View Full Version : Sunda Euy !!!
Halaman :
1
2
3
4
5
6
7
8
[
9]
10
Shishi
02-12-2006, 06:59 PM
aya tatanggi simkuring lulusan sastra sunda, tungtungna didamel di apotek... da kumaha meureun tuntutan dapur ngebul kedah aya pidameleun... janten di damel di tempat nu teu sesuai sareng elmuna (abdi oge sih salahsahijina nu mahiwal jeung kuliah)
pami kitu, kumaha?
ari soal padamelanan mah sanes deui caritana atuh,neng. da sanes lulusan sastra sunda wae anu dameulna teu sesuai sareng elmuna teh. seueur lulusan sarjana sanes ge nu kengeng padameulan tp teu sesuai sareng elmu nu kengen tina kuliah. seueur faktor2 nu nyebabkeun kitu teh,neng. mun diobrolkeun mah panjang lebar, kedah aya pakar sareung jalmi nu ngalamina.
mang jami
05-12-2006, 03:19 PM
muhun ... abdi oge ... sakola di mana ... kerja di mana .... henteu aya nyabung2na ....
siga naon wae ... asa aneh ...
xnuckingfutsx
06-12-2006, 11:37 AM
kuliah mah kanggo milarian elmu, sanes kanggo milari damel ;D
Shishi
06-12-2006, 02:00 PM
kuliah mah kanggo milarian elmu, sanes kanggo milari damel ;D
jawaban si akang eta cerdas! (akang atawa teteh?). leres pisan kuliah mah da tujuan na ge kange nyiar elmu, ku elmu eta teh sangkan urg bisa hirup. tp tangtosna rugi pisan mun tos kuliah salami 4 taon (eta ge mun lancar) korban waktu, sareng korban biaya. tp ari tos lulus eta elmu anu kengen tina kuliah teh teu kaangge...contohna nya tiasa kabayang meureun ku baraya siga kumaha.
poison ivy
06-12-2006, 08:00 PM
kuliah mah kanggo milarian elmu, sanes kanggo milari damel ;D
sumuhun...
maksad sim kuring sanes kitu, ngan nyambungkeun sareng nu naroskeun kamarana lulusan sastra sunda
salah sahijina nya eta, aya pidameleun nu sejen
teu aya waktos kanggo nguruskeun budaya sunda
nu namina sakola mah nya tangtos weh kanggo milari elmu
xnuckingfutsx
07-12-2006, 10:44 AM
jawaban si akang eta cerdas! (akang atawa teteh?). leres pisan kuliah mah da tujuan na ge kange nyiar elmu, ku elmu eta teh sangkan urg bisa hirup. tp tangtosna rugi pisan mun tos kuliah salami 4 taon (eta ge mun lancar) korban waktu, sareng korban biaya. tp ari tos lulus eta elmu anu kengen tina kuliah teh teu kaangge...contohna nya tiasa kabayang meureun ku baraya siga kumaha.
akang yeah ::shinchandance::
urusan rugi atanapi untung mah nya kumaha pribados masing2 atuh... sanajan padamelan teu sami sareng anu diajarkeun di kuliah, tapi kumaha carana elmu anu tos diajarkeun teh teu jadi sia2 :)
xnuckingfutsx
07-12-2006, 10:47 AM
sumuhun...
maksad sim kuring sanes kitu, ngan nyambungkeun sareng nu naroskeun kamarana lulusan sastra sunda
salah sahijina nya eta, aya pidameleun nu sejen
teu aya waktos kanggo nguruskeun budaya sunda
nu namina sakola mah nya tangtos weh kanggo milari elmu
oh kitu, abdi mah kamari mung nembalan jawaban mang jami ;D
poison ivy
07-12-2006, 07:07 PM
oh kitu, abdi mah kamari mung nembalan jawaban mang jami ;D
euleuh,, punten akang, sim kuring teh lepat ngutip::oops::
kedahna eta teh waleran kanggo nu ieu:
ari soal padamelanan mah sanes deui caritana atuh,neng. da sanes lulusan sastra sunda wae anu dameulna teu sesuai sareng elmuna teh. seueur lulusan sarjana sanes ge nu kengeng padameulan tp teu sesuai sareng elmu nu kengen tina kuliah. seueur faktor2 nu nyebabkeun kitu teh,neng. mun diobrolkeun mah panjang lebar, kedah aya pakar sareung jalmi nu ngalamina.
Shishi
08-12-2006, 02:02 PM
akang yeah ::shinchandance::
sanajan padamelan teu sami sareng anu diajarkeun di kuliah, tapi kumaha carana elmu anu tos diajarkeun teh teu jadi sia2 :)
cik kumaha carana? pasihan contona?
xnuckingfutsx
11-12-2006, 11:56 AM
@poison: teu nanaon ;)
@shishi: misalna ngajar di sanggar seni sunda upami libur, nya nu kitu we :D
poison ivy
11-12-2006, 07:04 PM
mun sim kuring pribados mah, dimimitian ti kulawargi heula
mun gaduh putra (ayeunamah teu acan) bade dikenalkeun ka budaya, basa, sareng seni sunda
@xnucking...
eta avatarna meni unik, leres eta teh.. hoyong nikah sareng pameget?
Shishi
11-12-2006, 07:50 PM
@shishi: misalna ngajar di sanggar seni sunda upami libur, nya nu kitu we :D
oh siga kitu sae. ngan elmu eta teh kaanggena saminggu sakali atuh, upami libur wungkul mah...
xnuckingfutsx
12-12-2006, 07:58 AM
mun sim kuring pribados mah, dimimitian ti kulawargi heula
mun gaduh putra (ayeunamah teu acan) bade dikenalkeun ka budaya, basa, sareng seni sunda
sae atuh ari kitu mah :D
@xnucking...
eta avatarna meni unik, leres eta teh.. hoyong nikah sareng pameget?
nikah sareng pameget? apan ulah, eta mah ngan gambar wungkul, teu aya maksad nanaon ::shinchandance::
oh siga kitu sae. ngan elmu eta teh kaanggena saminggu sakali atuh, upami libur wungkul mah...
apanan daripada henteu sama sekali ;D
poison ivy
14-12-2006, 12:41 PM
leres...leres... daripada henteu,
mulailah dari yang kecil (cik pang sundakeun, nuju rada konslet hese mikir)
xnuckingfutsx
14-12-2006, 02:03 PM
ngabalakan ti nu leutik? ;D
mang jami
14-12-2006, 06:17 PM
aehuaheuhaea ...
ayuena mah upami nyuci mobil isukan ... sorena tos kotor deui ....
duh ... ::arg!::
mang jami
14-12-2006, 06:18 PM
aehuaheuhaea ...
ayuena mah upami isukan nyuci mobil isukan ... sorena tos kotor deui ....
duh ... ::arg!::
Shishi
16-12-2006, 07:52 PM
cik urg uih deui kanu tema nu sateuacanna tema nu ieu yeuh :
"kiwari basa sunda tikalangan budak ngora, trutama budak kuliahan atawa sma geus jarang pisan dipake. kadang sok era mung ngomong make basa sunda teh. nepi ka dikampung2 oge mun disakola ngobrol make basa sunda teh era.aneh teu, naha urg sunda beut era ngomong make basa sunda? komo deui mun ngobrol keun soal lalaguan sunda, jaipongan, wayang dll, etamah geus tabu weh. cik ceuk baraya kumaha tah pndapatna".
xnuckingfutsx
17-12-2006, 02:02 PM
hmmm, nya kita basa abdi ngora (padahal ayeuna ge can kolot2 teuing ::hihi::) maksadna keur sma, meni asa aneh we make basa sunda teh, tapi sababna sanes isin, tapi abdi mah sok ngarasa sakola teh kudu formal, jadi di sakola kuduna mah nganggo basa indonesia, tapi pas tos kuliah, jauh ti lembur, asa resep mun patepang sareng urang sunda deui teh :)
poison ivy
18-12-2006, 04:10 PM
abdi ge tara mun isin mah...
malah dikantor sok di poyokan roaming... kusabab sok ojol2 aya istilah sunda nu teu kaharti ku batur... ;D
tapi, mun ningali lingkungan... sunda teh tos jarang dianggo salahsahijina kusabab di jaman kiwari nu serba global ieu (sehenteuna di kota2 siga Bandung) seueur pendatang ti daerah sejen nu teu nganggo basa sunda. apan karunya mun teu ngartoseun mah... tidinya meureun basa sunda jadi jarang dianggo teh
mang jami
22-12-2006, 12:46 PM
tah ... alasan eta mah leres ... tapi kedahna mah nu ngarasa pendatang tiasa menyesuaikan diri ... diajar nyarios basa sunda oge ...
pan proses diajar basa kedah ngangge praktek ... sok we ... abdi ge diajar basa inggris oge kitu ... praktek ...
di bumi oge sadaya nyarios sunda ... abdi nu henteu ngarti jadi ngarti ... (padahal blon lancar ... aheuaheuhauehuaea) ::ngakak2::
xnuckingfutsx
23-12-2006, 06:12 PM
enya, bener kudu praktek mun rek tiasa mah, lamun ngan teori hungkul mah sami mawon ;D
milanisti7
23-12-2006, 08:29 PM
bener pisan... matak na kudu loba gaul jeng nu sasama sunda jadi sunda na makin lancar deh :)
Shishi
24-12-2006, 08:19 AM
hmmm, nya kita basa abdi ngora (padahal ayeuna ge can kolot2 teuing ::hihi::) maksadna keur sma, meni asa aneh we make basa sunda teh, tapi sababna sanes isin, tapi abdi mah sok ngarasa sakola teh kudu formal, jadi di sakola kuduna mah nganggo basa indonesia, tapi pas tos kuliah, jauh ti lembur, asa resep mun patepang sareng urang sunda deui teh :)
karaos ku abdi ge, ari nuju sakola sma mah, da asa hese nyarios sunda teh. asa kumaha kitu...asa aya gengsi2 kitu lah. tp ayeuna diemutan dieu eta nuju masa2 sma teh, asa lucu. naha kuring teh beut gengsinya nyarios sunda.
pas kuliah mah meuni asa resep teh ngobrol ku sunda.
milanisti7
24-12-2006, 08:36 AM
pas kuliah mah meuni asa resep teh ngobrol ku sunda.
bener pisan ....
komo jiga saya pas kaluar di jawa barat... alias ka jakarta jang kuliah....
mani jarang pisan ngmg sunda na
rinziani
28-12-2006, 10:52 AM
Duh mani sono pisan ey.. tara ka kg deui... emmm
nembe tiasa ayena...
kumaha kang.. neng..daramang?
duh nyai ge saatos hijrah ka jkt teh mani atoh pisan mun tepang jeng orang sunda... asa pendak jeng baraya...
komo deui d kntr teh aya sasama sunda jd mun ngobrol teh sunda pisaaannnn.... (jd ciri khas sundana katinggali --> membudidayakan kana kacintaan sunda) hehe...
Bram Collection
28-12-2006, 01:25 PM
aduh sunda nikh...
rinziani
28-12-2006, 01:45 PM
eleh2 mani tiiseun pisan nya.....?
poison ivy
28-12-2006, 03:22 PM
ari nyai, katinggaleun atuh....
ieu teh sararepi gara2 internetna down siganamah...
atticus
28-12-2006, 03:24 PM
duh,, iyeu teh susu,,
mama,,, tolong,,, urang teu ngarti? ::hihi::
rinziani
28-12-2006, 03:49 PM
ari nyai, katinggaleun atuh....
ieu teh sararepi gara2 internetna down siganamah...
Oh kitu nya...?
te terang da di dieu mah sare2 wae...::oops::
bhogun
28-12-2006, 10:42 PM
Sae atuh, kamana wae atuh gaya... hehe
Oh kitu nya...?
te terang da di dieu mah sare2 wae...::oops::
oii... gugaahh,...... (ngoyag2 keun monitor)
ongkoh hoyong bobo ceunah ::mega::
nyarios bahasa nya... (gagaro)
Saur guru kapungkur
anggolah bahasa dengan baik ejeung benar
sayah nyobian praktek bahasa how are yuh kasadaya we kitunya atuh da geuning
punten, aya nu gaduh senteg?
di bumi abdi seueur beurit sareung reungit huhuhu
eh BeTeWeh ,berita na leres teu nya? upami gara2 gempa di laut saurna oge di taiwan
pangaruh kana saluran internet sa-asia ::capek::
sayah teh lagih ngabayangkeun kabel internet nu bararadag ting pabeulit meureunnya
ngaleureuskeun pita kaset oge seusah komo mun kabel dilaut kitu nya
heuheuheu.... ;p
rinziani
29-12-2006, 10:27 AM
sayah teh lagih ngabayangkeun kabel internet nu bararadag ting pabeulit meureunnya
ngaleureuskeun pita kaset oge seusah komo mun kabel dilaut kitu nya
heuheuheu.... ;p
NYAI GE BADE NGIRING NGABAYANGKEUN AHH..::bweekk:: ::bweekk::
Kacipta nya jiga mie pabaliut jeng pejit dina jero beuteng(leres eu tulisana)
bhogun
29-12-2006, 07:31 PM
NYAI GE BADE NGIRING NGABAYANGKEUN AHH..::bweekk:: ::bweekk::
Kacipta nya jiga mie pabaliut jeng pejit dina jero beuteng(leres eu tulisana)
euleuh, nyai teh ngabayangkeun naon atuh. kade bilih pakujud. ::ngakak2::
eta aya tulisan nu lepat, janten nulisna eu leres kitu heuheuheu ::mega::
(padahal sayah oge lieur ku e jeung eu)
waduh nyarios emih, jadi laper ui ? ::yeah::
sundanish
01-01-2007, 08:17 PM
Aduh tos lami simkuring teu kadieu.. Kumaha dararamang?
Ma'lum koneksi internet di kampus proksina rada pikasebeleun.. jadi we teu tiasa ka forum...
Wilujeng boboran haji...:D:D:D:D
rinziani
02-01-2007, 08:46 AM
Aduh tos lami simkuring teu kadieu.. Kumaha dararamang?
Ma'lum koneksi internet di kampus proksina rada pikasebeleun.. jadi we teu tiasa ka forum...
Wilujeng boboran haji...:D:D:D:D
muhun nya mani sararono kieu tah...
sok atuh anuh sindang heula.... tapi sing lami ulah bura buru...
da moal di piwarang ngagebugan reungit ku BHOGUN.....(da bhoguna nuju nyate,.. kenging di pasiha ti panitia nya bogg..)
wilujeng tahun anyar nya...(2007)... kasadayana...
xnuckingfutsx
02-01-2007, 09:03 AM
sumuhun, wilujeng taun 2007 oge :D
poison ivy
02-01-2007, 09:00 PM
Kacipta nya jiga mie pabaliut jeng pejit dina jero beuteng(leres eu tulisana)
teu ::oops::
beuteng kedahna beuteung
poison ivy
02-01-2007, 09:07 PM
Aduh tos lami simkuring teu kadieu.. Kumaha dararamang?
Ma'lum koneksi internet di kampus proksina rada pikasebeleun.. jadi we teu tiasa ka forum...
Wilujeng boboran haji...:D:D:D:D
wilujeng boboran oge kasadayana
::sembah:: ::sembah::
::minggir:: hayu atuh haneutkeun deui ieu forum meni tariris kieu ah ::minggir::
mang jami
02-01-2007, 10:01 PM
wilujeng BOBODORAN ... ::ngakak2:: ::ngakak2:: ::ngakak2::
anu ... wilujeng naon-nya .... wilujeng boboran jeung taun 2007 wae ah ... ka sadaya warga thread basa sunda ...
bhogun
02-01-2007, 11:42 PM
Allhamdulilah, sarae ...
sund..:ayeuna mah proksi tos teu dodol deui paling boyot sakeedik-sakedik
dadanguan kamari mah 80% on.. tos terang meren nya.. hehe enjoy we
mihaturkeun ka men sareng nyai
Anu boboron haji salamat nya
Anu tos krismesan oge sami
umum na salamat taun baru we ::pesta::
deuh... eta acuk sareng jam tangan meuni aranyar yeuh.
::grin::::grin::::grin::
eta saha nu nganggo sapatu baru ting bobolokot kubumbu sate yeuh.:D
khusus mang jami salamat panganten anyar nya...deuh atos lami eta teh? hu hui
xnucking jeung ivy tos gaduh putranya... hiawhiaw
da moal di piwarang ngagebugan reungit ku BHOGUN.....(da bhoguna nuju nyate,.. kenging di pasiha ti panitia nya bogg..)
atuh sumuhun da, terang wae nyai mah
(bararenjol urut di gebugan ku rinziani)
ti dinya oge kenging tilu keresek nya rinn..
engke uih keun deui sakeresek nu sayah nya ::mega::
carita sayah teh kamari ngan seueur molohok
ningali suku sapiw aya tinu meja... huhu
kumaha nga emam na kitu.
ari daging barbekiuh embew nu alit mah ti soledat kanu bumbu
kantos kateuleug, dugikeun papuket tinu perut kitu ;p
xnuckingfutsx
03-01-2007, 09:37 AM
@bhogun: hush, ngaco ah, masih bujangan ting ting kieu maenya disebat tos gaduh putra ::hohoho::
rinziani
03-01-2007, 10:30 AM
@bhogun: hush, ngaco ah, masih bujangan ting ting kieu maenya disebat tos gaduh putra ::hohoho::
Eleh..eleh... ulah baeu kitu ah....apan bhogun...
masihan du'atah... ameh geura enggal2 cenah...
da kamari ge samemehnyate si bhogun komat kamit helula bari nyebut xnuc...xnuc..
bhog.... sate nyai anu dikirimken kana andong dugi teu?
xnuckingfutsx
03-01-2007, 01:25 PM

enggal2 gaduh putra, aduh, nuhun, tapi entong lah, masih hayang hirup bebas ;D
poison ivy
03-01-2007, 06:13 PM
khusus mang jami salamat panganten anyar nya...deuh atos lami eta teh? hu hui
xnucking jeung ivy tos gaduh putranya... hiawhiaw
sanes pangenten anyar deui meuren.. tapi panganten heubeul :D
euleh-euleuh bhogun teh kengin inpormasi timana
informasina meni teu akurat pisan::bweekk::
ivy mah teu acan gaduh, nembe resolusi ::hohoho::
enggal2 gaduh putra, aduh, nuhun, tapi entong lah, masih hayang hirup bebas
mun gaduh putra teu bebas kitu?
xnuckingfutsx
03-01-2007, 06:30 PM
resolusi taun baruna gaduh putra? aduh aduh hebat euy batur mah ;D
mun gaduh putra teu bebas kitu?
sahenteuna mah jadi teu sabebas keur bujangan meureun ;D
poison ivy
03-01-2007, 08:28 PM
upami ngaraos teu acan puas bebas mah kitu da, puaskeun heula weh nepi ka weureu nyalira atanapi duaan sareng soulmate ::oops:: hehehe
mugi-mugi taun payun dibumi tos aya orok, entong orok buta wae nu dikeukeuweuk teh ::hohoho::
xnuckingfutsx
04-01-2007, 10:45 AM
orok buta teh nu siga kumaha *sokimut.com* ;D
bhogun
04-01-2007, 10:51 AM
@bhogun: hush, ngaco ah, masih bujangan ting ting kieu maenya disebat tos gaduh putra
Ting tong uink salah eui, avatar ente teh meni hepi kitu atuh men
jadi ente teh ting ting nya... sayah mah ting tong we ::ngakak2::
bhog.... sate nyai anu dikirimken kana andong dugi teu?
atuh atos dugi, nuhun nyai...nyam..nyam *ngagayem bari samutut*
tiaasan nyulap geuning tinu keresek janten sate
nyai teh tiasa masak nya...::oops::
(sakejap ngalamun asa ti desa geuning nya..hui..hui)
euleh-euleuh bhogun teh kengin inpormasi timana
informasina meni teu akurat pisan
ivy mah teu acan gaduh, nembe resolusi
euh.. saur joker di betmen 2007 ::mega::
kamu teh poison ivy atawa cat woman atuh?
eta ninggal avatar teh ting ngaburinyai tinu cangkir
janten eta resolusi ngantosan di upgrade nya, ::hohoho::
amin.. atuh mugi2 ngarenderna sing lancar...
di bantosan kusaha atuh kitu... ku kang soulmate nya ::oops::
xnuckingfutsx
04-01-2007, 11:08 AM
Ting tong uink salah eui, avatar ente teh meni hepi kitu atuh men
jadi ente teh ting ting nya... sayah mah ting tong we ::ngakak2::
atuh, mun ting tong mah katurunan bel meureun nya ::hihi::
poison ivy
04-01-2007, 12:29 PM
.. saur joker di betmen 2007 ::mega::
janten eta resolusi ngantosan di upgrade nya, ::hohoho::
amin.. atuh mugi2 ngarenderna sing lancar...
di bantosan kusaha atuh kitu... ku kang soulmate nya ::oops::
tong percaya ka si joker ari kitumah::bweekk::
amiin...nuhun ah
sumuhun ieu teh resolusina nuju dibantosan ku si akang nu karacunan ku posison ivy ::hihi::
orok buta teh nu siga kumaha *sokimut.com*
nya nusiga si akang soulmate lah...::hihi::
xnuckingfutsx
04-01-2007, 02:43 PM
si akang soulmate teh orok buta anu karacunan, meni karunya pisan ::oops::
rinziani
04-01-2007, 02:59 PM
si akang soulmate teh orok buta anu karacunan, meni karunya pisan ::oops::
eleh karacunan naon ieu teh??::nangis3::
pami teu leupat dangu ... mun anu karacunan kedah enggal2 di pasihan susu..
.... panginten buta2 oge ari kana susu mah terangeun nya??::oops::
rinziani
04-01-2007, 03:14 PM
atuh atos dugi, nuhun nyai...nyam..nyam *ngagayem bari samutut*
tiaasan nyulap geuning tinu keresek janten sate
nyai teh tiasa masak nya...::oops::
(sakejap ngalamun asa ti desa geuning nya..hui..hui)
ih .. ari kang bhogun kumaha nya.. apan anu dina keresek mah.. daging embeeee..... tah ari sate.... sate sapiiiiiiiii.......
kitu nya pami tos aki2 mah sok hilapan.....::grrr::
poison ivy
04-01-2007, 04:59 PM
heuheuheuhe.... nemben nyadar abdi teh meni kejem geningannya....
tos dibantosan ku si akang kalahkah diracun sareng dikeukeuweuk :P
untung anjeunna tara protes, kalahkah resep ;D
bhogun
04-01-2007, 09:24 PM
atuh, mun ting tong mah katurunan bel meureun nya
buehehe sanes ateuh, sayah mah katurunan es teng teng... da kumaha atuh
ujug-ujug murag tinu tatangkalan kitu ::shinchandance::
mun ente turunan ting ting... eleuh eta teh anak ucing nya
sumuhun ieu teh resolusina nuju dibantosan ku si akang nu karacunan ku posison ivy
*bhogun gagaro bari nyusut umble...culang-cileung neangan nu bintik2 karacunan adrenaline....
ari kang solmat teh bentuk na siga kumaha, dual processor sanes nya ? ::mega::
sayah mah terang na ge tukang solpatu huhu
bhogun
04-01-2007, 09:31 PM
ih .. ari kang bhogun kumaha nya.. apan anu dina keresek mah.. daging embeeee..... tah ari sate.... sate sapiiiiiiiii.......
kitu nya pami tos aki2 mah sok hilapan.....::grrr::
aduh punten neng sugan teh sate andong.. ::bow::
huhu atuh neng... ntong baeud.. cup..cup...
apan nan akang teh orok keneh ti dieu teh
tuh kan gigi palsu akang murag we...
engke eneng di kiraman deui nya, hoyong naon atuh... hoyong pety atawa jengky.
pety ti dieu teh hararejo da semu pink aya pita an, komo mun jengky hararum kitu.
atanapi neng zia palay cucu.. ::mega::
itu aya anak ucing ting torojol lucu nya
euleuh itu kunaon andong kuda ngabuzuran akang ::sweat::
poison ivy
05-01-2007, 02:10 PM
*bhogun gagaro bari nyusut umble...culang-cileung neangan nu bintik2 karacunan adrenaline....
ari kang solmat teh bentuk na siga kumaha, dual processor sanes nya ? ::mega::
sayah mah terang na ge tukang solpatu huhu
naha dual prosesor sagala?
solmet teh pokonamah sanes si slamet lah... ::hihi::
rinziani
05-01-2007, 02:33 PM
sanes si selamet tapi si mamat nya??
heheh....
xnuckingfutsx
05-01-2007, 02:35 PM
heuheuheuhe.... nemben nyadar abdi teh meni kejem geningannya....
tos dibantosan ku si akang kalahkah diracun sareng dikeukeuweuk :P
untung anjeunna tara protes, kalahkah resep ;D
kang soulmate na rada masochist panginten ;D
buehehe sanes ateuh, sayah mah katurunan es teng teng... da kumaha atuh
ujug-ujug murag tinu tatangkalan kitu::shinchandance::
mun ente turunan ting ting... eleuh eta teh anak ucing nya
pantesan atuh jogedna ge meni jagoan kitu da ti orok tos biasa murag ti tatangkalan ::hihi::
be te we, nyai rinziani sareng kang bhogun meni akrab kitu, asa raresep abdi mah mun ningali batur akrab teh ::hohoho::
rinziani
05-01-2007, 03:01 PM
be te we, nyai rinziani sareng kang bhogun meni akrab kitu, asa raresep abdi mah mun ningali batur akrab teh ::hohoho::
::hihi:: ::hihi:: jadi isin pami di kituken tehhh......::hihi::
da atuh sareng saha deui ... soalnamah nyai apal bgohun keur leutikna...
rambut galing kikiriwilan ..kulit rada lestreng ( da sok ngojay wae di walungan)umbel hejo.. sok disusut ku dampal panangan ka gigir ..srruppp...bari ngingsrekk.... gogorowokan di buruan bumi ... nyauran nyaaaiii.. nyaii.... urang ulin yukk... tah kitu saban sorena si bhogun teh.
xnuckingfutsx
05-01-2007, 03:10 PM

ya ampun... meni eksplisit pisan deskripsina ;D
poison ivy
05-01-2007, 08:36 PM
kang soulmate na rada masochist panginten ;D
duh, mun kitumah pas atuh da ivy-na sadistis ::hohoho::
hobina oge ngaracunan batur,
akang xnuck palay diracun teu.... ?
(hagg siah...)
::hohoho::
poison ivy
05-01-2007, 08:46 PM
::hihi:: ::hihi:: jadi isin pami di kituken tehhh......::hihi::
da atuh sareng saha deui ... soalnamah nyai apal bgohun keur leutikna...
rambut galing kikiriwilan ..kulit rada lestreng ( da sok ngojay wae di walungan)umbel hejo.. sok disusut ku dampal panangan ka gigir ..srruppp...bari ngingsrekk.... gogorowokan di buruan bumi ... nyauran nyaaaiii.. nyaii.... urang ulin yukk... tah kitu saban sorena si bhogun teh.
euleuh... nyai... bhogun teh nu eta tea.. ???
suganteh sanes budak orok nu nuju diangon ku nyai teh...
atuda ciri-ciina meni siga nu kamari di peuncitan di lembur
duh, karunyanya untung jang bhogun teu ka peuncit ku batur
apanan galingna tos sami, kalakuannya teu beda...komo deui aromana ::hihi::
(melenghir peuty eujeung jengky...)
be te we, nyai rinziani sareng kang bhogun meni akrab kitu, asa raresep abdi mah mun ningali batur akrab teh
sami kang xnuck....
abdi ge resep... komo mun ningali nyai nuju ngangon bhogun... meni kompak lah...
duaan botram sate plus peteuy n jengkol, ngan nu hiji mah jigana leuwih asin da ditambihan ku umbel hejo::grrr::
mun tos wareg teh biasana si nyai sok milarian kutu di rambutna bhogun nu galing kikiriwilan...kutuna oge ararageung sagede cucunguk!
bhogun
06-01-2007, 12:50 AM
wadhuuh... ::sweat::
::tonjok:: naha teurang nya saageung cucunguk ;D
ivyh palay coklat ?
teu hejo da...
rinziani
06-01-2007, 10:06 AM
mun tos wareg teh biasana si nyai sok milarian kutu di rambutna bhogun nu galing kikiriwilan...kutuna oge ararageung sagede cucunguk!
apal teu vy.....::grrr::
kutu na mun geus ngumpul langsung di pais.... di campur jeung oncom ditambah daun surawung... emmm komo deui mun aya pety anu laleutik tah... jd lengkap..da.... dibarengan jeng karedok leunca...
pasti da bhogun lahap pisan truz kamerkaan, bogun gogoleran dihandapen tangkal bari ngusap2 beutungna anu geus buncit...
::ngakak2:: haha....::ngakak2::
bhogun
06-01-2007, 01:23 PM
bakakak..... dodol ::ngakak2::
masak na nganggo kaleng cucu indumilek
si nyai mah ngulub kutu na ge tutung da [flamed]
::ngakak2:: ::shinchandance::::hihi::
Shishi
07-01-2007, 09:35 AM
hoyong ngiringan ngobrol tp hese bade leubeutna yeuh. kedah komentar naonnya?
xnuckingfutsx
08-01-2007, 07:53 AM
*maca postingan nyai rinziani, ivy sareng bhogun*
aduh2... untung can emam yeuh, coba mun atos mah...::huekk::
@shishi: ah nimbrung weh, nyambung teu nyambung nya sambungkeun we, didieu mah seueur pegawai telkom ;D
rinziani
08-01-2007, 09:47 AM
ah nimbrung weh, nyambung teu nyambung nya sambungkeun we, didieu mah seueur pegawai telkom ;D
matakna ualh kaget mun di thread ies ting buricak... soalna seeur anu koslet
bakakak..... dodol
masak na nganggo kaleng cucu indumilek
si nyai mah ngulub kutu na ge tutung da
kang.... apan anu rada tutung tea nu enakteh.... ::hohoho:: ::hohoho::
poison ivy
08-01-2007, 04:44 PM
aya pegawai telkom....?
aya lowongan jadi pegawai telkom deui teu di bandung? ;D
teu nyambungnya..? sok atuh pang sambungkeun, da pegawai telkom
hoyong ngiringan ngobrol tp hese bade leubeutna yeuh. kedah komentar naonnya?
naha bet hese sagala... kedah diracunan heula mereunnya ;)
(angger)
bhogun
10-01-2007, 01:09 PM
hoyong ngiringan ngobrol tp hese bade leubeutna yeuh. kedah komentar
naonnya?
(ningali sishi teterekelan kanu genteng)
eta jalan kanu panto we atuh supados teu hese ;p
mangga we atuh...komen naon we kumaha sae na
bilih sakantenan bade freshtea mangga atuh di leueut
(ngaladangan nyimpeun teh botol depan monitor)
kumaha ciparay sae shi
aduh2... untung can emam yeuh, coba mun atos mah...
kade we bilih masuk angin bos, :D
buehehe ti kamari ge sayah di kerokan wae, kamerkaan minum teh botol yeuh..
kang... apan anu rada tutung tea nu enakteh....
huhu sumuhun atuh, janten seueur ramehong kieu siga indian ::shinchandance::
nyai, upami tilpun na tiasa diskon teu? :D
aya lowongan jadi pegawai telkom deui teu di bandung?
teu nyambungnya..? sok atuh pang sambungkeun, da pegawai telkom
taroskeun na mencet ka 118 atuh vy, sugan we di jemput ;p
sayah nawarkeun barang ka 110, kalakah di gusur huhu
Shishi
10-01-2007, 02:36 PM
(ningali sishi teterekelan kanu genteng)
eta jalan kanu panto we atuh supados teu hese ;p
mangga we atuh...komen naon we kumaha sae na
bilih sakantenan bade freshtea mangga atuh di leueut
(ngaladangan nyimpeun teh botol depan monitor)
kumaha ciparay sae shi
euleuh ncep nuhun pisan freshtea na. meuni segerrr. ...::hohoho::
numawi simkuring teh kirang terang yeuh kaayaan ciparay , soalna ayeuna nuju teu di ciparay, ncep.
rinziani
10-01-2007, 02:57 PM
numawi simkuring teh kirang terang yeuh kaayaan ciparay , soalna ayeuna nuju teu di ciparay, ncep.
ari ciparay teh anu siga pamente nya?
caket sareng cipanas teu?::oops::
maneh lain ayeuna teh aya di jepang shi? ;D
abdi teu nyangka maneh ngartos sunda euy, pararunteun nya umpami sunda abdi teh kasar teuing...
jarang nganggo sunda atuda ;D
p_conk
10-01-2007, 03:30 PM
Rarieutnya.....
mang jami
11-01-2007, 11:51 AM
iyeu aya naon ... meni gandeng pisan ...
silverhammer
11-01-2007, 12:46 PM
da biasana oge di dieu mah gandeng wae pan? ::grin::
ah, asal gandengna rada puguh we, tong gandeng teu puguh...
punten ah ka sadayana, ngiring ngalangkung...
Shishi
11-01-2007, 01:28 PM
maneh lain ayeuna teh aya di jepang shi? ;D
abdi teu nyangka maneh ngartos sunda euy, pararunteun nya umpami sunda abdi teh kasar teuing...
jarang nganggo sunda atuda ;D
kaleresan we dikersakeun ku pangeran, tiasa sakola di negeri batur yeuh. nya sakumaha jerona diajar bhs asing ge teu kengen hilap atuh kanu basa sorangan mah. leres teu?
ari ciparay teh anu siga pamente nya?
caket sareng cipanas teu?[
lepat, neng. ciparay mah cakeutna sareung chicago...::ngakak2::
leureus leureus pisan nyai eh shi ;D
lamun abdi teh da jarang nganggo sunda matakna basa sunda abdi mah beuleut -_-
Shishi
11-01-2007, 02:35 PM
lamun abdi teh da jarang nganggo sunda matakna basa sunda abdi mah beuleut -_-
jarang dianggo teu nanaon asal tong dihaja we dijarang-jarangkaeun.
rinziani
11-01-2007, 04:21 PM
jarang dianggo teu nanaon asal tong dihaja we dijarang-jarangkaeun.
Shi .. kumaha mun hoyong nyarios sunda tapi teu aya lawanna?
nyarios nyalira mereun? siga nuju ngapalkeun teks....::grrr::
euntong ah, kade disangkana gelo ;D
"nyarios" we di dieu :D
Shishi
12-01-2007, 02:02 PM
Shi .. kumaha mun hoyong nyarios sunda tapi teu aya lawanna?
nyarios nyalira mereun? siga nuju ngapalkeun teks....::grrr::
nya pami teu aya pisan lawan mah, ku tulisan we atuh. siga kieu we, ngobrolna lewat internet ge teu nanaon. kade sanes internit nya ,neng...::oops::
rinziani
12-01-2007, 04:22 PM
nya pami teu aya pisan lawan mah, ku tulisan we atuh. siga kieu we, ngobrolna lewat internet ge teu nanaon. kade sanes internit nya ,neng...::oops::
hehe... bentena internit jeung internet naon tah?
euntong ah, kade disangkana gelo
"nyarios" we di dieu
ihhhhh siuuunnnnn
duhhh.... ari bhogun kamana budak teh nya....?
ieu papais geus seer kanggo bhogun...
itant
12-01-2007, 04:46 PM
nepangkeun...
abdi anggota enggal...
kenging ngiriingaaan...???
Shishi
14-01-2007, 01:34 PM
hehe... bentena internit jeung internet naon tah?
.
benten na gampang pisan. internit mah ku " i ", ari internet mah ku "e"....::ngakak2::
bhogun
14-01-2007, 02:57 PM
abdi teu nyangka maneh ngartos sunda euy, pararunteun nya umpami sunda abdi teh kasar teuing...
menurut kacamata pangamat... tiasa wae kata "maneh" sanes kasar
kusabab naluri rerencangan nyauran ka 1 na deui
biasana mah nyeplos keun kata "maneh" siga anu tos kenal lami
tah mung kitu na mah parnyataan ieu masih tiasa di anggeup syah..
bari na ge tos nyebat punten. syah na tos dobel 2 kali.. ::oops::
kade atuh nyebat e sareung eu
bilih pabaliut siga pangamat atuda.
euh... pangamat maksud na sayah gitu loh ;p
siga na Yuki sami2 saelmu sareng shishi nya
.. moshi - moshi atuh (lereus teu nya)
nya pami teu aya pisan lawan mah, ku tulisan we atuh. siga kieu we, ngobrolna lewat internet ge teu nanaon.
tah eta kusabab sayah oge teu tiasa nulis tinu monitor
janteun di ajar ngetik.. huhu
masih u-udagan jempol sareng curuk sayah ge kitu.
atuh numawi shishi teh ka nagara sakura sanes
nuju milarian elmu atanapi ngadosenan ti ditu teh...
sing sukses we nya...
atuh engke mah tong repot ku ole ole na nya..
cekap ku tsukiyaki atanapi chikenkatsu we ::hihi::
weiit... nolak na oge seusah atuda.(kukurubukan)
bhogun
14-01-2007, 03:05 PM
duhhh.... ari bhogun kamana budak teh nya....?
ieu papais geus seer kanggo bhogun...
mana atuh paisna ::sakaw2:: heahea
(kaluar tinu bungkus kulub daun pisang)
atuh ieu kompor gas na tos bade se-ep
siga na keudah nganggo suluh deui huhu
eta korsi teh awi jati...tiasa meureun nya
nepangkeun...
abdi anggota enggal...
kenging ngiriingaaan...???
moal ameeeng... !!
(sibuk macaan koran bolong,...ngahuleung ningali itant nyandak katepel)
mangga atuh...welkom... sok cingciripit heula atuh ::hihi::
nu kenging dapet freashtea mun eleh dapet sprit...
kumaha damang atuh itant teh?
Jack Cloning
15-01-2007, 11:58 AM
walah..rame pisan didieu nya, bade ngiringan yeuh.. kenging teu?
rinziani
15-01-2007, 03:15 PM
sok atuh ari bade ngiringan mah....
pami tiasa nawis... eta avatarna tiasa d gentos teu???
serab ey..... ninggalina....
Jack Cloning
15-01-2007, 04:54 PM
serab nu belah manana? ::hihi::
lainna seksi ?
xnuckingfutsx
15-01-2007, 05:39 PM
jack mah avatarna meni beda ti basa itu oge ;D
Jack Cloning
15-01-2007, 05:55 PM
halah..kok jadi ngabahas avatar kuring sih? ::hihi::
xnuckingfutsx
15-01-2007, 06:09 PM
atuh da avatarna meni kumahaaa kitu ;D
poison ivy
15-01-2007, 08:03 PM
serab nu belah manana? ::hihi::
lainna seksi ?
duuh...
kang jack avatarna meni ::eng:: ::eng::
punten ah... bade
::huekk::
poison ivy
15-01-2007, 08:12 PM
wargi warga sunda....
bade naros yeuh... sugan we aya nu terang
upami basa sunda di jawa barat teh aya sabaraha rupi...
sami sadayana atanapi benten tiap wilayahnya?
Jack Cloning
16-01-2007, 11:00 AM
duuh...
kang jack avatarna meni ::eng:: ::eng::
punten ah... bade
::huekk::
avatar nu ieu mah masih mendingan atuh..
timbangan abdi make nu ieu tah...
http://forum.kafegaul.com/showpost.php?p=6195786&postcount=50
kumaha ?
Shishi
21-01-2007, 08:45 AM
atuh numawi shishi teh ka nagara sakura sanes
nuju milarian elmu atanapi ngadosenan ti ditu teh...
sing sukses we nya...
atuh engke mah tong repot ku ole ole na nya..
cekap ku tsukiyaki atanapi chikenkatsu we ::hihi::
weiit... nolak na oge seusah atuda.(kukurubukan)
muhun, abdi nuju milarian elmu tapi teu pendak2 wae sareung si elmu teh, duka dimana.::homer::
aduh ogun ge tiasa ningan nyarios bhs jepang teh.
eta naon deuih sareung aya tsukiyaki sagala, tsukiyaki mah atuh hartosna beuleum bulan sanes beuleum daging. anu leresna mah sukiyaki...
wargi warga sunda....
bade naros yeuh... sugan we aya nu terang
upami basa sunda di jawa barat teh aya sabaraha rupi...
sami sadayana atanapi benten tiap wilayahnya?
pami teu leupat mah aya 3, naon2 na mah kirang terang jelas. tp asanamah sunda bandung, sunda cirebon sareung sunda tangerang kitu. cik eta taroskeun we ka ogun tah, pan pengamat bhs sunda.::hohoho::
bhogun
22-01-2007, 02:53 PM
brahaha..
sekseh deh aw.. bantal na
kade atuh bantal na bilih se-ep
kumaha damang o-om jek ? ;D
wargi warga sunda....
bade naros yeuh... sugan we aya nu terang
upami basa sunda di jawa barat teh aya sabaraha rupi...
sami sadayana atanapi benten tiap wilayahnya?
upami dijawab di racunan teu? ::hihi::
tuh kan ceuk sayah oge aya 3, ngan kapiheulaan
hehe enteu ketang ;p...
(mukaan memory nu tos konslet)
ari sabaraha rupi mah sayah mah kirang teurang...
tapi pami sacara umum mah, ka itung tiap
palosok teh barenten logatna.. atuh naon nya kecap na kitu..
pami teu salah emut mah... contoh we
ningali basa kampung naga(garut/rada hilap deui), baduy(banten)
sareng nusanesna nu lewih kapolosok... atanapi antar kota
duka ieu teh bahasa "ha na ca ra ka da ta sa wa la" nana, atawa sanes heuheu
ntong disebut ieu ilmiahnya, sayah ngamat salewat da sanes bidang na
sugan we aya nu leuwih teurang deui kanu masalah nu kieu teh
sumangga we atuh ari aya nu lepat mah ralat we
punten atuh nya,...aya nu masak prakedel? huhu ;D
muhun, abdi nuju milarian elmu tapi teu pendak2 wae sareung si elmu teh, duka dimana.
aduh ogun ge tiasa ningan nyarios bhs jepang teh.
eta naon deuih sareung aya tsukiyaki sagala, tsukiyaki mah atuh hartosna beuleum bulan sanes beuleum daging.
anu leresna mah sukiyaki...
mugi2 we atuh si elmu na tiasa kapendak, elmu naon atuh eta teh?
kade atuh ntong nyandak kamenyan ::hihi::
ari sayah mah milarian ge tos ka kolong, kakaratak kanu meja, kulkas, lomari
atuh geuning sing horeng aya na tinu saku si konci na... huhuhu
ari bahasa japun mah sakeedik - sakedik ngan 0,5 persen kitu
atuh sareng shisi mah tiasa ningkat mereun presentase na nya
buehehe... sstt ah. sayah mah sanes pengamat bahasa sunda
cuma ngamatan kecap... tiasa teu na kacocolan chikenkatsu ::hohoho::
rinziani
23-01-2007, 12:23 PM
alah kamarana ieu teh nya?
aricalan payung sugan????
xnuckingfutsx
23-01-2007, 06:37 PM
saha nu icalan payung? abdi butuh yeuh, didieu hujan wae...
poison ivy
23-01-2007, 07:34 PM
aya abdi mah didie...nuju ngantosan penjelasan2 ti akang, teteh, euceu, nyai...mang (eh mang jami kamana yeuh... meni asik kitu nui nuju bulan madu deui ;D)
kamari saleresna abdi tos mosting, tapi tos panjang-panjang teh kalahkah ical duka kamana (siganamah aya nu nyumputkeun) kulantaran hoream ngetik deui janten we... teu jadi
upami nyai rinziani teh aslina sunda mana, tasik sanes...
mun teu lepat sunda tasik mah teu jauh beda sareng sunda bandung nya, ngan aya istilah nu benten... contona sakedik dibasakeun sa alit
aya deui nu sejen? sok atuh bagi-bagi tong dikeukeuweuk wae :D
rinziani
24-01-2007, 04:52 PM
aya abdi mah didie...nuju ngantosan penjelasan2 ti akang, teteh, euceu, nyai...mang (eh mang jami kamana yeuh... meni asik kitu nui nuju bulan madu deui ;D)
upami nyai rinziani teh aslina sunda mana, tasik sanes...
mun teu lepat sunda tasik mah teu jauh beda sareng sunda bandung nya, ngan aya istilah nu benten... contona sakedik dibasakeun sa alit
aya deui nu sejen? sok atuh bagi-bagi tong dikeukeuweuk wae :D
mun menurut nyai mah... ti masing masing daerah pasti aya perbedaana tapi ari terbagi sabarahana mah duhh kirang terang... jiganamah mang jami tah geura enggal di gebrag keun ...(ulah sina ngahenen wae, kena2 usum hujan)::shinchandance::
aya salah sahiji contona
"PUSING"
saur orang tasik (nya saya sorangan sakantenan ngawaler ivy) rieut
tapi mun saur orang kuningan menit
aya deui saur orang bandung ( ivy nya? ) puyeng
tah aya oge anu nyebat lieur... (jigana mah bahasana bhogun)
sok tah anu gaduh bahasa sanesna di tambahan .... dei..
tah kitu vy..
nyai mah da tara ngekewek bahasa..... tapi osokna dikekewek ::ngakak2::
saha nu icalan payung? abdi butuh yeuh, didieu hujan wae...
tuh bhogun .. anu icalan teh.. sok atuh geura ngagaleuh ....
kamari nyai ninggali bhogun nuju lulumpatan di terminal cineam nanawarkeun payung ka tukang ojek... bari kulimis jiga tos di banjur cai panas..hehhe.. ::doh::
xnuckingfutsx
24-01-2007, 07:44 PM
@poison: sigana meni resep pisan ka kecap dikeukeuweuk ;D
nambihan ah, lamun teu salah mah kecap pusing teh satanapi ti lieur aya deui, nyaeta jangar
Fani TORI
24-01-2007, 09:12 PM
semua na..
mau dong ajarin basa sunda,,aku tuh orang sunda Kuningan,,tapi gak bisa ngomong dalam basa sunda,,huhuhu sedihh,,cuma ngerti aja orang lain ngomong apa,,ada gak ya tempat les basa sunda? Ibu ku kerja,jadi gak bisa banyak ngajarin,,hatur nuhun :)
PM aja ke: ichigo_peaches@yahoo.com
mang jami
25-01-2007, 04:46 PM
les sunda ... nu aya les naon nya .... les inggeris kitu .. les jepang ... upami sunda mah ameng wae sareng barudak ...
xnuckingfutsx
26-01-2007, 10:25 AM
ka mang jami we mun rek les sunda mah ;D
mang jami
26-01-2007, 12:38 PM
njis ... abdi oge henteu acan lancar ....
tatarucing: saha pelatih bola nu hobi ameng???
Acan Uwih (Arcan Iurie) ... pelatih persib ...
xnuckingfutsx
26-01-2007, 04:49 PM
nanya tatarucingan tapi langsung dijawab ko sorangan ;D
bhogun
27-01-2007, 11:18 AM
Fani TORI@:
langsung ajah praktek di dieu atuh... teu apah-apah da...::grin::
ngomong campru yg penting mah uhui kali nya... sumangat ajah
rinziani@:
nyai mah nitipand payung na nu gambar miki mos,
tukang ojeg na ge hoyongeund nu gambhar mini mos atudha... hatchiiw !!
nyai mah rieut, sanes lieur atuh bilih puyeng,
paling sayah mah nambihan na jeprut ::mega::
mang jami@:
Hidupp kang ibingg !!!... ::ngakak2::
poison ivy@:
nya atuh ngeungeuweuk mouse bari ngahoihoy keyboard, haneut da
komo mun di luar bari hujan...
di kanan ci kopi di kiri cemilan, wuih manteb ::mega::
pami conto kalimat basa kuningan kieu kitu:
"lima menit abdi menit ningali nu ngitung menit ting mararenit di internit"
ngartoskeun na kumaha nya ?
kade atuh, maca na sa alit - sa alit bilih menit nya ::hihi::
rinziani
27-01-2007, 02:03 PM
:(|)
::banana::::banana::::banana::::banana::::banana::
::banana::::banana::
Shishi
28-01-2007, 09:54 AM
tatarucing: saha pelatih bola nu hobi ameng???
Acan Uwih (Arcan Iurie) ... pelatih persib ...
naon eta si mang meni garing pisan nya...::hohoho::
lenny83
29-01-2007, 10:22 AM
mau belajad sunda nich.. gw taunya dikit bangget ..
ada yg mo ngajari ga?..pls..
o ya slain itu mau dong belajar sunda online d site apa ya..?
thx b4
Shishi
29-01-2007, 01:34 PM
hoyong diajar basa sunda mah didieu ge tiasa atuh neng, teu kedah milarian situs nu sanes. didieu tos jarago basa sunda na ge, ti pengamat dugi ka tukang payung aya didieu mah...::ngakak2::
poison ivy
29-01-2007, 02:57 PM
hayu atuh urang dialajar basa sunda, abdi oge nuju diajar keneh ieu teh...
teh Lenny sareng Fani TORI tos tiasa naon wae.. urang tambihan :P
rinziani
30-01-2007, 11:35 AM
vy... mun teu salah mah kapungkur masih aya pr kan?
eta tah bahasa sundana terpuruk naon?
sok atuh da nyai ge acan teurang sadaya.....
p_conk
30-01-2007, 12:06 PM
pararunten yeh aa, teteh sadayana. sarua abdi oge bisa sunda saetik2 mah. Pokona rarieut lah nya....
poison ivy
30-01-2007, 08:59 PM
mangga... mangga...
@p_conk
saleresna basa sunda mah teu rieut, ngan jarang dianggo meureun... janten teu biasa,
rinzi... sim kuring oge teu acan terang, naon atuh terpuruk teh nya?
abdi mah kosa kata nu dikuasaina oge nembe sakedik, kirang praktek sareng kirang bacaan basa sunda yeuh...
tuluuung :D
poison ivy
30-01-2007, 09:02 PM
pssst.... aya nu ngiringan milis ieu (http://groups.yahoo.com/group/kisunda/) ????...
kira-kira milisna sae kanggo di ajar basa sunda teu?
sundanish
30-01-2007, 09:14 PM
abdi ngiringan, tapi jarang maca postinganana hehehe;D
mang jami
31-01-2007, 09:28 AM
gih ... barudak sunda ngariung ...
tapi ngariungna di bandung ... sareng jeung barudak forum kotamu kotaku kota kita (thread bandung) ...
kumaha?? hoyong, teu?
poison ivy
31-01-2007, 07:31 PM
hoyong mah hoyong.... nanging teu aya waktosna
entong di bandung atuh.. bandung tos heurin ku tangtung
hoyong ka kampung sampireun, garut euy...
@rinziani atanapi sadayana
kecap "euy" biasana dianggo ku daerah mana wae nya?
mun teu lepat di tasik mah euy teh janten eung leres teu...??
rinziani
01-02-2007, 09:30 AM
zia(wae nya) atanapi sadayana
kecap "euy" biasana dianggo ku daerah mana wae nya?
mun teu lepat di tasik mah euy teh janten eung leres teu...??
::doh:: rada2 oneng yeuh...
kela euy eta teh kanggo ngawaler mu di sauran nya...??
(misal sek ivy "ziii" trus di jwb ku ziiii .... " heuy") kitu sanes nya???
mun lereh, di tasik mah ngangge na pake h alias "HEUY"
tapi aya oge anu nganggo kecap euy jeung eung, di sabagian wilayah tasik.
yaaahhh... rada pelosok gitu deh...::cabul:: ::cabul::
gih ... barudak sunda ngariung ...
tapi ngariungna di bandung ... sareng jeung barudak forum kotamu kotaku kota kita (thread bandung) ...
kumaha?? hoyong, teu?
hoyong pisan .ih... sok atuh aya keun... (insya allah bade sumping lah.. da hoyong terang kota bandung dugi ka pelosok2na)
geura damel panitianya... pa ketum mang jami meren nya?
poison ivy
01-02-2007, 06:11 PM
oooh, zia..
(asa urang pakistan ;D)
sanes euy kanggo ngawaler, tapi euy siga judul ieu thred : Sunda euy...
mun dibandung, ngawaler mah biasana nganggo "kah" atanapi "kulan"
tara nganggo "heuy" (nembe terang yeuh...)
Fani TORI
02-02-2007, 05:38 AM
SEbel banget deh. Masa' gara-gara dikira bukan 'sebangsa' alias dikira bukan orang Sunda, kemaren pas ke pasar harga belanjaan awis pisaann euuy,,
Ini nich..gara-gara dikira penjualnya bukan orang Sunda..
hhuuaahh,,tolong
xnuckingfutsx
02-02-2007, 10:47 AM
wah, rek karumpul yeuh, tapi di bandung mah jauh atuh ti dieu :(
@fani: aduh meni karunya pisan, abdi ge lamun walanja sok diawisan, sanes kusabab teu tiasa basa sunda, tapi saba teu tiasa nawis ;D
bhogun
02-02-2007, 06:02 PM
Mangga atuh silahkan pilih kurikulum nyah nu hoyong di ajar mah
di sini mah gratis da.. kumaha bos emod ketang ::hihi::
rame2 meureun nya saling ngajar...
nuju naon atuh coy ? :D
ieu mah basa kang sule (SOS) anu oke coy punya
nu janten lebet kanu tipi sanes nya kitu..heuheu ;p
nambihan, janteun emud kapungkur di Padeglang ecang-ecang serang (banten)
euy tiditu mah jing, nu can biasa mah karaos na kasar
ngan cenderung leuwih kanu sapantar
conto we:
"pangnyokotkeun gitar euy !" = "pangnyokotkeun gitar jing !"
mun sepuh ningali anak na kitu mah pasti di polototan
nya da kumaha deui, da sayah oge pernah ka alaman... ::grrr::
fani TORI@:
itu kade ada selokan, ntar nutug deuih heuheu...
biar bukan orang sunda mah yg penting gaya...
bener kata si xnuc nya... bilih teu tiasa nawis
hehe sami sayah ge... ujug2 pangaluaran kasedod
mang Jami@:
bolju tuch...
upami aya waktos engke ka hari H na mah...
mugi2 upami tiasa, nya...
sakanteunan ningali vote na heula aya sabaraha urang na..
hadir teu hadir yang penting mah pis nya... komandan
gimana atuh yang lain nyah ?
buehehe.. ke di traktir ku mang jami... meureun na mah
(lulumpatan nurugtug ka trit bandung..)
w0rm5
02-02-2007, 06:27 PM
hoi barudak....mun bisa mah, atuh miluan ngariung di DIEU (http://forum.kafegaul.com/showthread.php?p=6297112#post6297112)
rek bisa, milu, teu bsia teu paduli...yang penting mah ngomongkeun heula weh....bisi kahareupna gaduh waktu keur ngariung :D
basa sunda belepotan gini...%swt
mang jami
02-02-2007, 07:33 PM
sok atuh ...
rencanana mah kaping 10 pebruari ...
tempatnya di cafe olala BIP ...
tapina ... tabuh sabaraha worms???
kumaha barudak?
w0rm5
02-02-2007, 07:39 PM
nya di omongkeun di forum sebelah weh...tonk didieu... :D
bahas kumpul2 di FORUM INI AJA (http://forum.kafegaul.com/showthread.php?p=6297220#post6297220)
ehehehe
mang jami
04-02-2007, 02:52 PM
muhun ... sok ... jumat we ..
keterangan nu jelas, mangga ka thread ALL ABOUT BANDUNG di forum kotamu kotaku kota kita ...
bhogun
04-02-2007, 10:26 PM
Deuh, nu garaya nuju liburan euy.. ::grin::
mang jami
06-02-2007, 11:34 AM
saha nu nuju liburan?
worm eta nuju resah ...
mang jami
06-02-2007, 11:35 AM
saha nu nuju liburan?
worm eta nuju resah ...
lenny83
07-02-2007, 04:36 PM
Kumaha.. atuh.. kawula ga seberapa mangarti.. kadang kalo dipahami secara saksama dari tulisan kadang mencoba mengartikan sendiri
kalo tidak ada kamus kan asal aja aku ngartiin e
kalo bisa referensi sitenya dunk ..^_^
makacih
Shishi
07-02-2007, 05:56 PM
euleuh2 bakal malayoran di BIP ieu teh, ah resep sigana mah...
w0rm5
08-02-2007, 10:54 AM
saha nu nuju liburan?
worm eta nuju resah ...
RESAH? resah naon na ;D
lain na situ nu resah teh? :D
sundanish
08-02-2007, 02:32 PM
saya teh kuliah dugi ka jam 5 enjing teh, telat teu nanaon nya?
barudak di forum kampus ge di ajakan atuh, pan aya itb sareng unpad... enya teu?::oops::
w0rm5
09-02-2007, 06:43 AM
teu nanaon da ;D
barudak forum kampus tos diajakan ku abdi...:D
Shishi
09-02-2007, 12:11 PM
bakal nanaon ceunah kumpul2 teh...? bakal botram?
poison ivy
09-02-2007, 05:54 PM
wilujeng ngempel bareng
diantosan carita sareng foto-fotona
abdi mah kaleresan nuju teu di lemah cai ;D
Purrfect
09-02-2007, 06:02 PM
punten atuh nyai en mamang sadayana ???
urang mo nanya kira2 aya makian sunda yang hebat ??? mau ngomel pake bahasa jawa timur musuh ane ngerti solusi lain sih make bahasa sunda...
bisa dibantu ????
pokoknya musuh ane sih teung-teuingan ....... bangorna kacida pisannnn
mang jami
10-02-2007, 05:55 PM
aya ... tapi henteu sopan ... kasar pisan euy ...
purrfect gaduh kucing kitu???
rinziani
15-02-2007, 09:33 AM
duh tulungan yehh... lieeeerrrrr.......
alo nyai gaduh pr tapi mani hese pisan...
tah mamanawian aya anu kersa masihan terang...
ieu soalna....
tulis kecap nu dimimitian ku hurup konstan dua engang di handap ieu
(Q, V, X, Y, Z)
Contoh:
G = ga-gu
gu-ru
H = ha-te
he-se
diantos nya....
Purrfect
15-02-2007, 12:44 PM
aya ... tapi henteu sopan ... kasar pisan euy ...
purrfect gaduh kucing kitu???
wahhh pokoknya mah........
speechles lah
silverhammer
15-02-2007, 07:59 PM
tulis kecap nu dimimitian ku hurup konstan dua engang di handap ieu
(Q, V, X, Y, Z)
Contoh:
G = ga-gu
gu-ru
H = ha-te
he-se
diantos nya....
wah basa sunda mah teu aya kecap nu nganggo hurup-hurup eta. Eh hurup Y aya ketang... "yeuh" :D
mang jami
16-02-2007, 06:55 AM
naha kitu ... upamina di sunda mah henteu aya nu dimimitian F jeung V ...
upami nu Z, di sunda mah janten J atuh ...
hese oge milarian nu dimimitian ku Q ...
nah ... upami milarian nu dimimitian ku X, mending ka saritem heula ... ::ngakak2::::ngakak2::::ngakak2::
rinziani
21-02-2007, 11:21 AM
heheh....
emang bener mang.....
nyai ge mani lieur pisan milarianna...
guru teh mani iseng pisan nya?
masihan tugasna ti huruf A dugi ka Z...
eleh2... eta mah nyiksa.....
alhasil.....
dikosongken wae.....
silverhammer
21-02-2007, 01:41 PM
F jeung V ge saleresna mah seueur...
conto: Fersib jeung Versikab :D :D
Shishi
21-02-2007, 09:36 PM
abdi Qamari meuser Feuyeum bandung saXilo Zeung si uZang di kebon Xalapa. feuyeumna meuni Vuleun visan Yeuh...
kumaha tah mun kalimat na kitu
mang jami
24-02-2007, 11:40 AM
ahuehauheuaheuhaea ...
shishi aya2 wae ... beuh ... ::ngakak2::
silverhammer
24-02-2007, 01:11 PM
he he alus oge kalimatna....
kade we di setrap ku bapa guru ::grin::
rinziani
26-02-2007, 12:44 PM
etamah anu nyariosna urabg arab mereen nya???
::ngakak2:: ::ngakak2::
Shishi
26-02-2007, 03:33 PM
sanes urang arab atuh, neng. tp urang amerika nu diajar basa sunda ngan nungajar na urang arab...::ngakak2::
silverhammer
27-02-2007, 12:06 PM
jadi nu salah urang amerika. Naha diajar basa sunda teh kalahka urang arab? Diajar basa sunda mah ka urang sunda atuh. ::grin::
eh padahal urang diajar basa arab ku urang sunda nya. Ustadz Agus, ti pesantren di GaRUt... ::ngakak2::
mang jami
28-02-2007, 12:47 AM
hese nya ...
abdi oge henteu terang (logat jawa)
Shishi
28-02-2007, 10:19 AM
jadi nu salah urang amerika. Naha diajar basa sunda teh kalahka urang arab? Diajar basa sunda mah ka urang sunda atuh. ::grin::
soalna urang amerikana teu apaleun eta teh urang arab. da urang si urang arab teh istrina ge urang sunda tos gaduh putra 3 deuih....::hohoho::
mang jami
28-02-2007, 04:20 PM
naha janten curhat kiyeu ...
upamina bade nikah jeung urang arab ... ya mangga ...
::kabur2::
Shishi
28-02-2007, 06:15 PM
heunteu ah, mang. abdi mah hoyong nikah sareung urang ciparay we, nya sateubih-teubihna sareung urang baleendah we ::hohoho:: . euleuh jadi curhat deui...::oops::
w0rm5
28-02-2007, 07:55 PM
naha jadi ngomongkeun nikah %swt
jig geura nikah....ngan ton nepi ka ai suami di dieu, istri na didinya ::hihi::
kumehe? :D
*kabur*
Shishi
28-02-2007, 08:12 PM
atosan ah... moal nyarioskeun nikah deui pamali !. da abi na ge mah masih alit keneh deui. sareung teu acan gaduh kabogoh deuih. (euh curhat deui, curhat deui...::oops:: ).
mang jami
01-03-2007, 08:39 PM
naha jadi ngomongkeun nikah %swt
jig geura nikah....ngan ton nepi ka ai suami di dieu, istri na didinya ::hihi::
kumehe? :D
*kabur*
njis ... belegug siah ...
kurang ajar ... hayang dikepret, mar???
::ngakak2:: ::ngakak2:: ::ngakak2::
xnuckingfutsx
02-03-2007, 10:09 AM
emang enakna nikah naon sih, saur babaturan abdi mah nikah teh = penjara kelamin ::hihi::
silverhammer
02-03-2007, 04:50 PM
bae penjara oge, asal sipir penjarana geulis mah ::grin::
eki_mailbox
03-03-2007, 12:34 PM
bae penjara oge, asal sipir penjarana geulis mah ::grin::
sanes kitu atuh, kumaha mun goreng patut? rek ulin jeung hayam nu geulis? ulah ah ::cabul::
nu penting mah cinta we lah... dimana2 oge nu sajati mah CINTA
Shishi
03-03-2007, 04:43 PM
emang enakna nikah naon sih, saur babaturan abdi mah nikah teh = penjara kelamin ::hihi::
maksadna naon nya penjara kelamin teh? punten da abi masih alit keneh...::oops::
mang jami
03-03-2007, 06:33 PM
duh ... naha jadi BT kiyeu ...
hush ... hush ... tong ngarobrol nu porno ...
Shishi
04-03-2007, 09:33 AM
nya ah...tong ngobrolekun nu karitu bilih janten dosa. urg ngobrolkeun naon atuh mang?
eki_mailbox
05-03-2007, 10:39 AM
Ngobrolkeun ceceu-na mang jami we lah, si teteh misti, suit suiw... Keun sina panaseun, cemburu, cemburu ^ ^'
"eki, hayang ditabok maneh?!" ceuk si mang jami teh
eki_mailbox
05-03-2007, 01:41 PM
Ampun, ampun... Tobat ah... Rek ngobrolkeun nu aya patalina jeung basa Sunda we lah nu jelas mah.
Iyeu yeuh barudak, kumaha ceuk ente2 mun film2 barat di-sulihsuara-keun ka basa Sunda? >< Astagfiruloh, teu kabayang weh abdi mah, eta pas bagian kata2 kasarna ^ ^; @ssh*le janten...
xnuckingfutsx
05-03-2007, 02:42 PM

janten naon atuhnya ;D
silverhammer
05-03-2007, 04:03 PM
Kapungkur pan aya Return of Condor Heroes nu di dubbing Basa Sunda.... di TV Lokal Bdg, STV atawa BandungTV nya? Hilap deui.
tapi jadi asa aneh nongtonna... ;D
Shishi
05-03-2007, 04:18 PM
nya nonton na ge asa lucu.... komo lamun pilm2 holiwud ge di dubbing, ah siganamah resep. kata2 kasarna nu hese ditrjmahkeun, paling oge janten na (punteun) "anjin*-goblo* " meureun...heheh
lemontea
05-03-2007, 06:45 PM
geulis pisan
Shishi
05-03-2007, 08:03 PM
naon anu geulis teh,sep? asa teu nyarambung tea ieu teh....
xnuckingfutsx
13-03-2007, 08:13 AM
maenya geulis naon, saha meureun maksadna ;D
Shishi
13-03-2007, 08:45 PM
oh nya eta maksad na teh "saha" kitu. nuhun atuh kang tos dilereskeun...
eki_mailbox
14-03-2007, 02:22 PM
eeeuh, teu fokus pisan ngobrol2 teh ^ ^;
w0rm5
14-03-2007, 06:10 PM
Kapungkur pan aya Return of Condor Heroes nu di dubbing Basa Sunda.... di TV Lokal Bdg, STV atawa BandungTV nya? Hilap deui.
tapi jadi asa aneh nongtonna... ;D
sepakat euy ;D
lainna merhatikeun cerita na kawaka jd seserian ngadengekeun si tokohna ngomogn sunda...:D
asa teu pantes...
ai settingan di cina jeung sagala china, ai ngomong na sunda....leuwih teu nyambung :D
ngan emg kudu ttp dihargai....ngarana ge tipi urang sunda :D
Shishi
14-03-2007, 06:41 PM
eeeuh, teu fokus pisan ngobrol2 teh ^ ^;
nya kumaha atuh, kang. da hese ari teu aya piobroleun mah.
pucca mon
25-03-2007, 02:46 PM
wuoy...kamarana wae ateuh jelema teh meni sepi kieu euy sorangan ...
geus saminggu topik ieu teu dieusi...
balalik deui wuoooy!!! hudang hararudang harareudang ....::BBB:: ::ngoceh::
Shishi
26-03-2007, 12:54 AM
siap hadir !!.
sepi da teu aya piobroleunna, sok atuh naon nu bakal diobrolkeunna ngameh rame forum na..
Draculy
26-03-2007, 12:41 PM
beuh loba oge yeuh orang sunda di dieu, teuing rek ngomongan naon, lalieur :D
pucca mon
26-03-2007, 04:19 PM
sok atuh geura ngararobrorol (?) ah teu resep ah kieu caranamah meni teu karareatip pisan ...
pirage ngobrol meni hese ateuh ... %hmm
dombret
26-03-2007, 11:16 PM
eta tah mang w0rm5 kades na didieu teh...... (gegedug na....)
::hihi::
w0rm5
27-03-2007, 08:37 AM
saha nu kades? %swt mang jami mereun...teuing tah jelema eta kamana :D
::kabur::
pucca mon
27-03-2007, 01:34 PM
o kitu... da karek terang atuh didieu teh aya kadesna geuningan... punten da abi mah jalmi nembean...
sok atuh mang w0rmS tong era2 atuh lain kades ge... gera deur sok ah... ::wave::
Shishi
27-03-2007, 02:39 PM
euh ku simaing we atuh dibalakanna nya. punten ah.
....
kumaha lamun tatarucingan tah?
Candi naon nu kotor?
pucca mon
27-03-2007, 03:05 PM
candi seuseuh... candi kumbah... candi sikat... candi letak...
Shishi
27-03-2007, 03:09 PM
Salah...salah...
candi mandian....::ngakak2:: (garing pisan...::homer:: )
candi naon nu teu bisa diuk?
pucca mon
27-03-2007, 03:22 PM
candi bucatkeun bisulna
Shishi
27-03-2007, 05:16 PM
masih keneh salah...hehe...
nulain na mana ieu teh? maeunya ngan duaan tatarucinganna teu rame atuh...
w0rm5
27-03-2007, 09:30 PM
candi nu teu bs diuk?
candi bere ijin diuk
:D
Shishi
27-03-2007, 10:06 PM
masih keneh salah...::hihi::
taluk?....taluk...?? taluk teu?
w0rm5
27-03-2007, 11:05 PM
candi jieun tempat diuk na! :D
Shishi
28-03-2007, 07:04 AM
masih kenah salah...
taluk nya. nubener mah Candi Borokbujur.....::ngakak2:: ::ngakak2:: (garing deui garing deui...::homer:: )
sok atuh aya tatarucingan naon?
silverhammer
28-03-2007, 12:43 PM
ti baheula geus aya ide rek nyieun thread tatarucingan, tapi paur bisi garing.... eh nyaan geuningan, garing :P
bae lah garing oge, da urang mah angger we seuri....
Mun ceuk babaturan mah: "Memang orang sunda itu berbakat besar dalam hal-hal penggaringan."
pucca mon
28-03-2007, 12:51 PM
bae lah garing oge, da urang mah angger we seuri....
naha ari urang teu seuri nya?? ::grrr::
dh14n
28-03-2007, 01:47 PM
punteeen...sadayanaaaaaaa.....bade ngiring tiasa teuuuu....::yeah:: ::banana:: ::bnndance1:: ::bnnrasta::
pucca mon
28-03-2007, 02:07 PM
manggaaaaa .... sok bade naon ... dileueut heula atuh caina... sok da didieu mah teu aya nanaon... ulah isin-isin ...
dh14n
28-03-2007, 02:33 PM
eeeuh mani bageur pisan pucca mon teeh..mangga atuh di tampi....::nyam2::
pucca mon
28-03-2007, 02:39 PM
saha heula atuh...pucca mon tea.... ::oops::
neng dh14n bade naon kadieu?? ::really::
dh14n
28-03-2007, 02:57 PM
bade nampang didieu sugan we aya nu ningali....::bweekk::
skinner04
28-03-2007, 03:05 PM
saha nu bade ningali maneh??? :P
pucca mon
28-03-2007, 03:10 PM
apek tai teh ngan hayang nampang hungkul, suganteh... ::grrr::
dh14n
28-03-2007, 03:13 PM
iih kitu geuraaaa.... pan hayang ngaramekeun sakalian ..sok atuh dibuka bade ngobrolkeun naon....::unggg::
dh14n
28-03-2007, 03:15 PM
saha nu bade ningali maneh??? :P
naha ari anjeun ningali urang pan....::bweekk::
sok atuh kenalkeun abdi dh14n anu geulis teaa ......::yeah:: ::cheerleader::
pucca mon
28-03-2007, 03:32 PM
dh14an, sesama geulis hayu urang ngobrol, nu sirik mah bae antepkeun lah ... %heh
dh14n
28-03-2007, 03:55 PM
hayuuu...sok bade ngobrolkeun naon.....::oops::
naha ieu teu aya camilanna kitu....ngan cai bodas wungkul...anu bener atuuh...::grrr::
pucca mon
28-03-2007, 04:02 PM
euleuh...euleuh...dh14n... kumaha atuh..
da abi mah jalmi aliit... ngan ukur aya beuleum kalkun, oseng-oseng spageti,,,
punten atuh da abi mah teu gaduh lauk asin karesep neng dh14n, teu kapeser... %sob
dh14n
28-03-2007, 04:16 PM
kitu nya..karunya pisaan....nya tos atuh tong ceurik...nanng ning neng nangning neg...::mfight::
nya sok atuh pangmeserkeun cucur ka payun..song enggal....pan pucca mah bageur...::bweekk::
naha ieu ngan duaan wae..kamarana sadayana....::newcry::
w0rm5
28-03-2007, 07:17 PM
teuing tah kamarana....teu apal abdi
td teh asa aya nu ngaku2 geulis....mun eweuh bukti mah teu bisa dipercaya atuh :D
skinner04
29-03-2007, 12:49 PM
::setuju::
lamun bade disebut geulis mah... potona atuh.... kadieukeun.....
::useless::
pucca mon
30-03-2007, 12:54 PM
sssttt...tuh kan jadi weh neng dh14n na teu kadieu dieui, eraeun meureun... ;D
sok atuh barudak naon hesena muji neng dh14n, karunya ti leuletik can aya nu muji... ::clap::
w0rm5
30-03-2007, 01:22 PM
dh14an, sesama geulis hayu urang ngobrol, nu sirik mah bae antepkeun lah ...
pertanyaan....
nu ngomong "sesama geulis" sahanya....%ho
pucca mon
30-03-2007, 01:43 PM
pertanyaan....
nu ngomong "sesama geulis" sahanya....%ho
saha nya??? ;D
dh14n
30-03-2007, 03:55 PM
hayoo ngaku sahaa geuraaa......::bweekk::
Shishi
30-03-2007, 07:32 PM
anu geulis mah, tuh avatar na si ujang w0rm5. neng nodame, ah abi bogoh da ka si neng teh...::hohoho::
dombret
02-04-2007, 02:25 PM
tgl 6 jigana teh bandung bakal macet deui nya ? kaditu ah............ :D
Shishi
02-04-2007, 04:00 PM
naha aya naon kitu beut bakal macet? pasti aya si komo lewat nya? (garing deui...::homer:: )
w0rm5
04-04-2007, 08:56 AM
naha aya naon kitu beut bakal macet? pasti aya si komo lewat nya? (garing deui...::homer:: )
enya garing...:P
@puccamon - dh14n
%...
meuni mbung ngaku ih....
rotibakar_nyam
04-04-2007, 04:58 PM
euleuh... geuning di dieu teh seueur baraya...
nepangkeun atuh...
Shishi
04-04-2007, 08:20 PM
aduh aya tukang roti geuningan. mang abi meser hiji tong diladaan...
nepangkeun oge...::kribo::
pucca mon
06-04-2007, 11:19 AM
aduh aya tukang roti geuningan. mang abi meser hiji tong diladaan...
nepangkeun oge...::kribo::
timana aya roti diladaan?? ::ngakak::
... ehh...kela... ::ide:: emanga aya ketang nya?
nu ngaranna burger tea...ah jadi lapar ::cabul::
pucca mon
06-04-2007, 11:21 AM
ari didieu aya nu kuliah keneh teu? dimana kuliahna? ::unggg::
liezmaya
06-04-2007, 05:00 PM
timana aya roti diladaan?? ::ngakak::
... ehh...kela... ::ide:: emanga aya ketang nya?
nu ngaranna burger tea...ah jadi lapar ::cabul::
eh dasar wong ndeso, nya aya atuh kang "nu namina PiZZa tea hue hue".::oops:: ...Punteun ach, heureuy!::ngakak2::
Shishi
07-04-2007, 09:40 AM
ari didieu aya nu kuliah keneh teu? dimana kuliahna? ::unggg::
naha bade naon kitu, jang make naroskeun kuliah sagala? pasti karek lulus sma trus hayang neruskeun sakola tp bingung kumaha. kitu nya...::oops::
pucca mon
07-04-2007, 11:19 AM
naha bade naon kitu, jang make naroskeun kuliah sagala? pasti karek lulus sma trus hayang neruskeun sakola tp bingung kumaha. kitu nya...::oops::
ih meni nyanyahoanan...
da abi ge tos kuliah atuh... ::pletak::
babe_boo
07-04-2007, 11:58 AM
nanya dunk.. bahasa sundanya "sayang banget sama kamu" apa yah? kalo "terimakasih"??
thank u!! hehhe
pucca mon
07-04-2007, 12:13 PM
nanya dunk.. bahasa sundanya "sayang banget sama kamu" apa yah? kalo "terimakasih"??
thank u!! hehhe
terimakasih bhs sundana nuhun
sayang bgt sama kamu = nyaah pisan ka anjeun
cinta bgt sama kamu = bogoh pisan ka anjeun
kenapa? ada pacar orang sunda ya? ::love::
Shishi
07-04-2007, 02:58 PM
ih meni nyanyahoanan...
da abi ge tos kuliah atuh... ::pletak::
oh kitunya...aduh punten atuh, A. manawi teh nembe nuju lulus sma.::homer::
bade naon atuh A, make naroskeun kuliah sagala? manawi we sim aing tiasa ngabantosan kitu.
wassalam[prof]
xnuckingfutsx
09-04-2007, 06:40 PM
nuju ngobrolkeun naon yeuh?
pucca mon
10-04-2007, 02:50 PM
nuju ngobrolkeun dh14n teh ek nikah sakedap deui ,,, nu didieu sadayana diondang !!!
adeuh adeuh adeuh ..... ::love::
::mega:: ::mega:: [pelangi] ::mega:: ::mega::
poison ivy
10-04-2007, 05:10 PM
wilujeng sonten baraya...
abdi kadieu deui :)
Yamada
10-04-2007, 09:28 PM
wilujeng peuting...
abdi teh anggota anyar di dieu...
abdi teu lancaran lamun ngomong pake basa sunda,tapi abdi masi lancaran lamun diajak ngobrolan sareng jelema laen....^^
Yamada tiasa nyarios basa sunda geuningan ;D
Yamada
10-04-2007, 09:49 PM
ah,abdi rada teu ngartos lamun ngomongan pake basa sunda nu alus...^^
abdi oge teu ngartos2 pisan, poko na mah sakaluarna we eta basa sunda ^ ^
pucca mon
11-04-2007, 01:51 PM
abi ge masing mamah bapa abi orang sunda, loba keneh nu teu ngarti, masih mikir ieu ge mun ngomong sunda teh, pabaliut jeng basa indonesa .. [pusing2] [pusing]
dh14n
11-04-2007, 02:40 PM
nuju ngobrolkeun dh14n teh ek nikah sakedap deui ,,, nu didieu sadayana diondang !!!
adeuh adeuh adeuh ..... ::love::
::mega:: ::mega:: [pelangi] ::mega:: ::mega::
euleeuh...puccaa..tong bebeja heula...can pasti....::unggg::
Yamada
11-04-2007, 02:48 PM
abi ge masing mamah bapa abi orang sunda, loba keneh nu teu ngarti, masih mikir ieu ge mun ngomong sunda teh, pabaliut jeng basa indonesa .. [pusing2] [pusing]
walah walah...
sampe kayak sabagitu na.....
euleuh,abdi rek nanyaeun heula,naha urang sunda ti cirebon lamun ngomongan ka urang sunda ti bandung teh rada-rada beda nya cara ngomongnya?nu kanyaho ku abdi teh,kusabab urang sunda ti cirebon ngagunakeun basa na rada kasar dibandingkeun kana basa nu dipakean jeung urang sunda ti bandung.bener nya?
pucca mon
11-04-2007, 02:57 PM
leres .. leres ..
urang sunda ti cirebon ngagunakeun basa na rada kasar dibandingkeun kana basa nu dipakean jeung urang sunda ti bandung
abi oge gaduh rerencangan di kampus urang cirebon tapi da teterang basa sundana kumaha da tos biasa make basa endonesa %hmm
dh14n
11-04-2007, 03:05 PM
eh enya nya..urang cirebon teh mun keur ngobrol teh kadang sok make "jah"...::unggg::
pucca mon
11-04-2007, 03:11 PM
heunteu ah babaturan abi mah .. etamah babaturan dh14n weh .. ::bwekk::
rinziani
13-04-2007, 05:01 PM
punteeennnnn... si nyai sumping deui....
Yamada
14-04-2007, 07:34 AM
euleuh2...
sepi amat ieu teh di dieu...
pada ka mana nya...?
Shishi
14-04-2007, 09:18 AM
sepi nya... siganamah saribuk.
abi ge sibuk pisan yeuh, unggal dinten kedah ngarit wae. jeung kaleresan deui jukut nu aya dikampung tos jarang deuih ayeunamah. atuh kapaksa kedah ngador milarian jukut kange si Alex (nami domba abdi), mun heunteu si alex bisa kalaparan...
sabtu-minggu mah libur heula we ah hoyong istirahat. sareung da jukutna ge cekap kange 2 dinteneun.
pucca mon
14-04-2007, 02:30 PM
sami atuuhh... abi ge sibuk nguruskeun si michelle, entog abi ...
hampura atuh mun tara kadieu ...
rinziani
14-04-2007, 05:40 PM
abi ge sibuk pisan yeuh, unggal dinten kedah ngarit wae. jeung kaleresan deui jukut nu aya dikampung tos jarang deuih ayeunamah. atuh kapaksa kedah ngador milarian jukut kange si Alex (nami domba abdi), mun heunteu si alex bisa kalaparan...
sabtu-minggu mah libur heula we ah hoyong istirahat. sareung da jukutna ge cekap kange 2 dinteneun....
shi.... mun sabtu minggu mah pasihan burger atuh alex na,,, mana tau bisa berubah wujud jadi MINCE........::hohoho:: ::unggg::
sami atuuhh... abi ge sibuk nguruskeun si michelle, entog abi ... hampura atuh mun tara kadieu ...
::ngakak2:: ::ngakak2:: ::shinchandance:: ::shinchandance:: ::ngakak2::
eleh eleh gening garaduh piaraan kitu nya??
abi hoyong lah gaduh entog na.... tapi anu tiasa ngageboy tea geuning....::hihi::
vBulletin® v3.7.0, Copyright ©2000-2009, Jelsoft Enterprises Ltd.