PDA

View Full Version : Sunda Euy !!!


Halaman : 1 2 3 4 5 [6] 7 8 9 10

dombret
13-09-2004, 07:23 AM
kunaon nyak disebut keor ??? rada2 aneh kadengena ... ;D

silverhammer
13-09-2004, 05:24 PM
wah geuningan arapaleun keor Gerlong!? Caket atuh sareng rorompok abdi.... Gerlong is de best lah.

The Mighty Gods
14-09-2004, 11:54 AM
pararunten sadayana...abdi barudak anyar.....ngomongin naon sadayana

dombret
15-09-2004, 05:52 PM
Originally posted by The Mighty Gods
pararunten sadayana...abdi barudak anyar.....ngomongin naon sadayana
adeuh ngakuna mah budak anyar...
tp stok lila... /heh

B@LaQutaX
16-09-2004, 01:07 AM
Originally posted by The Mighty Gods
pararunten sadayana...abdi barudak anyar.....ngomongin naon sadayana

. keur ngomong keun penjahat X-nhi .. /gg

dombret
17-09-2004, 07:01 AM
MightyGods teh penjahat enyaan tak ??? penjahat naon ??? jigana mah penjahat selang !!!! /heh

B@LaQutaX
18-09-2004, 12:03 AM
nyakkk ... Kan Si MightyGods PK di nhi /heh

eyefromher
19-09-2004, 11:38 PM
pararunten deui...
stok lama kadieu deui...
weleh... 'geus sabaraha minggu teu kadieu....
kumaha, daramang...!!!
ngobrolkeun naon ieu teh..??

dombret
23-09-2004, 11:07 PM
ah eta tah si migo... so ngaku2 budak anyar... tp stok lila... /gg

eyefromher
25-09-2004, 09:34 PM
aya naon didieu teh ????
mun teu aya nanaonan ,urang balik kan imah deui...sare', tunduh euy!!!::kabur::

eyefromher
25-09-2004, 09:47 PM
aya naon didieu teh ????
mun teu aya nanaonan ,urang balik kan imah deui...sare', tunduh euy!!!::kabur::

B@LaQutaX
28-09-2004, 12:00 AM
Originally posted by eyefromher
aya naon didieu teh ????
mun teu aya nanaonan ,urang balik kan imah deui...sare', tunduh euy!!!::kabur::

... eehhh Ari Sia Atuh tunduh mah tunduh .. tapi tapi kontrol atuh postingan teh tong dobel Kitu ... Balegg.. we atuh euuyyy .../heh

mang jami
28-09-2004, 12:52 PM
eh ... aya barudak di dieu ... sugan teh kursi ...

dombret
28-09-2004, 05:40 PM
kursi naon mang ??? /hmm

telur
29-09-2004, 02:08 PM
teu nyambung lah yau

eyefromher
29-09-2004, 03:09 PM
kursi panas,kursi dingin,kupi susu..naon deui...!!!!

mang jami
30-09-2004, 11:01 AM
si dombret mere cet koneng ... ::ngakak::

B@LaQutaX
30-09-2004, 01:23 PM
Originally posted by mang jami
si dombret mere cet koneng ... ::ngakak::


Mang Jami selamet nyak.. Kumaha jadi panganten Teh raos teu...?.... /hmm

eki_mailbox
30-09-2004, 04:18 PM
Originally posted by mang jami
si dombret mere cet koneng ... ::ngakak::

Punk rock janggot (pangerok janggot)

dombret
02-10-2004, 02:01 AM
Originally posted by mang jami
si dombret mere cet koneng ... ::ngakak::
eh dasar mang jami...
kumaha acara murak kadu na ??? resep atuh nyak ??? /gg

mang jami
04-10-2004, 11:07 AM
raos ... raos pisan euy!

murak kadu? monthong, euy!!!

eyefromher
05-10-2004, 02:26 PM
eh aya panganten anyar...
selamat nyak..mang

dombret
06-10-2004, 08:42 AM
duh jadi hoyong murak kadu...
iraha nyak ??? [mm]

mang jami
07-10-2004, 10:51 AM
Originally posted by eyefromher
eh aya panganten anyar...
selamat nyak..mang
nuhun ... nuhun ...

Originally posted by dombret
duh jadi hoyong murak kadu...
iraha nyak ???
lah ... pan dombret loba duit ... ka taman saparua wae atuh ... terus ka jalan kalimantan ... ::ngakak::

Robot Gedek
09-10-2004, 10:32 AM
Originally posted by mang jami
raos ... raos pisan euy!

murak kadu? monthong, euy!!!

bagu atuh tip2na, jadi sayah2 nu junior ieu bisa nyaho
btw: ari mang jami teh babaturanana si ancuur nya?

silverhammer
11-10-2004, 02:16 AM
Originally posted by mang jami
lah ... pan dombret loba duit ... ka taman saparua wae atuh ... terus ka jalan kalimantan ... ::ngakak::
wah beda kadu daerah dinya mah mang, jigana teh tarareuas, euweuh nu seungit deuih.

mang jami
13-10-2004, 09:07 PM
Originally posted by Robot Gedek
bagu atuh tip2na, jadi sayah2 nu junior ieu bisa nyaho
btw: ari mang jami teh babaturanana si ancuur nya?

sumuhun ... kang ancuur ti surabaya, nya'?

tip naon? tip kompo? anu, abdi mah henteu gaduh tip kompo ... nu aya kompor gas di pengker ... ::mega::

mang jami
13-10-2004, 09:08 PM
Originally posted by silverhammer
wah beda kadu daerah dinya mah mang, jigana teh tarareuas, euweuh nu seungit deuih.

iraha mampir di ditu, cep? ::ngakak::

Jack Cloning
14-10-2004, 05:30 PM
Originally posted by mang jami
sumuhun ... kang ancuur ti surabaya, nya'?

tip naon? tip kompo? anu, abdi mah henteu gaduh tip kompo ... nu aya kompor gas di pengker ... ::mega::

tip belah duren mereun :D

miwa2be
14-10-2004, 05:49 PM
duren maren mayen mele..

Jack Cloning
14-10-2004, 06:32 PM
nangkana nangkene nangkarak

miwa2be
14-10-2004, 06:37 PM
neundeun omong..

Jack Cloning
14-10-2004, 06:42 PM
miwa bisa ngomong sunda kitu?

miwa2be
14-10-2004, 06:44 PM
cmn tauk ituw doank, nyeureuh, seserahan blablabla..

mang jami
16-10-2004, 09:26 AM
Originally posted by Jack Cloning
tip belah duren mereun :D
wah ... abdi mah henteu terang ... ka nu ngical kadu wae atuh ...

dombret
16-10-2004, 09:54 AM
Originally posted by mang jami
lah ... pan dombret loba duit ... ka taman saparua wae atuh ...
terus ka jalan kalimantan ... ::ngakak::
jir.... mbung teuing ari di dinya mah.... kajeun teuing bedo.... ;D

mang jami
25-10-2004, 04:12 PM
heuaheuaha ... si dombret gelo ... ::ngakak::

dombret
29-10-2004, 09:56 PM
Originally posted by mang jami
heuaheuaha ... si dombret gelo ... ::ngakak::
mang jami iraha atuh urang buka bersama ???
sabari urang lari pagi di gasibu... /heh

eyefromher
01-11-2004, 01:42 PM
eta mah puasa 3 jam :D :D
pahalana teu full.. ngan 25%

mang jami
16-05-2005, 05:20 PM
aktikeun deui ....



::bye::

mang jami
16-05-2005, 05:22 PM
Originally posted by eyefromher
eta mah puasa 3 jam :D :D
pahalana teu full.. ngan 25%

nu penting siyam ... pahala mah urusan gusti ...

SnediX
17-05-2005, 08:27 AM
waduw.... ngiringan atuh nyarios sunda na jigana mah rame kitunya.....

dombret
24-05-2005, 03:41 AM
hehehehe gening aya deui euy...
baruk!!... geus lila teu ningali ieu porum teh... nu tiheula geus kamana nyak ???

vica
27-05-2005, 02:09 PM
dibikin bilingual dungs...

abdi te'ngarti...hayang belajar tapi diajarinnya bahasa yang kasar mulu...>.< Mau belajar yang halus...:D

silverhammer
28-05-2005, 01:39 AM
he he, sae, sae, tos aktif deui thread basa sunda teh. Mangga atuh upami bade dilajengkeun obrolanana.... ngobrolkeun naon nya?

terjemahan:
he he, bagus bagus, thread bahasa sunda udah aktif lagi. Silakan deh, kalo mau dilanjutin ngobrolnya.... ngobrolin apa ya?

repot euy dibikin bilingual teh. tapi terserah yg lain deh, bade diketik oge tarjamahnya, atanapi henteu. Mungkin bisa bantuin yg mau belajar... :D

eyefromher
28-05-2005, 07:21 PM
weleh weleh !!!!
hirup deui thread ieu,sugan geus dikubur
kamana wae akang2 jeung eneng2

eyefromher
28-05-2005, 07:29 PM
punten punten !!!
mun tiasa,thread2 bahasa sunda digabung wae,"supaya"(naon nya' sundana...::bentar:: ) teu ngalieurkeun
hehehe..
apa kabar
silver,karateman,domdret,mang jami

ieu yeuh urang padang kadieu deui!!

silverhammer
31-05-2005, 01:14 AM
he he eyefromher, kumaha, damang? ::bye::

mang jami
02-06-2005, 12:15 PM
tenang wae ... iyeu thread tiasa dihirupkeun deui .... di search pan aya ....

eki_mailbox
02-06-2005, 09:00 PM
Aya motor narik langlayangan, meuni asa bodor :D Jigana si akang teh motorna diarulinan ku barudak basa pas di lampu merah.

mang jami
03-06-2005, 12:39 PM
saha nu sero didieu? eki sero, henteu?

eyefromher
03-06-2005, 12:48 PM
Originally posted by silverhammer
he he eyefromher, kumaha, damang? ::bye::

ah, kitu wae...
ieu yeuh keur tenang2na
ninggali nu maen langlayangan

om Liem
08-06-2005, 12:57 PM
kade ulah maen langlayangan di tengah jalan nya? bisi kasamber ::kabur2::

eyefromher
08-06-2005, 01:50 PM
maenna disisi jalan wungkul...
:D

milanisti7
09-06-2005, 08:30 AM
bah.. kara asup ka Forum bahasa yeh..
salam kenal nya Coy
wakakkaka
Kumaha dararamang ?

om Liem
09-06-2005, 09:23 AM
damang atuh tenkyu

silverhammer
09-06-2005, 11:46 PM
Pangalaman para mitra:
Scrabble make basa sunda hese geuningan, nya.... ;D

om Liem
10-06-2005, 10:04 AM
ari 'pundung' bahasa indonesiana teh naon nya?

dombret
10-06-2005, 08:03 PM
asa na mah ngambek, tapi da ngambek ge basa sunda keneh...

dombret
10-06-2005, 08:03 PM
Originally posted by mang jami
saha nu sero didieu? eki sero, henteu?
sero teh naun??? ::bingung::

eyefromher
11-06-2005, 09:24 PM
Originally posted by om Liem
ari 'pundung' bahasa indonesiana teh naon nya?
saha nu pundung???
mun pundung kadieu we,atuh !!!

mang jami
12-06-2005, 12:45 PM
pundung = ngambek ..... kitu panginteun ....

hauehuahehaea ....

mang jami
12-06-2005, 12:48 PM
Originally posted by dombret
sero teh naun??? ::bingung::

sero = nol .... hauehuaheuhaueha ... ::ngakak::

sero = barudak nu hobi ngudak langyangan putus .... :D

silverhammer
14-06-2005, 01:30 AM
Originally posted by mang jami
sero = nol .... hauehuaheuhaueha ...
::ngakak:: beuki ancur wae basa sunda teh :P

sero teh "berang-berang" tea, lain? Pokona mah sabangsa sasatoan mamalia anu hirup deukeut jeung cai, saperti di walungan jeung di kebon binatang bandung.

milanisti7
14-06-2005, 03:45 AM
pundng ma jalma mun di hereyan saeutik cicing
bisa na ngahereyan mun di hereyan te daek eta ge di sebut pundung

dombret
23-06-2005, 07:35 PM
Originally posted by silverhammer
::ngakak:: beuki ancur wae basa sunda teh :P

sero teh "berang-berang" tea, lain? Pokona mah sabangsa sasatoan mamalia anu hirup deukeut jeung cai, saperti di walungan jeung di kebon binatang bandung.

dombret
23-06-2005, 07:39 PM
Originally posted by silverhammer
::ngakak:: beuki ancur wae basa sunda teh :P

sero teh "berang-berang" tea, lain? Pokona mah sabangsa sasatoan mamalia anu hirup deukeut jeung cai, saperti di walungan jeung di kebon binatang bandung.
meureun maksud na mang jami teh ZERO nu hartina henteu deet alias JERO..... heehehheheehhe

silverhammer
24-06-2005, 04:00 PM
hah, JERO hartina henteu deet? Jigana ngomongna kudu make logat batak yeuh... :D

eki_mailbox
30-06-2005, 11:46 AM
Aya nu sok waraas teu mun dicaritaan ku kolot ngangge basa Sunda? Komo deui mun kolot geus ngadongeng. Aduh, meuni asa kumahaaa mah...

dh14n
30-06-2005, 02:43 PM
punten kang.....::kabur::

silverhammer
03-07-2005, 01:40 AM
mangga.... :D

Eh, naon kang eki, dongeng? Wah, sim kuring mah tos tara didongengan deui... biasana mah dipapatahan: "Cik atuh, jang, maneh teh...." jste.. ;D

dombret
03-07-2005, 08:02 PM
Originally posted by eki_mailbox
Aya nu sok waraas teu mun dicaritaan ku kolot ngangge basa Sunda? Komo deui mun kolot geus ngadongeng. Aduh, meuni asa kumahaaa mah...
enya... baheula mah masih keneh aya carsun na radio... saha teh lah??? poho deui....
basa keur leutik keneh sok ngadenge carita radio di lembur...

dombret
03-07-2005, 08:04 PM
oh enyak karek inget.... ngaran na teh WA KEPOH... :D
aya keneh teu nyak jelemana ???

silverhammer
07-07-2005, 01:16 AM
Asana mah aya keneh Wa Kepoh teh. Tapi teuing di radio mana ayeuna.

dombret
08-07-2005, 09:12 AM
enya ayeuna mah... carita radio teh ka elehkeun ku iklan.... hehehehe...

dh14n
08-07-2005, 09:52 AM
wa kepoh asa keur jaman baheula..nini2 teh sok tara katinggalan...:D :D

dombret
08-07-2005, 02:07 PM
aduh... gening aya sepuh didieu....
nini dh14n kapungkur sok ngadangukeun dongengan wa kepoh nyak ??
eh nini atanapi aki yeuh? :D

silverhammer
09-07-2005, 02:03 AM
enya oge sih, biasana nini-nini anu jadi "fans" wa kepoh teh.

dombret
13-07-2005, 01:41 PM
tp sbenerna urang ge ngalaman seh ngadenge carita wa kepoh mah... basa keur tk meureun nyak ??? :D

eyefromher
13-07-2005, 09:25 PM
wa kepoh eta saha ????
cerita ttg apa???? (teu acan balajar sundana) :) :)

mang jami
18-07-2005, 01:31 PM
anu .... SASAGON wah ah .... :D

silverhammer
20-07-2005, 03:34 AM
Sasagon ::up::
Puas lah seuseurian nongton-na. Tapi Kritik-na garing euy. Teu nanaon lah, nu penting mah bisa gogonjakan... :D

dombret
20-07-2005, 12:19 PM
enya tah di tvri bdg, unggal sore... mayan sih... tp ayeuna abi di jkt deui euy... teu bisa lalajo te pe er i bandung deui :(

mang jami
20-07-2005, 12:21 PM
Originally posted by dombret
enya tah di tvri bdg, unggal sore... mayan sih... tp ayeuna abi di jkt deui euy... teu bisa lalajo te pe er i bandung deui :(

tos ulah ceurik, cep dombri.

dombret
20-07-2005, 12:32 PM
nya moal atuh mang...
tp asa leungiteun hiburan weh mang... ::mega::

mang jami
20-07-2005, 01:27 PM
Originally posted by dombret
nya moal atuh mang...
tp asa leungiteun hiburan weh mang... ::mega::

pan aya hiburan di daerah kota .... boga duit henteu?::bingung::

tong khilap meli "karet pengaman" .... ::ngakak::

dombret
21-07-2005, 11:01 AM
Originally posted by mang jami
pan aya hiburan di daerah kota .... boga duit henteu?::bingung::

tong khilap meli "karet pengaman" .... ::ngakak::
duit mah nya sakitu-kitu na weh... matakna leuwih ngirit laljo tipi... hehehehehe

naon "karet pengaman" teh ???::bingung::

silverhammer
23-07-2005, 02:11 AM
ah, api-api teu apal... :P
nu pasti mah, karet nu kitu moal bisa dipake sapintrong...

mang jami
23-07-2005, 05:47 PM
Originally posted by silverhammer
ah, api-api teu apal... :P


muhun .... eta api-apina henteu apal ...

dombri mah juragan sigana mah .... ::ngakak::

dombret
26-07-2005, 09:08 AM
Originally posted by silverhammer
ah, api-api teu apal... :P
nu pasti mah, karet nu kitu moal bisa dipake sapintrong...
anjir... dipake sapintrong ??? berarti geus logor pisaaaaan !!! %heh

Originally posted by mang jami
muhun .... eta api-apina henteu apal ...

dombri mah juragan sigana mah .... ::ngakak::
adeuh mang jami... da enya... didinya nu sok meulian ka sayah... %gg

ceuk beja mah, tong make nu kararitu cenah...
teu ngeunah !!! ::belizlol::

mang jami
27-07-2005, 12:22 PM
percaya .... abdi percaya ....


:o


::arg!::

dombret
03-08-2005, 08:13 AM
eh ayeuna nuju saribuk naon euy???
17 an deui ??? hehehehe
asa tereh waktu teh nyak ???
asa cikeneh nu kamari ge..

mang jami
05-08-2005, 12:34 PM
17 an? di dieu aya lomba + bazaar ... di bumi aya lomba karaoke keluarga & staff ... ::ngakak::

dombret
05-08-2005, 02:52 PM
naha nyak, unggal 17 teh acara na kitu2 wae... tp tetep rame...

silverhammer
06-08-2005, 03:36 PM
he he... lomba karaokean, tempatna silih poyok... jadi kaingetan "Pasosore" tvri bandung....

render
09-08-2005, 10:53 AM
brret jadi moal ka ditu tea ???
bejaan sayah nyak !?!?!?!?
indit na jam braha?? pulsa urang beak euy... ::bentar::

mang jami
11-08-2005, 12:34 PM
Originally posted by render
pulsa urang beak euy... ::bentar::

meli .... meli ....

dombret
11-08-2005, 01:34 PM
mang... pangmeulikeun pulsa atuh jang render... mun dibere, si render mah nonggeng ge daek da.... %gg

mang jami
12-08-2005, 01:22 PM
Originally posted by dombret
mang... pangmeulikeun pulsa atuh jang render... mun dibere, si render mah nonggeng ge daek da.... %gg


pangmeulikeun pulsa? ::huekk::

eta saha?

dombret
12-08-2005, 01:49 PM
yeeeh sugan???

mang jami
25-08-2005, 11:49 AM
Originally posted by dombret
yeeeh sugan???

sugan naon? sugan aya nu beunghar jeung henteu butuh duit didieu?

dombret
26-08-2005, 08:47 AM
duit mah kabeh jelema ge butuh nyak mang???
tinggal ayeuna kumaha cara na neangan duit nu sagarede panto... hehehehehe ;)

milanisti7
29-08-2005, 08:39 AM
mang jami bade pang meulikeun pulsa??

eki_mailbox
29-08-2005, 09:44 AM
Sanes ngiklannya iyeu mah... Susuganan weh bisi aya nu tertarik kana acara tipi yg satu inih ^ ^

Pojok si Cepot. Wayang golek modern yeuh!

Unggal poe rebo, tabuh 21.00 WIB (di STV). Siaran ulangna, minggu tabuh 20.00 WIB.

Dijamin tidak akan bikin kapok! Si Acung na pikaseurieun %heh

eyefromher
29-08-2005, 12:53 PM
tong hilap "carox's" dina STV :)
atawa banyolan longser di TVRI
unggal poe naon,abdi hilap :D :D

dombret
29-08-2005, 04:04 PM
:( ayeuna uing teu di bdg euy... tara lalajo acara eta deui.
padahal resep sih...

eki ayeuna di bdg ???

mang jami
30-08-2005, 10:54 AM
tong hilap, acara paporit abdi : SASAGON, sandiwara sunda gogonjakan ...

::ngakak::

bodor ....

dombret
01-09-2005, 08:54 AM
sugan ayeuna jadi ka bandung euy... sono pisan ka bdg teh... :D

eyefromher
01-09-2005, 02:48 PM
neangan naon di bandung kang dombret ????

dombret
01-09-2005, 03:00 PM
neangan nu amis... amis....
sarupa ning, bubuahaaan
naon wae nu kapanggih... ::mega::

naha jadi papatong ??? %heh

silverhammer
01-09-2005, 03:04 PM
long weekend yeuh, jigana bandung bakal pinuh deui... "heurin ku tangtung"...

wilujeng sumping ka nu barade ka bandung... :)

dombret
01-09-2005, 03:06 PM
enyak atuh...
bandung tea... saha seh nu teu sono, komo ari geus jauh ti bdg mah.. :D

eyefromher
01-09-2005, 03:32 PM
nu geus aya di bandung ... geura ngungsi ka jakarta :D :D

dombret
01-09-2005, 03:50 PM
enya sok... ameh sepi..
tiis... duh... coba libur na saminggu nyak ??? %gg

dombret
02-09-2005, 10:49 PM
mang jami... hatur nuhun pisan... tos ngulem abdi...
meni warareg... :D

mang jami
09-09-2005, 05:45 AM
sawangsulna, mbret .... ::ngakak::


anu, eta bill nyusul wae nya .... ::devil2::

Duvester
10-09-2005, 07:49 PM
urang sunda seueur ige didieu. mangga nu seneng investasi di internet, abdi unda di http://www.duves.net

dombret
12-09-2005, 08:47 AM
Originally posted by Duvester
urang sunda seueur ige didieu. mangga nu seneng investasi di internet, abdi unda di http://www.duves.net
;D nembean nyak janten urang sunda teh... naha meni balelol.. %heh

om Liem
13-09-2005, 11:06 AM
sugan teh bareol ::kabur::

dombret
13-09-2005, 12:17 PM
emang naon hartos na bareol teh mang liem?

gue_provokator
14-09-2005, 01:35 PM
alo abang2 n nonie2....(euh, itu betawi ya?)

bade nanya....minta tolong, pengen tau arti kata sunda dibawah ini....

"leuweung leutik ayaan angin
muiran"

hehe....mohon bantuannya ya.....:D

mang jami
18-09-2005, 05:59 PM
Originally posted by om Liem
sugan teh bareol ::kabur::

si gelo .... ::ngakak::

dombret
04-10-2005, 08:12 AM
Saving Private Ryan -- Nulungan si Rian

Rain Man -- Lalaki Cicing di Bogor

Die Hard - Teu Paeh-Paeh

Die Hard II -- Can Paeh Keneh

There's Something About Marry -- Ari Ceu Meri
Kunaon Teh?

Mission Impossible -- Moal Bisa

Paycheck -- Nganjuk Heula

Reign of Fire -- Beubeuleuman

Original Sin -- Tara Ka Masjid

Sleepless In Seattle -- Cenghar Di Ciateul

Silence of The Lambs -- Embe Pundung

Bad Boys -- Budak Baong

Are We There Yet? -- Kusabab macet?

Home Alone -- Katinggaleun

Freddy vs Jason -- Pasea

Casablanca -- Mengkol Ti Sudirman

Gone In Sixty Seconds -- Geura nyingkah !!!

The Awakening -- Hudang Sare

After The Sunset -- Tereh Maghrib

The End of Days -- Seep Waktosna

mang jami
04-10-2005, 01:07 PM
The Exorcist - paraji

American Pie - Bala-bala bule

Charlie and the Chocolate Factory - Dombret ulin ka Factory Outlet

SquishSquash
05-10-2005, 12:35 AM
kumaha damang sadayana??? numpang kenalan boleh teu???:D

eyefromher
05-10-2005, 11:09 AM
wilujeng puasa sadayana...

kumaha poe pertama puasana????

mang jami
05-10-2005, 02:28 PM
duh ... ayeuna henggeus tabuh 2:41 .... tilu jam deui .... ::ngakak::

SquishSquash
06-10-2005, 01:23 AM
ngabuburit euy......????;p

dombret
06-10-2005, 01:33 PM
adeuuh eta geura nyak mang jami... ningalian kana jam wae ?? ;(

nu osok ngabuburit osok kamarana yeuh ??? resep meureun nyak?? ngabuburit bari udud... %heh

Absokster
07-10-2005, 08:48 AM
Originally posted by gue_provokator
alo abang2 n nonie2....(euh, itu betawi ya?)

bade nanya....minta tolong, pengen tau arti kata sunda dibawah ini....

"leuweung leutik ayaan angin
muiran"

hehe....mohon bantuannya ya.....:D

if I'm not mistaken, the translation would be

"whirlwind in a small forest"

dombret
07-10-2005, 09:22 AM
leuweung leutik ayaan angin muiran <= eta paribasa atawa biasa ???

om Liem
10-10-2005, 09:44 AM
selamat puasa nya, tahan godaan atuh ulah ngagosip wae nya

mang jami
10-10-2005, 01:12 PM
jek, saha nu ngagosip? ::bingung::

om Liem
11-10-2005, 09:32 AM
henteu...cuma ngingetkeun hungkul

coolboyz
11-10-2005, 03:23 PM
kamsia kamsia...

dombret
17-10-2005, 01:50 PM
trus aya piobroleun naon deui yeuh ???
paruasa teu euy ??? ngabuburit ngeunah na bari udud... %gg

ah eta mah jaman jahiliyah... ayeuna na mah ulah

SquishSquash
18-10-2005, 05:03 AM
:o jaman jahiliyah teh ngabuburit bari ngudud kitu? ngudud naon yeuh??::bingung::

dombret
18-10-2005, 02:24 PM
nya udud arti sabener na... :D
pangalaman pribados kitu... sok teu kuat nahan mun aya nu udud... sok pipilueun.. tp ayeuna mah geus nteu... :D

eyefromher
18-10-2005, 11:20 PM
pan ayeuna jaman jahiliyah modern

enya kang???:) :)

mang jami
26-10-2005, 04:50 PM
Originally posted by dombret
nya udud arti sabener na... :D
pangalaman pribados kitu... sok teu kuat nahan mun aya nu udud... sok pipilueun.. tp ayeuna mah geus nteu... :D


ayeuna henteu? henteu hilap ngudud maksudna? ::ngakak::

dombret
28-10-2005, 11:02 AM
mang jamiiiiii :D
bagi roko na atuh mang... basa di bandung teu sempet nyobian... ;D

eyefromher
02-11-2005, 01:34 PM
wilujeng lebaran kango akang,teteh,om!!!
semoga ibadah puasa urang ditampi ku Allah SWT amin

mang jami
08-11-2005, 10:53 AM
Originally posted by dombret
mang jamiiiiii :D
bagi roko na atuh mang... basa di bandung teu sempet nyobian... ;D

mbret ... iraha ka bandung deui?

diantosan nya .... ngariung yuuuu?

SquishSquash
08-11-2005, 10:05 PM
naha si dombret hungkul anu diatosan?? Urang heunte...::bentar::

eyefromher
10-11-2005, 12:15 AM
sssttttttt!!!!!!
dombret jeung mang jami keur "ngariung"
tong di ganggu :D :D

SquishSquash
10-11-2005, 05:03 AM
:D ngariung naha berduaan hungkul??? kudu na ngariung teh sakeluarga kitu....::bentar::

dombret
10-11-2005, 11:45 AM
Originally posted by mang jami
mbret ... iraha ka bandung deui?

diantosan nya .... ngariung yuuuu?
basa kamari ka bdg tp senen salasa hungkul mang... riweuh ku acara lebaran :D
jd teu sempet nelepon mang jami... ;)
hoyong ningal orok... :D
Originally posted by SquishSquash
naha si dombret hungkul anu diatosan?? Urang heunte...::bentar::
SquishSquash dimana kituh ??? di bdg oge ??
Originally posted by eyefromher
sssttttttt!!!!!!
dombret jeung mang jami keur "ngariung"
tong di ganggu :D :D
aya-aya wae .... ;p ::toeng::

SquishSquash
14-11-2005, 04:34 AM
dombret--->Abdi teh teu di bandung...tapi di swedia:D

dombret
14-11-2005, 08:32 AM
usum naon di swedia teh euy??? jiga kumaha seh kotana teh? ::bentar::

eyefromher
15-11-2005, 08:51 PM
musim duren meureunan, :D :D
eh aya teu duren diditu ????

SquishSquash
20-11-2005, 12:02 AM
Didieu keur usim dingin...tiis pisan euy.... kota na kumaha? nyak kumaha nyak?? siga kota tua kitu, jaman renaissance istilah na mah.... :D

Musim duren?? hoyang na sih kitu...da tapina teu mungkin, aya ge musim jeruk hehehe...garing lah pokokna mah...:D

dombret
22-11-2005, 08:27 AM
Squash, di ditu sakola atawa damel ???

mang jami
22-11-2005, 10:28 AM
Originally posted by eyefromher
musim duren meureunan, :D :D
eh aya teu duren diditu ????

tah ... eta ... di bumi aya tangkal kadu .... hoyong?

dombret
22-11-2005, 10:51 AM
wah maenya mang ??? upami usum koling-koling nyak... ;)
urang 'murak kadu' %gg

eyefromher
22-11-2005, 04:44 PM
hoyonggggg
ngiringan "murak kadu":D :D

SquishSquash
23-11-2005, 04:05 AM
mang jami teh rek pindah kaman seh??::bentar::

dombret
24-11-2005, 10:21 AM
Originally posted by eyefromher
hoyonggggg
ngiringan "murak kadu":D :D
hayu atuh urang neang kebon na... ::beliz::
Originally posted by SquishSquash
mang jami teh rek pindah kaman seh??::bentar::
balik deui ka jkt ... ayeuna di bdg keneh, pan nembe gaduh cocooan...

SquishSquash
25-11-2005, 03:51 AM
eleuh si mang jami teh pindah ke Jkt sugan teh arek pindah ke amerika.....:D

dombret teh di bdg? kumaha bdg ayeuna?::bentar::

dombret
25-11-2005, 09:15 AM
sayah mah di jkt kang... di bdg mah tentative hungkul... sementawis kitu lah... :D

SquishSquash
26-11-2005, 05:18 PM
kumaha betah teu di jakarta? lamun urang mah teu betah di jakarta..lieur....::bentar::

eh naha urang teh jadi "akang"....::bentar:: Squish mah lain lalaki kang....;p

eyefromher
26-11-2005, 05:23 PM
heueheueuehe...
aya eneng2 didieu ;) ;)

SquishSquash
27-11-2005, 11:01 PM
meunang teu eneng2x di dieui...???;) :D lamun teu yah urang cabut......::bentar:: ::kabur::

dombret
28-11-2005, 10:14 AM
sugan teh jalu... punten atuh neng... :-)
nya mangga wae, bade jalu bade bikang... ;D
asik atuh ari istri mah... punten nyak neng... :D

eyefromher
28-11-2005, 11:47 AM
mangga neng...sok calik :D :D
beuki bawarna warung sunda ieu ;)

SquishSquash
29-11-2005, 02:36 AM
lamun jalu hungkul isina didieui teu asyik atuh....;p

dombret
29-11-2005, 07:43 AM
nya teu nanaon atuh neng... jalu oge da jelema... %heh

Eris
29-11-2005, 10:51 AM
pan isin upami jalu hungkul mah

SquishSquash
29-11-2005, 11:58 PM
nyak atuh teu nanaon, urang jadi anu pan geulisna didieui....::kabur::

dombret
30-11-2005, 10:36 AM
eris istri oge ??? ::bingung::

******************************

ceu SS, emang geulis nyak ??? :-) aduh meni resep ari ningal nu gareulis teh...

eyefromher
30-11-2005, 02:51 PM
2 istri didieu????? 8O 8O

ningali dimana kang???
bagi2 atuh
:D :D

SquishSquash
01-12-2005, 03:04 AM
hiji deui anu mana???8O aya balad yeuh urang.....:D

dombret
01-12-2005, 08:48 AM
itu neng Eris panginten .... ::bentar::

Eris
01-12-2005, 12:48 PM
sumuhun abdi
aya naon yeuh??

dombret
01-12-2005, 03:06 PM
SquishSquash milarian balad cenah... isineun pami istri nyalira di rewong ku pameget... ;D
sok atuh dua-an pada emok. SquishSquash sareng Eris... :D

SquishSquash
02-12-2005, 01:38 AM
emok teh naon sih?? maap vokabulari Sunda urang teh terbatas wakakakaka....:D


eh neng Eris teh aya di Bandung kitu?
::bye::

Eris
02-12-2005, 04:30 PM
emok teh calik kangge istri
upami pameget sae na kan sila

muhun di bandung abdi di cikutra

^^;

eyefromher
02-12-2005, 05:17 PM
abdi di ciwastra...;) ;)

SquishSquash
03-12-2005, 07:28 AM
iyeu eris jeung eyereformer tetanggaan nyak???;)

baheula squish di Setyabudhi :D

eyefromher
03-12-2005, 09:05 PM
jauhan....Squish
kedah 2 kali naek angkot
mahal ongkosna !!! :D :D

SquishSquash
04-12-2005, 07:38 PM
::bye::

urang mah tara ulin ka ciwastra.... lamun ka cikutra sering, aya langganan tukang jahit diditu...:D

kangeun Bandung euy...:( iraha nyak urang balik....

Eris
07-12-2005, 09:52 PM
halah halah
cikutra na palih mana tukang jait na
abi ma di payuneun STIEB
ayeuna mah janten widyatama tah

:D

SquishSquash
07-12-2005, 10:03 PM
poho teh jalan na...pokok na mah pas mentok pertigaan cakeut kuburan teh terus ke kiri....::bentar:: (bener gak yah????)

dombret
10-12-2005, 03:59 PM
arah ka tubagus atuh etamah ceu...

SquishSquash
11-12-2005, 03:33 AM
tubagus mana? tubagus ismail?? eta mah lain di dago kitu??? apa bisa tembus ya??? heheheh.....::bentar::

Eris
12-12-2005, 09:04 AM
muhun
ka sadang serang eta mah
sanes ka cikutra panginten

:D

SquishSquash
13-12-2005, 12:52 AM
:o kayaknya gue harus buru2x mudik ke Bandung deh sebelom semua ingatan gue ilang soal jalan2x di bandung....::sebel::

xnucking_futsx
16-12-2005, 09:41 AM
Wilujeng enjing para kanca sadayana (wayang banget yach, hehe ;p)...

mang jami
16-12-2005, 12:32 PM
eh .... abdi di aria jipang ... tapi ayeuna di jakarta ....

aria jipang ... di diponegoro kitu ... cakeut dago .... jeung gedung sate/gasibu .... ganti ...

eyefromher
19-12-2005, 05:09 PM
eleuh eleuh...mang jami ikutan "memperkenalkan diri" :D :D
aria jipang ::bentar:: ::bentar::
abdi unggal poe kaditu !!!! nu mana nya' bumi mang jami ????

mang jami
21-12-2005, 10:14 AM
nu di payunan RM Aria Jipang .... bumi nu bodas .... aya ayunan di terasna .... eta ayunan katingal ti jalan diponegoro ....

eyefromher
12-01-2006, 02:41 PM
abdi tos ninggali bumina mang jami... ;) ;)

::bentar:: nu ayaan mobil biru tea lain???

SquishSquash
17-01-2006, 05:48 AM
urang teu di undang ka bumi na mang jami yeuh??;p

eyefromher
18-01-2006, 05:28 PM
sanes kitu SS :)
abdi ge ninggali di jalan ungkul ;p
teu abus ka bumi :D

SquishSquash
19-01-2006, 06:44 AM
naha teu abus??
sieun nyak???;p

eyefromher
19-01-2006, 03:00 PM
sieun di sangka pengamen :D

SquishSquash
20-01-2006, 12:51 AM
mun disangka pengamen pan ngeunah....meunang dibere duit!!!:D

eyefromher
20-01-2006, 01:03 PM
mun dibere mah
mun kieu kumaha:"punten jang,teu aya artos alit ...engke we nya' " !!!;D

ampun mang, tong di WP abdiiiii
::kabur::

SquishSquash
22-01-2006, 06:48 AM
wakakakakaka.....:D ;p

mang jami na kamarana yeuh???

Eris
26-01-2006, 11:35 AM
hayu ah urang ka teun mang jami
enak sigana tah
tiis di bumi na
*siga nu apal wae*

eyefromher
26-01-2006, 12:53 PM
hayuu !!! abdi nu ngantarkeun
ongkos bayar sendiri :D :D

Eris
26-01-2006, 01:24 PM
naha?
punya angkot
ongkoh nganterkeun ongkoh ongkos bayar sendiri
kumaha ari si akang

:D

eyefromher
28-01-2006, 05:20 PM
:D boga angkot kumaha??rek bayar angkot keur abdi nyalira ge,hese neangan duitna;p

mun diburuhan ngantarkeun mah...hayuuu

ps: punten,sanes urang sunda !!! maklumin aja klo kata2nya berantakan :D

mang jami
01-02-2006, 11:43 AM
Originally posted by eyefromher
abdi tos ninggali bumina mang jami... ;) ;)

::bentar:: nu ayaan mobil biru tea lain???

mobil biru nu mana? henteu apal abdi mah .... nu biru badag eta?

eta mah gajah, atuh ... gajah dibere cet biru ::arg!::::ngakak::



Originally posted by SquishSquash
naha teu abus??
sieun nyak???;p

::dudul::

::ngakak::

hauehauheuahuea ...

Originally posted by SquishSquash
mun disangka pengamen pan ngeunah....meunang dibere duit!!!:D

dibere WP wae, nya .... ::ngakak::

hoyong?

Originally posted by Eris
hayu ah urang ka teun mang jami
enak sigana tah
tiis di bumi na
*siga nu apal wae*
::dudul::

eyefromher
01-02-2006, 05:21 PM
ampunnnnn..!! ::kabur::

mun dibere duit mah ,teu ditolak ;p

btw:kabarna urang bandung bade ngarariung nya'
iraha dan dimana??

xnuckingfutsx
01-02-2006, 05:56 PM
bade ngiringan ah :)

Eris
04-02-2006, 12:44 AM
Originally posted by eyefromher
ampunnnnn..!! ::kabur::

mun dibere duit mah ,teu ditolak ;p

btw:kabarna urang bandung bade ngarariung nya'
iraha dan dimana??

telat ah, pan tos di pm kamari
atos dinten ieu tadi tabuh 7 sonten

ngan aya mang jami, worm, jack, sareng abdi
engke urang deui we nya..

:o

Eris
04-02-2006, 12:45 AM
Originally posted by xnuckingfutsx
bade ngiringan ah :)

enya iraha iraha deui ngiringan nya
ameh rame..
urang nabeuh si jack

::ngakak::

mang jami
04-02-2006, 11:23 AM
Originally posted by eyefromher
ampunnnnn..!! ::kabur::

mun dibere duit mah ,teu ditolak ;p

btw:kabarna urang bandung bade ngarariung nya'
iraha dan dimana??

huuuu ... telat ...

aya gosip ... worms & eris ....

traktir ... traktir ...

ngariung deui?

eyefromher
04-02-2006, 06:09 PM
kamari telat abus ka KG :D

hmmmm..
wilujeng kango eris jeung worms ;p

mang jami
04-02-2006, 07:31 PM
muhun .... wilujeng kanggo eris jeng worms ...

diantosan traktirana ... ;)

Eris
04-02-2006, 08:19 PM
naon eta
hus hus
ngagosip si mang jami nya
engke abi di gebukan ku pamajikan na si worm
tanggung jawap tah pang bayarin di boromeus.

masi available simkuring mah

::ngakak::

mang jami
07-02-2006, 03:09 PM
Originally posted by Eris

masi available simkuring mah

::ngakak::

duuuh ... promosinya ... apailable naon na?

traktir ... jeung si worms ah ...

xnuckingfutsx
09-02-2006, 05:53 PM
Originally posted by Eris
naon eta
hus hus
ngagosip si mang jami nya
engke abi di gebukan ku pamajikan na si worm
tanggung jawap tah pang bayarin di boromeus.

masi available simkuring mah

::ngakak::

gosip atawa gosip?? tapi pokona mah traktiran jalan terus atuh nya ;p

mang jami
10-02-2006, 12:58 PM
muhun ... sim kuring ge setuju jeung nu diluhur sim kuring ...

Duvester
26-02-2006, 02:16 PM
rada hese emang urang sunda mah nerjemakeuna

mang jami
27-02-2006, 01:14 PM
Originally posted by Duvester
rada hese emang urang sunda mah nerjemakeuna

hese nerjemahkeun naon? iyeu ... didieu aya penerjemah .... ::ngakak::

Off_Junk
11-03-2006, 05:46 PM
punten...

xnuckingfutsx
12-03-2006, 09:56 AM
mangga :)

eyefromher
12-03-2006, 07:46 PM
xnuckingfutsx; aya buah mangga ?????

bagi2 atuh :D :D

mang jami
17-03-2006, 02:27 PM
tah .... didieu oge hoyong mangga, da ...

::ngakak::

Off_Junk
17-03-2006, 03:09 PM
halah..iye nyariosna ges teu aya nu leres...

eyefromher
18-03-2006, 09:58 PM
8O 8O aya nu kedah di'leres'kan ... ???

ieu mah urusanana mang jami :D :D

ga ikut2an mang ::kabur2::

xnuckingfutsx
19-03-2006, 11:27 AM
naha kitu atuh? IMO, eh... lamun saur abdi, 'mangga' mah sanes bungbuahan di Sunda mah, aya ge buah... buah naon hayoh?? ah lieur... ;D

Off_Junk
20-03-2006, 08:26 PM
aih ari anjeun mah ulah kitu...sok atuh dipangparinkeun...
mangga teh naon artina...

mang jami
08-04-2006, 03:20 AM
mangga sareng teh .... henteu cocok ari kitu mah ...

mangga cocokna jeung naon-nya??

dombret
08-04-2006, 05:44 AM
Originally posted by xnuckingfutsx
naha kitu atuh? IMO, eh... lamun saur abdi, 'mangga' mah sanes bungbuahan di Sunda mah, aya ge buah... buah naon hayoh?? ah lieur... ;D
buah nya buah... aya buah gedong... buah golek.... ;p
ari ceuk urang indonesia mah disebut na teh mangga... tapi di tatar sunda mah mangga teh waleran ari aya nu nyarios 'punten'.

ari di jepang mah mangga teh sarupa ning gagambaran kitu gening nyak ??? hauehuaheuhauehuheuhuuaeh

xnuckingfutsx, maenya jalu jeung jalu deui ??? ::bingung::

karateman
08-04-2006, 08:39 AM
Wilujeng tepang saderek sadaya..

Tos lami sim kuring henteu jalan-jalan ka KG ..

Kumaha daramang?????

mang jami
08-04-2006, 09:29 AM
eh aya mang karateman ....

sok atuh mangga, teman (ti "karateman")

dombret
09-04-2006, 01:14 PM
hahaha mang jami aya2 wae.... karateman jadi teman... ;D

kang teman... naha meni jarang katingal, awis tepang lah ayeuna mah.... :D

sibuk nya kang ?

mang jami... ayeuna dimana euy?

eyefromher
09-04-2006, 02:52 PM
huahaaaa..aya kang TEMAN (ngiringan mang jami) ;) jeung akang dombret???? kamana wae.... ??

warung ieu jadi sepi teu aya nu ngaisi, maenya diisi ku anu teu ngarti basa sunda jiga abdi ieu???

hayuuu....ramaikeun deui ieu warung
:D

xnuckingfutsx
24-04-2006, 10:08 AM
Originally posted by dombret

xnuckingfutsx, maenya jalu jeung jalu deui ??? ::bingung::

eits, eta mah kumaha selera wae atuh :D

mang jami
08-05-2006, 05:31 PM
di jakarta hareudang, nya ... enakeun bolak balik ka bandung ....

ayeuna jalurna= ti pintu tol tebet, ka pintu tol kopo .... :ngakak3:

ayakeun acara ngariung barudak, yoooo ....

xnuckingfutsx
09-05-2006, 12:01 PM
cape dijalan atuh bulak balik ka bandung-jakarta mah ;D

eyefromher
10-05-2006, 03:00 PM
iraha acara ngariungna mang???
abdi ngiring nya'???

mang jami
11-05-2006, 08:49 PM
iraha acara ngariungna mang???
abdi ngiring nya'???

sok we lah .... eta si cacing homo (worm5) nu jadi EO-na .... ::hihi::

xnuckingfutsx
15-05-2006, 02:09 PM
mun ngariung rek naon kitu ::hihi::

InfiniteJustice
15-05-2006, 05:56 PM
sok atuh lamun barade mah....

xnuckingfutsx
16-05-2006, 08:37 AM
yuk... dimana?

msirod
16-05-2006, 07:52 PM
punten, mo nanya nih ama urang sunda:

"Clom kurunyud giriwil.." dalam bahasa endonesa-nyah apaan nya euy? :)

msirod
16-05-2006, 09:39 PM
gimana kalo ketemuan di internet hauahhahahh ::ngakak3::

msirod
16-05-2006, 09:44 PM
ke... ke.. ke...
asa kenal euy ari Karatemen teh?
ari calik di bogor nya? apa urang BKC kitu?

Kahatur para saderek sadaya nu ngartos basa Sunda. Marangga geura dileueut caina...punten ah !!!

msirod
16-05-2006, 09:49 PM
cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok
tai cakcak na sapatu
ampun paralun ulah kalebok

:ngakak3:

punten ah kasar.. (aya deui?...)

xnuckingfutsx
17-05-2006, 10:18 AM
punten, mo nanya nih ama urang sunda:

"Clom kurunyud giriwil.." dalam bahasa endonesa-nyah apaan nya euy? :)

naon clom kurunyud giriwil teh? ::grrr::

xnuckingfutsx
17-05-2006, 10:19 AM
:ngakak3:

alus euy, naon deui atuh ::hihi::

msirod
17-05-2006, 12:15 PM
Dulugdugdag dulugdugdag
naek motor ka Banjaran
Nu gundul diudag-udag
ku dokter rek diubaran
:ngakak3:

msirod
17-05-2006, 12:18 PM
yeh, ari silaing teh, pan uing nanya ka baraya ti dieu?
pokokna mah tentang per-[fishing] alias kagiatan nguseup lah...
siga kieu yeuh:

ari com ari kurunyud ari giriwil...

xnuckingfutsx
17-05-2006, 01:47 PM
diubaran naonna atuh? ::hihi::

xnuckingfutsx
17-05-2006, 01:49 PM
urang mah nyahona oge, clom teh mun ngasupkeun hiji benda ka cai, trus kurunyud jeung giriwil mah teuing tah ;D

InfiniteJustice
17-05-2006, 01:50 PM
adoohh.... di dieu banguna euweuh nu hobi nguseup...
ke ku kuring ditaroskeun ka bapa kuring....

InfiniteJustice
17-05-2006, 01:56 PM
lamun kieu, tatarucingan lain :
peuting-peuting kuring hayang ngising
kaluar sieun ku anjing
kapaksa kuring ngising na piring
isukan na si budi ulin ka imah kuring
ngadahar eta *** dina piring....
disangka kue odading....