digantian ku organ tunggal tea :D Nembong2 keun bujur.

Aduh, sakedap deui, 17 Belasan yeuh, mun teu wayang tah eta, dangdutan!

Mun lagu2 pop mah ingetna ka Doel Sumbang, osok ngadangukeun lagu2na? Basa kapungkur mah osok. Inget nu jaman baheula tea, meuni nga-hits, judulna teh mun teu lepat mah "Ai". Bareto teh, simkuring keur di SD keneh... :D

eki_mailbox
24-07-2004, 07:01 PM
Originally posted by dombret kang eki : B@LaQutaX gaduheun tembang sekar damas... enakeun...

"kleu....ng angkleung angkleungaaaaan.... "
"ngangkleu...ng di tengah sagaraaaaaa.... " :D

Yeuh simkuring mah inget keneh, basa diajar di SD... :o

Bandung... Bandung... Bandung nelah Kota Kembang...
Di lingkung gunung, pinuh kutangtung,

nananana... hilap deui :D

Jack cadel
26-07-2004, 03:28 PM
teu honcewang sumoreang tekadna pahlawan bangsa..

dombret
26-07-2004, 03:58 PM
cadu munduuur... pantrang mulang... tekadna pahlawan bangsa...

Jay-El
27-07-2004, 07:43 AM
salah kang!!

Cadu mundur... pantrang mulang... mun maksud t'acan laksanaaaa!!!

Berjuang keur lemah cai....

Jack cadel
27-07-2004, 09:14 AM
lari rabi tur tegang pati

dombret
27-07-2004, 10:07 AM
taya basa menta pangmulang tarima
ikhlas, rido ...

Originally posted by Jay-El
salah kang!!

Cadu mundur... pantrang mulang... mun maksud t'acan laksanaaaa!!!

Berjuang keur lemah cai....
wueheheheh sumuhun, duh punten.. punten...

silverhammer
27-07-2004, 04:08 PM
Originally posted by dombret
taya basa menta pangmulang tarima
ikhlas, rido ...


terusna kumaha sih? poho euy... ;D

dombret
27-07-2004, 04:11 PM
keur korban merdeka !!!
kitu lain ???? ;D

silverhammer
27-07-2004, 04:29 PM
enya meureun... Karatagan Pahlawan teh dipake ujian Kesenian basa urang SMP. Baheula ujianana gagal... pokona mah goreng we hasilna. Hese soalna laguna... jadi rada "dendam" euy.

dombret
27-07-2004, 04:58 PM
masih mending ari lagu eta hungkul mah...
urang basa smp mah dititah nembangkeun pupuh ...
ayeuna mah geus paroho deui sih...

aya anu kinanti oge, tapi pupuh na di modip. jadi carita...
trus di jadikeun tugas kelompok, ngalakonkeun eusi carita nu aya di pupuh eta... :D

Jay-El
27-07-2004, 10:05 PM
kinanti?? anu budak leutik bisa ngapung tea??

dombret
28-07-2004, 09:08 AM
Budak Leutik Bisa Ngapung
Babakung ngapung na peuting
Ngalayang Kakalayangan
Neangan nu amis - amis :D

Jack cadel
28-07-2004, 09:40 AM
Originally posted by dombret
Budak Leutik Bisa Ngapung
Babakung ngapung na peuting
Ngalayang Kakalayangan
Neangan nu amis - amis :D

ari abdi mah neangan nu geulis geulis

dombret
28-07-2004, 10:21 AM
Jack Cadel Kasarung atuh eta mah... ::ngakak::

Jack cadel
28-07-2004, 12:47 PM
mereun oge nya ::ngakak::

telur
29-07-2004, 01:57 PM
eta ngomong jiga kentut wae :D

::kabur::

silverhammer
29-07-2004, 02:21 PM
Originally posted by Jack cadel
ari abdi mah neangan nu geulis geulis

::ngakak::
bener euy, kalong jaman ayeuna mah pada neangan nu gareulis... tapi nu geulis can tangtu amis.

Jack cadel
29-07-2004, 04:08 PM
ari si teler mah neangan nu kasep kasep

dombret
29-07-2004, 04:26 PM
Originally posted by Jack cadel
ari si teler mah neangan nu kasep kasep
bener pisan jack... ngomong na ge bari balelol keneh... /heh

B@LaQutaX
29-07-2004, 05:03 PM
aya naon sehh.. ?
eta si cadel avatar na mani pasrah kitu .. /heh

Jack cadel
29-07-2004, 05:06 PM
didinya berminat nya..

dombret
29-07-2004, 05:24 PM
Originally posted by Jack cadel
didinya berminat nya..
jigana si B@LaQutaX hayangeun...

deudeuh teuing B@LaQutaX, resep ka nukitu... /heh
bere we jack no henpun awewe eta ka si B@LaQutaX /gg

Jack cadel
29-07-2004, 05:35 PM
nu ieu we, nya:

B@LaQutaX, ieu keur ente, saya mah iklas merena

dombret
29-07-2004, 06:16 PM
jack... ente kumaha seh ??? ;( gambar nini nini eta meni jadi kokojo... gubrag pisannnnnnnnnnnnnn [pusing2]

eta gambar nini anteh lain ???? /heh

Jay-El
30-07-2004, 08:19 AM
Eleeeeeeeeeh Kang Dombret....

geuning apal keneh eeeeeeuy kinantina

Hebaaaaaaaaaaaaaaaattt hebaat

dombret
30-07-2004, 09:45 AM
wueheheheh El, nya kitu weh... eta hungkul nu apal mah, ari sabangsa sinom, magatru, asmarandana, jeung sajabana mah teu arapal... :D

Jay-El
30-07-2004, 01:05 PM
mun masku bambang kumaha kang?

dombret
30-07-2004, 01:11 PM
mas bambang ??? duh duka nya teu terang... ???? /?
emang si mas bambang teh calikna di mana ??? /heh

B@LaQutaX
30-07-2004, 01:42 PM
/omg .... MMMMMMMM BBBUUUNGGGGGG ... Bell ...!!!


Gelo maneh Siah Bret ...
tos teu kedah repot-repot del ... ahh.. .. nuhu tawaranana anu .. nyiuen iyeu hate uing jadi AMBEX's ... /heh

dombret
30-07-2004, 02:23 PM
iyeu aya pupuh asmarandana

Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada := 7 padalisan.

Eling eling masing eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan :D

dombret
30-07-2004, 02:27 PM
Pupuh : Maskumambang

Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan

Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana

Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula

Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean

Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan

dombret
30-07-2004, 02:29 PM
Originally posted by B@LaQutaX
/omg .... MMMMMMMM BBBUUUNGGGGGG ... Bell ...!!!


Gelo maneh Siah Bret ...
tos teu kedah repot-repot del ... ahh.. .. nuhu tawaranana anu .. nyiuen iyeu hate uing jadi AMBEX's ... /heh
ente mun deukeut jeung nini anteh bisa ngapung ka bulan deuih...
ngke bisa panggih jeung nini carlina ... wacaawwww... !!! /gg

dombret
30-07-2004, 02:45 PM
yeuh aya sisindiran...

Sukaraja Pinangraja
Kotamanggu Karayunan
Aya Randa manggih bagja
Dipangku dicariuman

rincik rincang rincik rincang
badeot jalan kadayeuh
sidik pisan sidik pisan
di korowot beuteungna bareuh

Meulak jaer tinakeusik.
di turuban daun kalapa
tong beuger tileuleutik
ngahesekeun indung.bapa........

sumangga.... ;p

dombret
30-07-2004, 02:51 PM
wuehehehehhe cikan... ieu aya deui...

kini-kini kuang kuang
ngala getok sisi pager
nini nini hayang tuang
di bekok sakali jengker

B@LaQutaX
30-07-2004, 03:07 PM
baeda lah ari urang cipanas mah jago sisindiran .. jigana baheula sok ngeusi acara di istana nyak ...!!! /heh

dombret
30-07-2004, 03:44 PM
enya kituh ???? /heh

new flair
30-07-2004, 04:10 PM
lah ... iyeu didieu aya sasagon?

::bye::

dombret
30-07-2004, 04:24 PM
buffaloman... kamana wae ??? ti garut nyak ??? oleh2 na meni sasagon... /heh

Jack cadel
30-07-2004, 05:54 PM
yeuh urang ge boga:

tukang batu tukang semen
ari balik ka cikajang
tukang ngadu tukang maen
ari balik ditaranjang

dombret
30-07-2004, 07:03 PM
prok prok prok....
hebat lah si cadel... urang mah niron da... /heh
meni beuki ka nu tataranjang...

tataranjang :
tata = menata
ranjang = kasur

tataranjang = menata kasur /hmm /heh

silverhammer
30-07-2004, 11:13 PM
wah hebat euy apal keneh. Nembangkeunana kumaha sih? Urang mah ngan apal nembangkeun kinanti wungkul...

Originally posted by dombret
Pupuh : Maskumambang

Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan

Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana

Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula

Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean

Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan

silverhammer
30-07-2004, 11:14 PM
Originally posted by buffaloman
lah ... iyeu didieu aya sasagon?

::bye::

wah osok nongton sasagon oge?

Jack Cloning
31-07-2004, 04:16 PM
Originally posted by dombret
prok prok prok....
hebat lah si cadel... urang mah niron da... /heh
meni beuki ka nu tataranjang...

tataranjang :
tata = menata
ranjang = kasur

tataranjang = menata kasur /hmm /heh

menata kasur sareng isina

dombret
31-07-2004, 06:00 PM
jack... urang mah lieur... maneh teh, bet nyieun kembaran...
kade siah... ditajong ku odem... ;D

Jack Cloning
31-07-2004, 06:14 PM
soalna nu bareto wpna geus loba teuing

B@LaQutaX
01-08-2004, 11:31 AM
matakna jack lamun jadi jelema tong Baong geura.. jadi moal aya nu nyarek ../heh

igoen
01-08-2004, 08:34 PM
punten...

kengeng ngiringan?? :)

silverhammer
02-08-2004, 12:28 AM
aeh, mangga lebet atuh, kang igoen! mangga, dileueut caina...

dombret
02-08-2004, 12:39 PM
igoen... nembean nyak ???
sakali na ngepost langsung di thread sunda... /no1

B@LaQutaX
02-08-2004, 11:08 PM
.. Hebat lah Si Akang igoen ... ;D ....Nepang keun Kang .. ;)


/omg Keprok barudak ...


../heh

silverhammer
03-08-2004, 12:58 AM
ngiluan keprok ah... /no1

new flair
03-08-2004, 08:37 AM
Originally posted by silverhammer
wah osok nongton sasagon oge?

wuiiiih ... pasosore ... edaaaaaas!!!

new flair
03-08-2004, 08:40 AM
pada kamarana sih barudak?
he barudak, ulah ulin wae atuuuh.
kadieu. ngariung di thread sunda.

dombret
03-08-2004, 09:45 AM
saribuk jigana mah... matakna jarang sindang kadieu...
si jay-el sok sakapeungan mun ka dieu teh...
tara unggal poe...
ari si balaqutax mah... jigana masalah koneksi /heh
silverhammer, sibuk ngantor nyak kang ??? :D
ari si jack, [mm] sibuk ngagosip jeung artis-artis [KG] /gg (urang ge sok miluan)

B@LaQutaX
03-08-2004, 10:38 AM
si dombret mani beuki ih ngomong sindang ... /heh

dombret
03-08-2004, 10:56 AM
emang naon atuh lemes basa sunda na "mampir" teh ??? /hmm

Jack Cloning
03-08-2004, 11:19 AM
Originally posted by dombret
emang naon atuh lemes basa sunda na "mampir" teh ??? /hmm

sumping meureun nya?

dombret
03-08-2004, 11:22 AM
Originally posted by B@LaQutaX
si dombret mani beuki ih ngomong sindang ... /heh
tapi kan basa lemes na sindang... !!!
ah dasar B@LaQutaX !!!

Originally posted by Jack Cloning
sumping meureun nya?
bisa oge sih jack... tapi asa teu pas... ari make sumping mah...
tapi hey !!! sumping mah datang lain ??? /hmm

Jack Cloning
03-08-2004, 11:58 AM
datang jeung mampir lainna sarua? teu terang kuring oge

B@LaQutaX
03-08-2004, 12:46 PM
sindang bisa wae ...seh..

bisa oge eta ceuk si cadel, atawa linggih ke, atawa, ngaso (kumaha ka ayaan) jeung sajabana.....

ari ngobrol jang ka sasama mah ari lamun lemes teuing ge da katingali na mah .... jadi asa.... teu pantes atuh .. kitu .... lamun ka saluhureun mah teu nanaon... emang kuduna.... /heh


/* hasil tina Kongres KIBS almun teu salah mah basa sunda anu ayeuna mah jadi di bagi dua aya kasar jeung lemes.. kitu cenah.... Baraya..... /gg

abeng
03-08-2004, 12:51 PM
hatur nuhun ditampi pisan caina! ari leupeut sareung gorengan nana di palih mana? supados rada raoseun mah kumaha upami dikawitan wae kacapi sulingna!::jreng::

abeng
03-08-2004, 01:02 PM
ari dina paririmbon mah mampir bahasa sunda lemesna teh mijah. punten pisan ieu teh sanes bade ngaguruan, pribados oge terangna tina paririmbon ti pun eyang.

B@LaQutaX
03-08-2004, 01:13 PM
sok atuh .. mang Abeng ... geura ... nembang ... ;D

dombret
03-08-2004, 01:31 PM
sok atuh abeng geuran mijah... /heh

meshtea
03-08-2004, 02:27 PM
Originally posted by abeng
hatur nuhun ditampi pisan caina! ari leupeut sareung gorengan nana di palih mana? supados rada raoseun mah kumaha upami dikawitan wae kacapi sulingna!::jreng::
sok wae atuh ... dikawitan ngawih cianjuran-na ...::keyen::

B@LaQutaX
03-08-2004, 03:36 PM
sok atuh Kang abi mah bade jaipong na we lah... BAdung bangpak dulingkeung.../heh

dombret
03-08-2004, 04:25 PM
naon tax ??? hayang didegungkeun ???? /gg

new flair
04-08-2004, 10:27 AM
kasih hayang ... hayangku ... hayang-hayang sepanjang badan.

::bye::

telur
04-08-2004, 10:44 AM
naon maksud na buffaloman? btw, eta avatar jeung signature na lucu oge

dombret
04-08-2004, 02:24 PM
si buff mah meni lalaunan ari asup ka [KG] sapoe hiji... sapoe hijii... :D
teler... urang ge teu ngarti... ;D

B@LaQutaX
04-08-2004, 02:39 PM
BT ih mani kesel uing mah Lemot pisan ....::sebel::

Jack Cloning
04-08-2004, 04:34 PM
stress sigana si buffalo man

B@LaQutaX
04-08-2004, 04:48 PM
/hmm bingung rek ngabalatux naon nyak ...;D

dombret
04-08-2004, 05:01 PM
tax... didieu mah ngacaprak naon we atuh... da nu penting mah nyunda.
jiga kamari-kamari... urang ketak-ketik ketak-ketik pupuh jeung sisindiran... /gg

B@LaQutaX
04-08-2004, 05:35 PM
ooh kitu .. bret. sok lah yeuh uing rek nyumbang lah ..

Pupuh Magatru

Peuyeum sampeu dagangan ti Rancapurut,
dijual dua saduit,
dituruban daun waru,
diwadahan daun jati,
katuangan anu ompong. /heh

meshtea
05-08-2004, 09:09 AM
Originally posted by teler
naon maksud na buffaloman? btw, eta avatar jeung signature na lucu oge
pan aya dombret nu ngawitan nulis "hayang digeungkeun?".
tah ... si buff nyambung "kasih hayang, hayangku, hayang-hayang setinggi badan".
kitu panginteun. plesetan.

buffaloman owner [KG], nyak? :D

Jack Cloning
05-08-2004, 09:23 AM
lain owner, tapi jigana kuncenna KG

dombret
05-08-2004, 11:30 AM
kuncen tapi naha tara unggal poe ??? jigana mah ente jack nu pantes jadi kuncen mah ;D ::ngakak::

meshtea
05-08-2004, 01:55 PM
setuju! akur!
mangga kang jack.

meshtea
05-08-2004, 01:55 PM
setuju! akur!
mangga kang jack.

Jack cadel 2
05-08-2004, 02:23 PM
Originally posted by dombret
kuncen tapi naha tara unggal poe ??? jigana mah ente jack nu pantes jadi kuncen mah ;D ::ngakak::

maklum si buffaloman keur loba orderan meuereun

daripada sayah mah, lebih cocok kang dombret wae, soalna tiap poe pasti kang dombret aya wae di kg

dombret
05-08-2004, 02:28 PM
aeh aeh eta geura neng meshte .... meni harot pisan...
meni sadudua... /heh

jack urang mah geus kolot teuing... ntong ah...

Jack cadel 2
05-08-2004, 03:22 PM
lamun henteu si meshtea wae atuh

dombret
05-08-2004, 03:32 PM
trus lamun emang enyak neng meshte jadi kuncen kumaha atuh ???
kudu unggal poe kadieu ??? ::bentar::

meshtea
05-08-2004, 04:24 PM
aya naon iyeu, cep?

dombret
05-08-2004, 04:35 PM
aduh nteu teh meshtea... sanes abdi da... :D
si jack tah anu ngawitanna...

Jack cadel 2
05-08-2004, 05:08 PM
ari neng meshtea teh daek jadi kabogoh abdi......eh salah... maksud abdi teh neng meshtea daek jadi kuncen didieu?

dombret
05-08-2004, 05:18 PM
jack... emang ente teu sieun ku lanceuk ente si cadel jeung cloning ??? wuehehehhe
kade... eta preman [KG]
j/k = jack ::hhh::

meshtea
05-08-2004, 06:04 PM
Originally posted by Jack cadel 2
ari neng meshtea teh daek jadi kabogoh abdi......eh salah... maksud abdi teh neng meshtea daek jadi kuncen didieu?
kabogohna jack? sori dori mori doi lah yawwwwwwww
kuncen didieu? idem lah yawwwwwwww

dombret
05-08-2004, 06:29 PM
Originally posted by meshtea
kabogohna jack? sori dori mori doi lah yawwwwwwww
kuncen didieu? idem lah yawwwwwwww
teh meshtea tos gaduh caroge nyak ?? MJ sanes ??? :D

meshtea
06-08-2004, 10:15 AM
Originally posted by dombret
teh meshtea tos gaduh caroge nyak ?? MJ sanes ??? :D

MJ? MJ saha?

dombret
06-08-2004, 10:53 AM
Originally posted by meshtea
MJ? MJ saha?
eugh.... salah ketang... nick na ampir sami sareng meshtea.... :D

B@LaQutaX
07-08-2004, 03:17 AM
Jangar eeeuyy

Jack cadel 2
07-08-2004, 10:03 AM
jangar kunaon ente teh

meshtea
07-08-2004, 01:31 PM
Originally posted by dombret
eugh.... salah ketang... nick na ampir sami sareng meshtea.... :D
Tah, eta kutangna saha? Dibere kabogona mang dombret, nya?

dombret
07-08-2004, 01:54 PM
Originally posted by meshtea
Tah, eta kutangna saha? Dibere kabogona mang dombret, nya?
sanes, tp gagaduhan nyalira.... /heh

mang jami
07-08-2004, 02:45 PM
didieu aya nu crossdresser, nya? mang dombret ieu pameget? ::ngakak::

dombret
07-08-2004, 02:48 PM
atuh mang jami... heuheureuyan hungkul....
abdi mah jalu.. ... tah [cowo] :D
si teh meshtea na we nu saliwang... maenya ketang jadi kutang ???
hawatos pisan neng meshtea... /hmm

Low Energy
07-08-2004, 03:29 PM
Originally posted by B@LaQutaX
Jangar eeeuyy

Ari jangar mah di dagorkeun wae

dombret
07-08-2004, 03:47 PM
balakutax... urang hyg ka bandung euy... tp duitna teu cukup jigana... /heh
ka bali tea kumaha euy... bisa pere teu ente ???

BangToyib
07-08-2004, 04:06 PM
Originally posted by dombret
balakutax... urang hyg ka bandung euy... tp duitna teu cukup jigana... /heh
ka bali tea kumaha euy... bisa pere teu ente ???
hayang euy miluan... tp urang ti semarang nyak ???
jadi jemput heula ka semarang... terus ka bali.... papanggih si ayu nu dombret pisan...

B@LaQutaX
08-08-2004, 10:37 PM
Originally posted by dombret
balakutax... urang hyg ka bandung euy... tp duitna teu cukup jigana... /heh
ka bali tea kumaha euy... bisa pere teu ente ???


lamun pere karunya si PEOT,.. kumaha nyak...?

dombret
09-08-2004, 10:45 AM
urang nyieun proposal weh... libur /gg

render
09-08-2004, 10:51 AM
ngiluuuuuu ka baliiiiiiiiiiii hayang ichhh....jadi gitu teu ngajak ngajak :(

dombret
09-08-2004, 10:53 AM
Originally posted by render
ngiluuuuuu ka baliiiiiiiiiiii hayang ichhh....jadi gitu teu ngajak ngajak :(
indit na ti jkt yuk ??? sakali-sakali... :D
urang tumpak kapal.... /gg

render
09-08-2004, 10:54 AM
yukk..yuk...iraha tah....::bingung::

dombret
09-08-2004, 11:26 AM
ka bali teh dihandap 300rebu asanamah... /hmm

render
09-08-2004, 11:32 AM
Originally posted by dombret
ka bali teh dihandap 300rebu asanamah... /hmm

nyak sok kita rencanain...minimal sabraha bawa duit ::bingung::

dombret
09-08-2004, 11:36 AM
tungguan si balaqutax...
pan si eta panitia na /heh

render
09-08-2004, 12:03 PM
Originally posted by dombret
tungguan si balaqutax...
pan si eta panitia na /heh

seep seep ::kabur:: ::kabur::

B@LaQutaX
09-08-2004, 02:22 PM
jir aya aon iyeu teh.... /hmm ...

urang can aya sponsorna eeuy..../heh

dombret
09-08-2004, 02:29 PM
nya mun jadi ....
mun nteu mah... teu bisa di paksakeun...
hayang momotoran deui ngurilingan bali... /gg
ambeh beuki hideung geseng melentreng, jeung repleksi /heh

B@LaQutaX
09-08-2004, 02:38 PM
kamari-kamari seh anu ti bali geus telpon uing .. titah kaditu...

telur
09-08-2004, 03:33 PM
maraneh teh orang sunda enya?

B@LaQutaX
09-08-2004, 03:40 PM
Heueuh..... /heh
kuanon kitu.../hmm

Low Energy
09-08-2004, 04:11 PM
sami abdi oge urang sunda

dombret
09-08-2004, 04:32 PM
Originally posted by B@LaQutaX
kamari-kamari seh anu ti bali geus telpon uing .. titah kaditu...
sok atuh... bejaan weh... bulan september... :D
urang tumpak kapal....
pesiar ka bali... hayang ngasaan tumpak kapal.... /heh
Originally posted by teler
maraneh teh orang sunda enya?
jir... preman cadas yeuh... ::bentar::

mang jami
09-08-2004, 05:24 PM
Psssst ... Aya preman gang sarebu punten didieu
::darkkazuya::

dombret
09-08-2004, 05:30 PM
si teler nyak mang ??? /?

mang jami
10-08-2004, 08:56 AM
saha nya? nu goyang ... ::ngakak::

Low Energy
10-08-2004, 09:08 AM
teler mah preman pasar ciroyom

eki_mailbox
10-08-2004, 09:18 AM
Dedeg2an yeuh, nabrak angkot Caheum-Ciroyom, teu kahaja! Ngalamun wae da atuh >_< Untungna ngan nyenggol saeutik...

Sieun mun dicirian euy, da simkuring mah teras wae (da sieun tea, pasea jeng sopir angkot), sa kitu sopirna geus turun, eleuh siah molototan.

Panas tiris keneh ayeuna oge...

Aduh, puntennya, Pak...

dombret
10-08-2004, 10:32 AM
Originally posted by mang jami
saha nya? nu goyang ... ::ngakak::
saha mang ??? sing jentre atuh... ;(
Originally posted by eki_mailbox
Dedeg2an yeuh, nabrak angkot Caheum-Ciroyom, teu kahaja! Ngalamun wae da atuh >_< Untungna ngan nyenggol saeutik...

Sieun mun dicirian euy, da simkuring mah teras wae (da sieun tea, pasea jeng sopir angkot), sa kitu sopirna geus turun, eleuh siah molototan.

Panas tiris keneh ayeuna oge...

Aduh, puntennya, Pak...
euleuh... kang eki... naha atuh meni ngalamun wae..
mangkaning supir caheum royom mah urang b*t*k hungkul...
heug siah.... 8O

wuehehehhe... tapi naha nyak sopir na cicing wae... geus biasa di tubruk meureun kang ??? /gg

meshtea
10-08-2004, 11:05 AM
Naek Kareta Argo Wilis
ulah siga si kareta api
laen dinten saban poe
dina detik ditto ngambah zona idem
bolak-balik maju-mundur asa ngalalana
sampurna ngambah morjengga
kiwari aya di mana horeng
sesuk isuk ngagalaksak di mana boa

ngagelik nguyup jajamu jemu
dikarangkeng ku sarigsig iga
ruh teu bisa samanea ngalayang ngacacang

[MANGLE 1938, 6-12 November 2003]
Beni Setia

meshtea
10-08-2004, 11:18 AM
Originally posted by dombret
wuehehehhe... tapi naha nyak sopir na cicing wae... geus biasa di tubruk meureun kang ??? /gg
Geus tiasa nubruk. Upami ayeuna ditubruk, henteu nanaon. ::ngakak::

meshtea
10-08-2004, 11:19 AM
Olok Kejo

Incu: "Ni, hoyong emam ..."
Nini: "Tong dahar wae atuh, matak olok kejo, sakieu keur paila teh!"
Incu: "Ari Nini ti tadi nyapek wae?"
Nini: "Hih, ieu mah lain kejo deuleu, pred-ciken ..."
Incu ngahuleng bari kumetap.

meshtea
10-08-2004, 11:20 AM
Maca Koran

Budak 1: "Ari Bapa maneh pagaweanana naon?"
Budak 2: "Tukang maca koran."
Budak 1: "Beunghar ari kitu mah."
Budak 2: "Beunghar naon ... Tara kabeuli beas-beas acan!"
Budak 1: "Ari pagawean maca koran mah jelema senang, lin?"
Budak 2: "Maca koran soteh puguh neangan lowongan kerja!"

meshtea
10-08-2004, 11:22 AM
Nyiar Gawe

Uduy: "Loba nu nyararita, yen nyiar gawe teh hese. Bohong, eta mah pamalesan we. Yeuh kuring, da mani ranyong nu nawaran pagawean teh."
Adi: "Mun enya maneh boga gawe, meureun awak teh kaurus. Geuning mani kuru kitu!"
Uduy: "Justru matak kuru teh saking loba gawe. Sedeng ari ngurus awak mah kudu aya pakeunna pan? Ari kuring boga duit ti mana atuh?"
Adi: "Eeehhh ...!"

meshtea
10-08-2004, 11:23 AM
bari nyantei, bari maca carita lucu. ::ngakak::

dombret
10-08-2004, 11:45 AM
duh... jaman kiwari masih keneh aya nu maos mangle... hebat lah... hebat... /no1

meshtea
10-08-2004, 12:17 PM
Amesh tea!!!:D
Majalah ieu aya nu online-na. Majalah Sunda Modern, euy!

B@LaQutaX
10-08-2004, 12:19 PM
nyak uing ge keur neang majalah komputer basa anu basa sunda tapi can aya siga na mah nyak..???

jigana lamun aya alus pisan euy..? /heh

dombret
10-08-2004, 12:33 PM
aya deuih... www.mangle-online.com

eh enyak baraya....
kieu..., sayah kan gaduh rerencangan didieu... (ah tong make basa lemes nyak ??? karagok ;D )

jadi kieu... urang boga babaturan, si eta teh tehnisi di dieu teh.
terus, pas maca thread sunda teh, kalahkah seuseurian, ku urang ditanya
"naha ente seuri ??? "
"maenya sih di internet aya basa sunda ??? jiga mangle wae", kitu pok na....

na jero hate, "aeh belegug maneh teh... dasar urang cianjur... /heh"
udik pisan... ;D

dombret
10-08-2004, 12:52 PM
Nginum Cikopi

Aya aki-aki nu nyanda pisan kana cikopi. Hiji mangsa nepungan dokter, pedah lamun keur nginum cikopi panonna nu katuhu sok nyeri wae, cenah.
Ceuk Dokter, "bapa, lamun keur nginum cikopi, sendokna tunda heula!"

meshtea
10-08-2004, 01:27 PM
Pipah mangle online. tobh pisan euy!!

Low Energy
10-08-2004, 02:36 PM
hebat oge nya si meshtea teh..

telur
10-08-2004, 05:43 PM
Originally posted by Low Energy
teler mah preman pasar ciroyom

Low Energy preman ti baros, ngaku maneh siah[ragingdemon] [rambo]

silverhammer
11-08-2004, 12:05 AM
hebat euy, barudak aranteng ngacapruk di dieu...

Mangle Online mantab euy! Geuningan aya oge majalah basa sunda di "dunya maya". Ieu majalah kuduna aya dina Guiness Book of Records, sabab ti baheula nepi ka ayeuna, covergirl-na tara ganti: nyaeta Neng Sukaning Indriya Gapuraning Rahayu... ;p

dombret
11-08-2004, 01:04 AM
kang silper ge teu weleh hebatna... meni apal keneh ka kopergeul na.... ;D

kamana wae kang ??? tara katingali... ??? sibuk wae lah si akang eta mah... :D

Low Energy
11-08-2004, 09:11 AM
meureun silverhammer geus aki2 nya?

dombret
11-08-2004, 10:53 AM
Originally posted by Low Energy
meureun silverhammer geus aki2 nya?
ah... henteu lah...
pedah ente ningali avatar na nu baheula nyak ???

Low... ente meureun nu geus aki-aki... /heh
tanaga na geus euweuhan... /gg

Low Energy
11-08-2004, 11:07 AM
tanaga euweuhan tapi nafsu masih gede... he he he

dombret
11-08-2004, 12:53 PM
nu ente sok di "gurah" sorangan nyak?? jadi laleuleus wae katingali na /heh

Low Energy
11-08-2004, 07:07 PM
alim ah kusorangan mah, mending ku batur bae

dombret
12-08-2004, 09:08 AM
di padalarang nyak ??? /gg

silverhammer
12-08-2004, 01:50 PM
walah, dilandi "aki-aki" euy... ;D jauh keneh atuh kana nu kitu mah, ayeuna mah karek oge "jalan 18"... :P

dombret
12-08-2004, 02:34 PM
eugh... dilandi teh naon sih artina ???
basa buhun pisan nyak ??? /?

silverhammer
12-08-2004, 02:49 PM
landi teh kira-kira sarua jeung "julukan/nickname".

Karek ge kamari papanggih jeung babaturan jaman smp, cenah janggot urang siga aki-aki... (padahal nemang geus lila tara ngurud janggot). Ayeuna, di [KG] ... he he, bae lah.

Nu penting mah, "jiwa" & "selera" muda... :D

dombret
12-08-2004, 03:21 PM
hmmm landi teh kitu nyak ???
Originally posted by silverhammer
Nu penting mah, "jiwa" & "selera" muda... :D
nya sae upami kitu mah atuh ki ... /no1 /heh

B@LaQutaX
13-08-2004, 10:12 AM
naon anu sae teh .. jigana anu rame ..? ngomong keun naon seh?

dombret
13-08-2004, 01:38 PM
eta tak... si silper geus aki-aki tapi boga sumanget budak ngora.. /heh

j.k silper... ;D

B@LaQutaX
14-08-2004, 12:06 PM
ooooo,...............

Bret ke jadi kan di gurah tea hayang euuy /heh

dombret
14-08-2004, 12:26 PM
Originally posted by B@LaQutaX
ooooo,...............

Bret ke jadi kan di gurah tea hayang euuy /heh
emang ente rek nyinden dimana tak ???
jang di damas lain ??? /gg

B@LaQutaX
14-08-2004, 01:01 PM
Originally posted by dombret
emang ente rek nyinden dimana tak ???
jang di damas lain ??? /gg


... jang agustusan euuy ..
rek manggung .../heh

rek nyanyi sagara ombak

dombret
16-08-2004, 12:55 AM
cikan urang apal teu nyak ???

kleu...ng angkleungan...
ngangkleu...ng di tengah sagara.... /heh

tuluyan na kumaha tak ???
si kabayan mah pasti apaleun nyak ??? /hmm
budak eta kamana nyak ??? payu meureun jeujeur na nyak ???

hebat lah si aa eta... /no1
/gg

silverhammer
16-08-2004, 01:41 AM
ka nu bade manggung, sing sukses nya!

dombret
16-08-2004, 12:54 PM
silper, ari di bogor kumaha 17-an na ???
biasana rame teu ?

eki_mailbox
16-08-2004, 04:28 PM
Mun di dieu mah biasana sok aya wayang golek ;) Tapi, duka atuh ayeuna mah.

Bangsa teh ngolotan tapi kunaonnya beunang pamingpin teh sok nu borokokok wae >_< Geus nasib na kitu?

Eh, barudak, iyeu, aduh watir pisan...

Pan aya budak gede ulin lalayangannya dipayuneun teh (preman mereunan) biasalah ngadu kitu. Basa siakangna narik, bari lumpat tea ka tukang, eta gera, BLEDAG! Aduh! Benang tukangeun mobil!

Hayang saseuri tapi ditarahan tea, palaur...

"astagfirulloh...", ceuk si akang na teh, duka tah karaosna...

Ceuk babaturan urang teh bari ngalieuk , "Alus euy reflekna, biasana mah sato hungkul nu kaluar."

eyefromher
18-08-2004, 12:13 PM
punten
urang kadieu deui... ::keyen::
karek ti subang ,masih keneh leuleus ... mani hareudang diditu

kumaha teh agustusan di bandung....

silper : pendaftaran semester iraha....????

dombret
18-08-2004, 12:30 PM
Originally posted by eki_mailbox
Mun di dieu mah biasana sok aya wayang golek ;) Tapi, duka atuh ayeuna mah.

Bangsa teh ngolotan tapi kunaonnya beunang pamingpin teh sok nu borokokok wae >_< Geus nasib na kitu?

Eh, barudak, iyeu, aduh watir pisan...

Pan aya budak gede ulin lalayangannya dipayuneun teh (preman mereunan) biasalah ngadu kitu. Basa siakangna narik, bari lumpat tea ka tukang, eta gera, BLEDAG! Aduh! Benang tukangeun mobil!

Hayang saseuri tapi ditarahan tea, palaur...

"astagfirulloh...", ceuk si akang na teh, duka tah karaosna...

Ceuk babaturan urang teh bari ngalieuk , "Alus euy reflekna, biasana mah sato hungkul nu kaluar."
duh nyak.. si kang eki mah asa ku sering ngalaman nu teu merenah teh... kunaon sih ??? mailbox wae meureun nyak ??? ::hhh::

*************************
eyefromher : enak atuh nya ti subang mah... oleh2 ganas (danas :D)

silverhammer
20-08-2004, 01:39 AM
Originally posted by dombret
silper, ari di bogor kumaha 17-an na ???
biasana rame teu ?

abdi mah di bdg, kang... :)
ah, rame wae agustusan mah. Padahal lomba mah nu standar, balap kurupuk, tarik tambang, jste. Paling nu rada beda mah lomba nguseup. Di hareupeun masjid di RT urang aya balong, tah eta dipake arena nguseup. Hiji deui, nu kakarek aya taun ieu: lomba WE 7.

eyefromher, di subangna dimana? perwalian terakhir kaping 23 Agt, sok atuh enggalan.

dombret
20-08-2004, 07:26 AM
enya sih, dimana-mana standar raramean 17 agustusan mah balap karung, kurupuk, tarik tambang...

tapi eta duh... meni ka aya tanding nguseup jeung WE7 ::takmungkin::
hehehhe ambeh aya pariasi meureun nyak ??? atawa geus nyarandu mangkana di tanding keun ??? ;D

B@LaQutaX
20-08-2004, 11:22 AM
kudu na mah aya keun lomba Mahyong ganti catur bosen atuh da.../heh

dombret
20-08-2004, 11:48 AM
wuehehehe botak.. .ente atuh jadi jawarana .... /no1 lah si aa eta /gg

eki_mailbox
20-08-2004, 05:25 PM
Asikna mah mun sa-komplek ngabangun jaringan komputer kitu, ah jigana mah bakalan asik 17an-nana. Atos weh cicing payuneun komputer, peperangan yeuh!

Kamari mah, ibu2 sareng bapak2na nu rarameanana ::bentar::

Pamuda pamudi kamarana yeuh?

Tapi da jigana mah, urang Indonesia mah cinta kabangsana teh ngan hungkul di mulut sajah. Bangsa urang mah sanes tipe bangsa anu pinter mensyukuri nikmat, jeung pohoan pisan. Resep ngaruksak.

Rek banjir, kabakaran, sahebat kumaha oge, da bangsa urang mah da boro2 mikiran. Duh, jelema...

Yeuh, rek krisis listrik yeuh, eh sugan aya nu paduli...

Kalahka mobilna alus, eta blewer weh jagong, miceun runtah, sakitu di jajalaneun. Si pinter...

eyefromher
20-08-2004, 09:34 PM
Originally posted by silverhammer
eyefromher, di subangna dimana? perwalian terakhir kaping 23 Agt, sok atuh enggalan.
pagaden( arah ka pamanukan ti subang) ,
oleh2na nyeri awak wae , ganasna dibawa batur :D :D

nuhun silper ,urang perwalian tadi..:) :)
lumayan killer dosennya ..

Bobo22an
21-08-2004, 08:20 AM
::bingung:: ::bingung:: Lieurr euy... ::bingung:: ::bingung::

::kabur:: ::kabur::

silverhammer
23-08-2004, 01:39 AM
wah, lieur kunaon kang/teh? sing geura diubaran atuh...

B@LaQutaX
23-08-2004, 01:26 PM
hayang bobogohan EUy .......... /gg

dombret
23-08-2004, 06:00 PM
lain eukeur jeung si nci tak ??

B@LaQutaX
23-08-2004, 10:56 PM
heunteu deuih..... /gg

dombret
24-08-2004, 12:47 PM
sugan teh ???

B@LaQutaX
24-08-2004, 03:58 PM
nini anteh nyak

dombret
25-08-2004, 12:17 AM
taaak !!!
cenah irda na geus disita ku sobat nyak ??? /hmm

jigana mah ari make kabel, kaganggu sinyal na...

tp naha di jadikom teu kunanaon ???

duh areungap euy udud wae.... /...

dombret
25-08-2004, 12:17 AM
taaak !!!
cenah irda na geus disita ku sobat nyak ??? /hmm

jigana mah ari make kabel, kaganggu sinyal na...

tp naha di jadikom teu kunanaon ???

B@LaQutaX
25-08-2004, 11:28 AM
sarua urang ge areungap .. leuwih 2 Kg yeuh...

BangToyib
25-08-2004, 05:20 PM
Originally posted by B@LaQutaX
sarua urang ge areungap .. leuwih 2 Kg yeuh...
eungap gprs mode ya bro ? ;)

render
25-08-2004, 09:30 PM
Originally posted by B@LaQutaX
hayang bobogohan EUy .......... /gg
tinggal bobogohan we kan aya keur di antapani atau kopo yeuh... /gg

dombret
25-08-2004, 09:41 PM
adeuh boga cem-ceman teu beja2 euy...

render, urang keur hayang nguras yeuh /gg

render
25-08-2004, 09:49 PM
Originally posted by dombret
adeuh boga cem-ceman teu beja2 euy...

render, urang keur hayang nguras yeuh /gg

nguras dong achh....tong di lilakeun bisi jadi kapur tulis /gg

dombret
25-08-2004, 10:04 PM
eh ayeuna bunderan HI tara mancur caina... :o
padahal tara di kuras (nyambung na kadieu /heh )

render
25-08-2004, 10:15 PM
Originally posted by dombret
eh ayeuna bunderan HI tara mancur caina... :o
padahal tara di kuras (nyambung na kadieu /heh )

soalna sieuneun di poto, bisi we aya nu lewat make philips 535 engke dipoto....kitu sigana mah... /gg

dombret
25-08-2004, 10:30 PM
Originally posted by render
soalna sieuneun di poto, bisi we aya nu lewat make philips 535 engke dipoto....kitu sigana mah... /gg
render dudulz siah ::toeng:: ::luthu::

B@LaQutaX
26-08-2004, 09:49 AM
lain kitu ke bisi sora cai na di rekam terus Di DJ Mix terus jadi ringtones na ... /heh

dombret
26-08-2004, 11:51 AM
Originally posted by B@LaQutaX
lain kitu ke bisi sora cai na di rekam terus Di DJ Mix terus jadi ringtones na ... /heh
;(
ku aiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiing.... ::toeng:: ::luthu:: ::hhh::

B@LaQutaX
26-08-2004, 01:12 PM
enyakan .... ngaku we.....
si render malu-malu keneh abus [KG] na nyak .... ?

dombret
26-08-2004, 02:22 PM
cenah mah hese abus [KG] teh...
tapi maenya nyak ??? ka elehkeun ku gprs.... /gg
kumaha niat sih nu pastina mah /heh

render
26-08-2004, 07:38 PM
Originally posted by dombret
cenah mah hese abus [KG] teh...
tapi maenya nyak ??? ka elehkeun ku gprs.... /gg
kumaha niat sih nu pastina mah /heh
hese abus da can di kuras... /heh

dombret
27-08-2004, 10:20 AM
Originally posted by render
hese abus da can di kuras... /heh
sok atuh geura kuras make B29 ;D ::ngakak::

B@LaQutaX
27-08-2004, 10:30 AM
Originally posted by dombret
cenah mah hese abus [KG] teh...
tapi maenya nyak ??? ka elehkeun ku gprs.... /gg
kumaha niat sih nu pastina mah /heh

/no1 pedah didieu mah euwueh #kartu meureun ..... ::ngakak::

dombret
27-08-2004, 10:36 AM
Originally posted by B@LaQutaX
/no1 pedah didieu mah euwueh #kartu meureun ..... ::ngakak::
euweuh kartu naon sih ??? /hmm

sobat lain ??? /gg

B@LaQutaX
27-08-2004, 03:58 PM
ma enyak teu nyaho sehh..?

dombret
27-08-2004, 04:38 PM
blenk pisan... teu nyaho ???
anu #M lain ?

render
27-08-2004, 07:39 PM
#gim meuruen.... :D

dombret
28-08-2004, 12:58 AM
eh jaradi moal sih ???
nyaraba ka kota teh ???
di tungguan pisan...
ngke dijemput make bajaj... /heh
anu getaran na geus ka koncara.... /gg

render
28-08-2004, 01:47 PM
ka kota mana?
kota bandung?
euweuh bajai di kota bandung mah :D

mun ka ibu kota mah paling mun beres gawean...

dombret
29-08-2004, 01:56 AM
emang can nyaho kituh ??? di bandung taun 2009 rek di ayakeun nu ngaran na bajaj teh....

pasti bandung bakal jadi gandeng ku sora mesin na... /heh

ti dago ka be-i-pe mah moal gandeng jigana....

kusabab bajaj na di gorolong keun ::luthu::

B@LaQutaX
29-08-2004, 03:41 AM
nyak da bajaj teh B@L .../heh

dombret
29-08-2004, 04:06 AM
adeuh...
lain mudun jalan na teh ???

B@LaQutaX
29-08-2004, 04:14 AM
Paling lamun pas Dago OZ area si bajaj belok tah ka Simpang Raya .../heh

dombret
29-08-2004, 04:22 AM
uh... si doubrax bakal jadi bandar bajaj atuh ??? ::ngakak:: /heh
trus ngaranna di ganti jadi simpang bajaj

WUUUUUUUAHAHAHHAHAHAHHAHAHAHHA ::luthu::

eyefromher
29-08-2004, 02:00 PM
ti gedung sate ka ITB naik bajaj... :D :D

Jack Cloning
30-08-2004, 04:39 PM
trus bajajna di ceperan jeung pake velg racing

dombret
30-08-2004, 05:23 PM
trus di pengkolan ganesha di gorolong keun deui... /heh

*************************************************

matak na walikota bandung, ayeuna2 moal waka ngimpor bajaj ti jakarta, soal na jalan di bandung teh rariweuh keneh, loba tanjakan... /gg
ngke mun jalan na geus rata kabeh, karek bajaj di impor ka bandung... ::luthu::

B@LaQutaX
31-08-2004, 12:01 AM
HAHAHA .... /heh

silverhammer
31-08-2004, 04:08 PM
Serius atawa seurieus ieu teh? Euweuh gawe pisan pemkot Bdg, jang naon ngimpor bajaj ti jakarta? Kapan jalanan Bdg mah geus pinuh ku angkot. Atawa angkot nu digusur?

Tapi mun ieu jadi, sinetron "bajaj bajuri" bakalan robah jadi "Bajaj Kabajan"....

dombret
31-08-2004, 04:52 PM
silper... ieu mah ngawangkong ngalor ngidul weh... daripada jempe... /heh

da teu mararantes pisan ari di bandung aya bajaj mah...
kesan na teh teu nyakola pisan... ::luthu::

silverhammer
01-09-2004, 04:57 PM
wah, untung... sugan teh nyaan. Meureun asa nostalgia mun aya bajaj, sabab "beungeut"na rada-rada sarua jeung bemo.

dombret
01-09-2004, 10:53 PM
oh enya nyak, baheula mah aya bemo di bandung teh, jiga di bogor wae...
ari di jakarta mah, masih keneh katingali bemo manggarai - rscm
meni nga-geboy heheheheh

di bogor aya keneh teu nyak ??? /hmm

B@LaQutaX
02-09-2004, 03:59 PM
aya keneh menurut surpei anu terakhir .../heh

silverhammer
02-09-2004, 11:23 PM
wah, aya keneh bemo di jakarta? Trayek nostalgia meureun nya?

dombret
04-09-2004, 04:04 AM
eh tong lalawora... eta trayek teh (manggarai - cipto) ngan hiji-hijina trayek, trus nu ngangkut na teh bemo...
meni ngadorotdot.... /heh ::hhh::

silverhammer
07-09-2004, 01:30 AM
Uyuhan... kacipta bemo nu geus ararantik, trus pinuh ku penumpang... untung teu mogok di tengah jalan... :D

dombret
11-09-2004, 04:57 PM
heheheh ari bemo nu pernah di barandung di kamanakun nyak ??? dikilo ka jatayu meureun nyak ??? ;D

eki_mailbox
11-09-2004, 08:14 PM
Upami di Gerlong mah aya angkot komplek ngarana teh KEOR. Enya di dieu, Gegerkalong tea, caket Daarut Tauhid, Aa Gym yeuh...

B@LaQutaX
12-09-2004, 12:06 AM
Wah ayeuna- ayeuna urang rada-rada sering tah naek keor anu ka suka haji .../heh