PDA

View Full Version : Sunda Euy !!!


Halaman : [1] 2 3 4 5 6 7 8 9 10

karateman
24-04-2001, 03:22 PM
Kahatur para saderek sadaya nu ngartos basa Sunda. Marangga geura dileueut caina...punten ah !!!

serenity
24-04-2001, 03:30 PM
wilu jeung sumping karate abdi ulah di kadek nya...:D

serenity
24-04-2001, 03:31 PM
teu aya nu rada amis sa eutik? cai wungkul yeuh?

Taro Dosa
24-04-2001, 04:40 PM
euleuuuhh .. geuningan teh ngomongna mani bebas nyaa .. :o
cik atuh sing rada alusan saeutik .. :D :D

serenity
24-04-2001, 04:53 PM
kumaha atuh da kuring mah tos lami di jakarta

karateman
24-04-2001, 05:23 PM
Originally posted by serenity
wilu jeung sumping karate abdi ulah di kadek nya...:D

Euleuh karate tara ngadek.

Ari karate teh asalna tina kecap kara=kosong te=panangan, atuh tara kudak-kadek..bageur da abdi mah ???

karateman
24-04-2001, 05:26 PM
Originally posted by serenity
teu aya nu rada amis sa eutik? cai wungkul yeuh?

Tuh aya sampeu alaeun di pipir..sok wae atuh dibubuy, da aya ari gula kawung mah di enggon..ari liwet mah teu acan asak.

Antosan sakedap nya !!! Urang hudangkeun geura si ujang supados pang ngalakeun sampeu...:D

serenity
24-04-2001, 05:36 PM
teu acan asak? hilap di tinggalkeun ka mall?

gue nyeraaah ngga bisa lagi ::hhh::

karateman
24-04-2001, 05:40 PM
Lah..suluhna kurang geuning, cing pangalakeun suluh di kebon, serenity

serenity
24-04-2001, 05:44 PM
enak aja gue suruh mangkas bambu...;D

karateman
24-04-2001, 05:49 PM
Originally posted by serenity
enak aja gue suruh mangkas bambu...;D

Mun teu tiasa mah..mulung kalakay wae atuh..teu kedah ngababad tangkal..karunya...

Teruterubotzu
24-04-2001, 10:12 PM
Puuuuuunnnnnnnteeeeeeennnnnnnn... :D
Kumaha daramang?

Apa laghi ya... ;( :D

kapzil
25-04-2001, 03:25 AM
gwe ngerti kalo orang ngomong sunda.. tapi kalo gwe ngomong sunda kagak bisa... :D teu tiasa.. :D

bejita
25-04-2001, 04:59 AM
bahasa sunda taunya cuma
sabrahah,kang,teh,naon ( aya naon ), abdi, mah ::nangis::

karateman
25-04-2001, 07:26 AM
Waduh karunya teuing Kang Bejita...diajar atuh..ulah seueur teuing diajar PHP sareng MySQL, mendingan diajar basa Sunda wae...

karateman
25-04-2001, 01:53 PM
Euleuh sepi geuning..kamaranaaaa atuh !!!!

serenity
25-04-2001, 02:20 PM
di dieu di dieu..ka palih dieu atuh kang *sebenernya mau ngomong lebih banyak lagi tapi lost in the dark ::hhh::

karateman
25-04-2001, 03:23 PM
Palih mana Neng Serenity..geuning teu katingal ?? Ulah nyumput atuh...

Catetan : Karunya teuing ku Ki Sunda..lamun lain urang nu ngamumule basa Sunda..rek saha deui ??? Sok atuh ka para saderek sareng baraya anu araya di ibu kota utamina mah kanu tos hilap kana basa Sunda geura dialajar deui di dieu. Mangga dilajengkeun ..yuu maaaaaanggggg !!!!

karateman
25-04-2001, 04:03 PM
Nyanyi ah !!!

Bubuy Bulan

[i]Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe disasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duh, eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana[/b]

serenity
25-04-2001, 04:04 PM
my mother would love you.... :D

khayan
25-04-2001, 04:10 PM
gue kirain buat yang mo belajar bahasa sunda :o
ajarin gue dong :D:D

karateman
25-04-2001, 04:17 PM
Untuk yang mau belajar bahasa Sunda :
Dicandak tina tulisan : Drs.R.H. Hidayat Suryalaga

KAMAHERAN NGAGUNAKEUN BASA (PRAGMATIK)


Tumali sareng Tatakrama Basa (Undak Usuk Basa Sunda) sareng prak-prakanana ngagunakeun Basa Sunda. Tangtos duanana oge nyokona mah dina widang "pragmatik".

Wincikan bidang Pragmatik nya eta:

1.Aspek Sosialisasi
2.Aspek Intelektual
3.Aspek Informasi Faktual
4.Aspek Emosi
5.Aspek Tatakrama

Papakem anu salamina kedah ditumutkeun enggoning ngagunakeun basa sabage alat komunikasi sosial teh, nya eta:

1.Saha nu nyarita/nu nulis (jejer,subyek)
2.Saha nu diajak nyarita/nu maca (obyek)
3.Saha/naon nu dicaritakeun/ditulis
4.Naon tujuanana pangna urang nyarita/nulis
5.Dina kaayaan (situasi) kumaha urang nyarita
6.Cara naon nu digunakeun, tulisan/lisan
7.Kumaha sipatna komunikasi teh (biantara, guneman, caramah, laporan, upacara, abrehan jeung sajaba ti eta)


Iwal ti papakem nu ditataan bieu, aya deui nu kedah dianggo cecekelan enggoning ngagunakeun tatakrama basa (linguistic etiquette) nya eta:

1.Ragam basa nu kumaha nu merenah digunakeun, numutkeun kaayanana.
2. Iraha urang kedah nyarita (ngomong), iraha kedah ngaregepkeun (balem), kumaha carana, nolak, ngaheueuhan, nepikeun kahayang, nyarek, nitah jeung sajabana ti eta.
3. Kumaha sikepna awak (kinesik) dina keur nyarita kaasup robahna awak, riukna pasemon, rengkuh jeung lentong.


Jabi ti eta dikantetkeun sareng papakem di luhur, urang kedah nitenan kana kagunaan (fungsi) basa nya eta:

1. Kagunaan Kognitif tegesna basa dianggo alat pikeun nepikeun elmu pangaweruh, susunan basana tangtos kedah singget, eces tur logis.
2. Kagunaan Konotatif tegesna basa teh digunakeun pikeun mangaruhan batur supados nyaluyuan (nurut) kana kahayang anu nyarita.
3. Kagunaan Estetis tegesna basa teh digunakeun kanggo kaperyogian ngedalkeun rasa endah.
4. Kagunaan Fatis tegesna nuwuhkeun rasa kataji nu maca atanapi nu ngadangukeunana.

Jadi tiasa kauninga yen kamaheran pragmatis teh ageung tumalina sareng hal-hak anu aya diluareun basa. Nanging tanpa hal ieu tangtos tujuan tina pragmatik basa teh moal kahontal.

Wassalam ah !!!
[diedit oleh karateman, 25-04-2001, 04:26 PM]

bejita
25-04-2001, 05:28 PM
Originally posted by karateman
Waduh karunya teuing Kang Bejita...diajar atuh..ulah seueur teuing diajar PHP sareng MySQL, mendingan diajar basa Sunda wae...

wadau apaan ini artinya :D
taunnya cuma PHP MySQL ;D

pluto
25-04-2001, 08:15 PM
artinya, kalau puasa sebelum subuh Bejita seueur dulu kaan ? .. ;D

arsy
25-04-2001, 08:29 PM
nyanyi ah.... :)

Gusti mugia ditampi
kusagala para wargi
haturan wilujeung sumping
tina apresiasi seni

ya Allah mugi dihampura tina samudaya dosa

pluto
25-04-2001, 08:33 PM
mugia = ?
samudaya = ? ::bingung::

karateman
26-04-2001, 07:46 AM
Originally posted by pluto
mugia = ?
samudaya = ? ::bingung::

mugia=semoga
samudaya=segala/semua

To Om bejita :
Belajarlah bahasa Sunda jangan terlalu banyak belajar PHP dan MySQL jadi taunya cuma:

sundainfo();

:D:):D

serenity
26-04-2001, 08:34 AM
Originally posted by pluto
artinya, kalau puasa sebelum subuh Bejita seueur dulu kaan ? .. ;D
seuer kan artinya banyak...gimana sih ;(

karateman
26-04-2001, 09:02 AM
Sambungan :
UNDAK USUK BASA JEUNG KAMAHERAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA Ku: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga


ASPEK SOSIALISASI

Misalna wae kanggo kaperyogian:

NATAMU JEUNG KATATAMUAN

Natamu kudu diluyukeun kana sikep jeung prakprakanana, nya eta:

Kudu:

-Nyebut punten, ngetrok panto teh atawa mencet bel mun aya
-Upama nu muka panto lain nu di maksud, tapi kulawarga atawa rencangna urang kudu nanya kaayaan dirina heula. Kakara nanyakeun anu dipimaksud ku urang, upamana bae:
"Damang Ibu? Dupi Bapa nuju aya di bumi?"
"Kaleresan Neng Sari geuning, dupi Bapa aya di bumi?

-Upama nu boga imah tara make sendal atawa sapatu, sabab tehena dikarpetan, urang oge kudu ngalaan sapatu atawa sendal, sanajan upama ku pribumi dititah dipake oge, basana upama bae kieu:
"Bade dibuka wae sapatu teh, supados laluasa."

-Upama rek balik, kudu amitan. Upama bae:
"Permios bade wangsul, Bu."
"Wangsul Bu, Assalammualaikum."

Catetan:

Ulah pisan upama rek wangsul nyebut mangga. Tapi kudu permios. Kecap mangga mah hartina ngaheueuhan atawa ngajak. Basa hormatna tina kecap heug atawa daek.

Urang kudu apal kana tata-tartib nu biasa dipake di eta kulawarga. Sabab aya kulawarga anu pageuh kana tatatartib, tapi aya oge anu bebas.

Ulah:
-Gogorowokan, nyalukan ngaran anu aya di jero imah ti jalan.
-Ulah nanyakeun anu diteangan, bari urangna anjeucleu dina luhur motor, atawa di jero mobil. Kudu bae turun heula, nyampeurkeun ka anu ditanya.
-Nanyakeun, ukur nolol tina panto. Kudu ngadagoan pribumi nu kaluar, atawa urangna nu dititah asup ka jero.
-Ngomong cowong atawa seuri sangeunahna di imah anu di semahan, najan sobat anu geus loma oge.
-Katatamuan upama urang nu ka anjangan atawa katatamuan (pribumi).

Kudu:

-Narima semah teh bari darehdeh, hartina samemeh nanyakeun bisi aya kaperluan naon-naonna, bubukaan heula dua tilu kalimah ku hal naon bae, minangka sasakna obrolan. Alusna nu aya tumalina jeung semah teh, upamana:
"Kana naon bieu ka dieu, badarat atawa kana ojeg?"
"Sugan teh saha, sok kadieu ka jero heula."

Diwanohkeun atawa dibejaan ka kolot/salaki/pamajikan urang upama kabeneran keur aya, yen ieu semah teh babaturan urang.

"Bu, ieu rerencangan sakola abdi."
"Bapa henteu lali, ieu Eman rerencangan sakola abdi."

Upama semah anu datang teh rek nepungan kolot urang, naha rek ka Bapa atawa ka Ibu, atawa ka lanceuk: kabeneran urang nu muka panto, sarta semahna can kungsi wawuh.
Kudu:

Barang muka panto paroman kudu marahmay.
Urang nu kudu nanya ti heula, kitu oge urangna nangtung kudu geus luareun panto, upamana:
"Wilujeng sonten Pa, aya pikersaeun naon?"
"Bade ngersakeun tepang sareng saha?"

Upama kolot urang keur teu aya di bumi, basana:

"Pun Bapa nuju angkat, bade diantos bae? Mangga linggih heula di lebet."

Upama semah teh rek mulang deui, basana:

"Bilih aya titip saur kanggo pun Bapa?"
"Bilih pun Bapa naroskeun, tiasa abdi terang jenengan bapa, sareng alamat bumi?"

Upama semah teh rek ngadagoan, sarta geus calik di lebet, urang ngarasa teu perlu marengan, urang kudu nyodorkeun suratkabar atawa majalah bacaeunana. Basana:

"Bilih bade ngersakeun maos Koran."
"Teu gaduh aoseun nu anyar, ieu bilih bade ningalian."

Ulah:
-Nanya ka semah bari urangna aya keneh di jero, pantona ukur dipelengekeun.
-Nanya ka semah ku basa nu teugeug.
-Nanya ka semah sacara langsung. Upamana:
"Ari nami bapa saha?"
"Ari bumi ibu dimana?"
"Bade naon bu?"

TEPUNG DI JALAN

Upama nu tepung teh saluhureun, boh umurna boh kalungguhanana.

Kudu:

-Nu leuwih ngora (sahandapeun) nu unggeuk, hormat, upama rek nanya bisa bae tapi leuwih hade nu nanya ti heula mah anu saluhureun ka nu sahandapeun. Ieu nembongkeun sikep saluhureun nu ngajenan ka sahandapeun.
Upama di jalan nu heurin (di gang, tangga), nu sahandapeun nu kudu eureun heula, terus rada meped, bari imut hormat.
Upama dina tutumpakan, cukup ku unggeuk, bari imut. Teu kudu ngulangkeun leungeun.
Upama leumpang rek miheulaan, ngomong teh bisa kieu:
"Punten abdi ti payun, Bu."
"Punten, kapengkeran ku abdi, Pa."

Ulah:
Melengos, atawa ngalieus, atawa api-api teu nenjo.
Unggeuk tapi jagreug, atawa dangah.
Leumpang nyuruntul tepi ka ngadupak batur.

Catetan:

Rengkuhna awak, lentong, pasemon kudu merenah, ulah jagreug, songong, kucem atawa ngejek. Ieu kudu mindeng latihan.

RIUNGAN

Tatakrama nyarita atawa riungan nu formal mah diantarana:

Kudu:

-Ngajenan ka saluhureun, ku cara unggeuk bari imut. Hade bae nanya ti heula, damang henteuna, atawa hal sejenna (upama geus wanoh), pikeun nyambungkeun silaturahmi.
-Ngabandungan susunan acara, jeung jejer acara, alusna dibaca atawa dititenan heula susunan acara basa narima surat ulemanana.
-Upama rek nanya kudu mere isarah (ngacung) kakara pok ngomong mun geus kaidinan ku pingpinan rapat.
-Upama batur nerangkeun atawa boga pamadegan nu beda jeung pamanggih urang, urang kudu nyoba heula ngahartikeun pamaksudanana. Geus kaharti di mana teu akurna jeung pamadegan urang, kakara nyarita. Kitu ge kudu idin nu mingpin rapat.

Tarekahan kudu bisa merenahkeun basa (diplomasi) sanajan rek ngaduan pamanggih batur oge. Upamana:
"Saparantos dibandungan, kasauran Bapa Enjum teh, rupina aya nu peryogi disarungsum deui, nyaeta........."

Ulah:
-Abong geus wawuh, padahal itu the saluhureun, urang wani ngomong songong, nu kitu disebutna calutak.
-Hayang meunang sorangan; tarekahan urang nyarita kudu anca, henteu rusuh komo jeung bari nyeuneu (emosi), mah ulah pisan.
-Ulah nyele (megatkeun) omongan batur, atawa mindahkeun jejer obrolan riungan.

Catetan:

Sopan santun nu pangmimitina dina riungan mah, nya eta datang ulah telat, jeung ulah ninggalkeun riungan bari teu bebeja heula.

Jean-Luc
26-04-2001, 09:38 AM
wooy karateman ::BBB:: ulah loba-loba teuing atuh nyeratna :( :( cangkeul nu maca :o

saeutik-eutik waé lah,... da kuring mah mun loba pisan kitu sok gancang,...... pohona,..... lain ngartosna yeuh!! :(

karateman
26-04-2001, 09:59 AM
Okeh deh..kakak

Dilajengkeun ah :

ASPEK INTELEKTUAL

Aya 2 (dua) conto anu kapidangkeun nyaeta:

1.Biantara
2.Nulis (Karya Tulis)

Kumargi udaganana aspek intelektual, hartosna ngeunaan elmu, tangtos tata krama nulis atawa nyarita oge kedah luyu sareng palanggeran paelmuan, nya eta:

-singget
-ngentep seureuh/nyusun
-logis

Tangtos bae tehnik cara-cara nyusun kalimah, kedah nganggo palanggeran ngarang atanapi biantara, nya eta kedah aya:

-Bubuka (tiasa dua tilu kalimah, malah tiasa ku sakali kalimah bae).
-Maparin pangecesan watesan masalah nu bade didugikeun. Tiasa oge mangrupi sistimatika pedaran anu di wangun ku:
a. Pedaran eusi masalah.
b. Kacindekan tina eusi.
c. Panutup (cekap ku sakalimah dua kalimah bae).

Ungkapan kecap/kalimah nu sipatna emosional teu kedah aya, mamanis basa oge sacekapna bae, dapon ulah "garing" teuing bae.

nyambung...
Cag barudak !!!

inca
26-04-2001, 09:59 AM
Originally posted by kapzil
gwe ngerti kalo orang ngomong sunda.. tapi kalo gwe ngomong sunda kagak bisa... :D teu tiasa.. :D
sarua ... abdi ge kitu ... kalo orang ngomong sih ngartos, tapi abdi mah teu tiasa ngomong sunda euy! cuma kebagian logat doang ... :D :D

Jean-Luc
26-04-2001, 10:08 AM
Originally posted by karateman
Okeh deh..kakak



Naah kitu atuuhhh :D geuning bageur ;) ;)

karateman
26-04-2001, 10:22 AM
Originally posted by Jean-Luc
Naah kitu atuuhhh :D geuning bageur ;) ;)

Emang baguer abdi mah...lamun keur ngalatih karate oge pang bageurna !!!:D:):D

Sambungan :

ASPEK INFORMASI FAKTUAL

Kamaheran pragmatik kanggo ngadugikeun informasi faktual, kacida sumenderna kana:

1.Kamaheran ngaringkeskeun bahan nu bade didugikeun, teu ngandung harti kedah tiasa ngawilah-wilah mana pikiran poko, mana pikiran tambahan.

2. Maher nyusun deui ringkesan bahan tea dina wangun anyar nu luyu jeung pribadi nu nyaritana, naha informasi the sipatna kognitif, afektif atawa psikomotorik.

3. Kitu deui urang kudu apal pisan kana kaayaan jeung saha-saha nu harita aya. Ieu pikeun nangtukeun urang milih ragam basa nu mana, naha Ragam Loma (Kasar) atawa Ragam Hormat (Lemes).

4. Kudu beunghar ku kandaga kecap (nu mangrupa sinonim, antonym) pikeun leuwih ecesna informasi nu ditepikeun.

Nyambung keneh...cag !!!

eki_mailbox
26-04-2001, 12:51 PM
Simkuring teh 100% ti bumi Parahyangan, tapi da kumaha atuh atos pacampur kiyeu, tara dianggo di bumi oge, janten kararagok lah. Ku ahlina weh sok, mangga dilajeungkeun...

serenity
26-04-2001, 01:23 PM
ceunah (bodo ah ::hhh:: ) tara ngadek saha -saha

karateman
26-04-2001, 01:51 PM
Originally posted by serenity
ceunah (bodo ah ::hhh:: ) tara ngadek saha -saha

Ngalatih karate mah teu kedah kudek-kadek..karunya atuh bilih baruntung pananganna upami parantos rengse latihan..:D:):D

karateman
26-04-2001, 01:57 PM
Originally posted by eki_mailbox
Simkuring teh 100% ti bumi Parahyangan, tapi da kumaha atuh atos pacampur kiyeu, tara dianggo di bumi oge, janten kararagok lah. Ku ahlina weh sok, mangga dilajeungkeun...



Kita perbaiki nih !!!

kiyeu ---->kieu
bumi------>rorompok (untuk menyebut rumah sendiri, kalo rumah orang lain baru pake bumi..misalnya:bumi Pa camat..kalo untuk kita sendiri, rorompok abdi mah di..)

Ocehhh...

Jean-Luc
26-04-2001, 01:59 PM
mun kuring muridna tos pundung tara latian deui :D ;D

pluto
26-04-2001, 02:13 PM
::ketawa:: kocak!..kocakkk!!

mugia = mugi = semoga ... apa artinya nambah2in a dibelakang ?
samua = samudaya = semua... artinya : semua tak perdaya kalau dilatih karateman ::devil::

ngalatih dimana ? lolongok ?..

serenity
26-04-2001, 02:42 PM
[QUOTE]Originally posted by pluto
::ketawa:: kocak!..kocakkk!!

mugia = mugi = semoga ... apa artinya nambah2in a dibelakang ?
samua = samudaya = semua... artinya : semua tak perdaya kalau dilatih karateman ::devil::


samua dan sadaya halusan mana?

karateman
26-04-2001, 02:58 PM
Originally posted by pluto
::ketawa:: kocak!..kocakkk!!
ngalatih dimana ? lolongok ?..

Mau tau ajahhh...!!!! Bisaan euy kenal "Lolongok" sagala !!!

karateman
26-04-2001, 02:59 PM
samua dan sadaya halusan mana?

Samua ..bahasa mana nih !!! di kamus bhs Sunda kayaknya gak ada samua..jadi pake aja sadaya :D

serenity
26-04-2001, 03:11 PM
kadek karate sudah terima belom pancingannya? ;(

pluto
26-04-2001, 03:20 PM
oiyaaa sorry..sorry..

mapsud gua, sadaya = samudaya = semua ... kenapa jadi ngetik samua yeee ?!..lagi keingetan perangcang busana kali, samua watinema :D

tau lolongok ? .. kan ada di homepage elo, yeee ge er :P:D

karateman
26-04-2001, 03:25 PM
O..gitu ya..kirain loe urang Lolongok pluto

Oke udah gue reply Serenity....

pluto
26-04-2001, 04:15 PM
eleuh ari eta, ternyata serenity teh nyambi diajar sunda, macing oge rupina. berhasil euy ngadek si karateman..switt..swiitt!.. traktir2 atuh ;D

emm nu sok nganggo tiger (atanapi sok nebeng kitu nya?), rambut ikal, parawakan sedang ...hr minggu enjing2 tabuh 7, osok dikampus br siang, eta jalmi teh saha namina nya ?.. bade titip salam ..;p

serenity
26-04-2001, 04:25 PM
Originally posted by pluto
eleuh ari eta, ternyata serenity teh nyambi diajar sunda, macing oge rupina. berhasil euy ngadek si karateman..switt..swiitt!.. traktir2 atuh ;D

emm nu sok nganggo tiger (atanapi sok nebeng kitu nya?), rambut ikal, parawakan sedang ...hr minggu enjing2 tabuh 7, osok dikampus br siang, eta jalmi teh saha namina nya ?.. bade titip salam ..;p

pluto ini mah murni jeung balajar...karateman pan milu klub abdi, sadaya diondang, aya geuneup nu arek milu (aduh kasar ya bahasanya :( )pluto ari hayangeun milu hayu....

karateman
26-04-2001, 04:44 PM
Originally posted by pluto
eleuh ari eta, ternyata serenity teh nyambi diajar sunda, macing oge rupina. berhasil euy ngadek si karateman

Eh..niat ngadu jajaten yeuh..hayu bae di mana jeung iraha wae..di luhur Tugu Kujang oge dilayanan...komo lamun di KFC mah :D:D

karateman
26-04-2001, 04:47 PM
Originally posted by serenity
pluto ini mah murni jeung balajar...karateman pan milu klub abdi, sadaya diondang, aya geuneup nu arek milu (aduh kasar ya bahasanya :( )pluto ari hayangeun milu hayu....

Koreksi :
geuneup----->genep pake e seperti pada e kata gempa
arek milu ----> bade ngiring
hayangeun---->hoyongeun

Keep good speak Sundanese !!!

karateman
27-04-2001, 07:39 AM
ASPEK EMOSI

Emosi nuduhkeun rasa/parasaan. Lemes rasa bakal nuwuhkeun lemesna budi kamanusaan. Pikeun barudak mah kacida perluna diajar ngabiasakeun lemes rasa, seukeut rasana.

Dina hirup kumbuh, kacida perluna bisa ngarasakeun rasa batur, supaya hirup aya silih eledan, silih ajenan. Rasa (emosi) kacida loba rupana, suka, sedih, bungah, susah jeung rupa-rupa deui pencaranana, aya handeueul, sugema, salempang, sieun, ambek jeung sajaba ti eta.

pluto
27-04-2001, 09:21 AM
heuhh! hesé da ari aya guru sunda mah, ka koreksi wae..:D..

serenity hoyong, ngan abdi isin..
jajanten = ?
pejantan ?!..;p..

serenity
27-04-2001, 09:35 AM
*serenity memberikan*
surat isin mengemudi :D
[diedit oleh serenity, 27-04-2001, 09:52 AM]

karateman
27-04-2001, 09:36 AM
Originally posted by pluto
jajanten = ?
pejantan ?!..;p..

Wah ngaco yeuh...
jajatén kira-kira artinya sama dengan kedigjayaan, mungkin juga deket artinya dengan kasaktén.

Asal katanya jajaten mungkin jajatian sama dengan kasaktén dari kasaktian...mungkin gitu kali...:D:D

pluto
27-04-2001, 01:20 PM
jadi pusiiink!..

kesimpulannya, karateman itu = cowok jajatian..:D

serenity polwan ya ?

serenity
27-04-2001, 02:02 PM
ha ha ha ha ::hhh:: siap grak!!

karateman
27-04-2001, 03:33 PM
Originally posted by pluto
jadi pusiiink!..

kesimpulannya, karateman itu = cowok jajatian..:D

serenity polwan ya ?

Cowok sejati..gitu lho !!!

pluto
27-04-2001, 04:26 PM
aaah mashya sich waijtheeee !! ;D

karateman
27-04-2001, 05:03 PM
Originally posted by pluto
aaah mashya sich waijtheeee !! ;D

Ehm sorry hal seperti ini tidak perlu gue teruskan..rugi ah.
Peace ...tapi kalo masih penasaran bolehlah...

inca
27-04-2001, 06:01 PM
aduh ... hese pisan .. abdi mah teu ngartos .. mastaka abdi sampe nyut2an .. aya kelas buat pemula teu? ::bonyok::

pluto
27-04-2001, 06:21 PM
jeee marah..~nowel dagu~

abisan waktu nanya counter di sono ;) ...juga ide aye tetang bebek-bebekan kage dijawap ame abang, jadinye aye kecewa .. ::shy:: ~hahauha malah jadi logat betawi~

ya udeh dech
aye juga dah kapok kena cudang si abang.
kumargi para saderék ayeuna diteraskeun bae walajar basa sunda na .. sok mangga atuh di lajéngkeun.. byé byé.. ;p

eki_mailbox
28-04-2001, 08:04 AM
Masih inget nama2 pupuh ? Lantaran waktu SMP, gurunya ngasih cara ngapalinnya pake pupuh lagi, aku lumayan rada inget. Gini nih, pake asmarandana.

"Asmarandana kinanti
juru demung dangdang gula
pangkur gambuh gurisa
wijil sinom sareng pucung
balakbak nu pamungkasna."

Nulisnya ada yg salah nggak ?

Hidup pupuh ! Sayang itu juga, aku cuman hafal satu.

karateman
28-04-2001, 09:03 PM
Originally posted by pluto
jeee marah..~nowel dagu~

abisan waktu nanya counter di sono ;) ...juga ide aye tetang bebek-bebekan kage dijawap ame abang, jadinye aye kecewa .. ::shy:: ~hahauha malah jadi logat betawi~

Wah pertanyaan loe kapan dilontarin seh ?? Kok gue kagak pernah tau ? Sori kalo ngecawain, namanye juga manusie..ada aja salahnye...(bergaya betawi juge)

jogoboyo
28-04-2001, 09:32 PM
oloh-oloh saha eta? he..he..nyieun lagu euy. ulah nu alus teuing...teu bisa euy

jogoboyo
28-04-2001, 09:34 PM
uey, eta mah ti jawa atuh...sarwa euy

eki_mailbox
29-04-2001, 07:20 AM
Sarua kumaha ?

yuu_huu
29-04-2001, 02:05 PM
wadoohhh.......nggak ngerti euy.... :D

usul : kasih keterangan di bawahnya dunks...kan yg lain biar ngerti juga, sekalian belajar getoo :o

serenity
30-04-2001, 10:37 AM
teu aya nu hoyong carita di dieu kamari teh kamana? nganggo basa sunda....;D (benerin dong yang kasarnya :D)
kuring mah di imah wae lalajo TV da paur euy arek kamana - mana sieun ku nu arek rusuh tea! :D

karateman
30-04-2001, 11:43 AM
Sim kuring ayeuna nuju liburan, kumargi kantorna oge libur. Eta teh hikmahna tina kasumpingan pasukan wani paeh :D. Kumargi kitu abdi mah ngaraos bingah tiasa liburan eh..Sing sering-sering wae ah :D:D:D
[diedit oleh karateman, 30-04-2001, 11:51 AM]

karateman
30-04-2001, 12:00 PM
Originally posted by eki_mailbox
"Asmarandana kinanti
juru demung dangdang gula
pangkur gambuh gurisa
wijil sinom sareng pucung
balakbak nu pamungkasna."

Nulisnya ada yg salah nggak ?

Hidup pupuh ! Sayang itu juga, aku cuman hafal satu.


Waduh pupuh mah hilap deui geuning..da abdi mah teu tisa nyanyi...

wijil atawa mijil ???

Conto ah nu masih nempel ...ieu pupuh Kinanti :

Budak leutik bisa ngapung
Babakungna pungna peuting
Kalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon bae nu kapanggih

Nu sanesna mah hilap deui..da kadesek ku lagu Shepia!!!:):)

eki_mailbox
30-04-2001, 07:08 PM
Originally posted by karateman
Sim kuring ayeuna nuju liburan, kumargi kantorna oge libur. Eta teh hikmahna tina kasumpingan pasukan wani paeh :D. Kumargi kitu abdi mah ngaraos bingah tiasa liburan eh..Sing sering-sering wae ah :D:D:D
[diedit oleh karateman, 30-04-2001, 11:51 AM]

Aduh piduana (doanya) entong kitu2 teuing. Simkuring mah sararieun...

arsy
30-04-2001, 08:01 PM
nyanyi deui aahh.....

[/i]caleuleuyyy...... jaa
tulak tuja eman......[/i] :D

trulygirl
30-04-2001, 09:14 PM
pada jago2 yaa, saya yg urang sunda aja suka ribet ngomongna :(

karateman
01-05-2001, 07:41 AM
Originally posted by arsy
nyanyi deui aahh.....

[/i]caleuleuyyy...... jaa
tulak tuja eman......[/i] :D

Diteruskeun ah

...
tulak tuja eman...gog
seureuh leuweung...bay
jambe kolot... bug
ucing belang katinggang song-song...ngek

Yuuu maaaangggg !!!!

serenity
01-05-2001, 08:08 AM
Originally posted by trulygirl
pada jago2 yaa, saya yg urang sunda aja suka ribet ngomongna :(

whe he he gadungan nih..pasti sundanya blasteran kayak gue ::devil::

nyanyi..siapa takut?
colenak pereum peuyeum digulaan
aya bom batok ... aya bom batok
rebu - rebu anu montok
jalan na di cuetak ceutok
bisik nincak *** kotok ;D
iya .. iya tau ini nyanyian tukang becak ::hhh:: cuman kocak ajah boow

karateman
01-05-2001, 08:20 AM
Palajaran Basa Sunda..sambungan !!!

ASPEK TATAKRAMA

Tatakrama, sacara etimologis, tina kecap tata (Basa Kawi = aturan), krama (Basa Sangsakerta = sopan). Unggal bangsa pada-pada miboga tatakrama sewang-sewangan.

Sopan santun nurutkeun ukuran budayana masing-masing. Tatakrama (etiket) teh aya nu sipatna universal tegesna sarua yen peta kitu teh sopan, upamana unggeuk, imut, seuri, sasalaman . Tapi aya oge nu sipatna lokal pisan (husus) upamana diuk sila, emok, munjungan, nyarita. Ku kituna ku lantaran tatakrama the nyakup sugri tindak-tanduk manusa ti mimiti hudang tepi ka sare deui, nya kawilang kacida jembarna ulikan tata krama mah.

Anu kacida pentingna dina Pangajaran Basa Sunda mah nya eta apal kana Undak Usuk Basa (UUBS) Tatakrama Basa Sunda.

Tatakrama Basa Sunda teh sacara teoritis di wangun ku :

Ragam Basa Hormat (Basa Lemes), di wangun ku:

1.Ragam Basa Lemes Pisan (Luhur)
2.Ragam Basa Lemes Keur Batur
3.Ragam Basa Lemes Keur Pribadi (Sedeng)
4.Ragam Basa Lemes Kagok (Panengah)
5.Ragam Basa Lemes Dusun (Kampung)
6.Ragam Basa Lemes Budak

Ragam Basa Loma (Wanoh, Akrab, Kasar), di wangun ku:

1.Ragam Basa Sunda Loma (wanoh, akrab, kasar)
2.Ragam Basa Garihal (kasar pisan, cohag)

Ragam Basa Lemes Kagok jeung Basa Lemes Dusun, sigana lila-lila mah bakal laleungit, ka silih ku Basa Lemes keur batur bae. Ari ku kituna mah, saperti Basa Wewengkon (dialek) beuki lila teh beuki kasedekkeun ku Basa Sunda lulugu kapan balukar tina alat komunikasi nu meh kabeh.

Ngeunaan Basa Lemes Budak, saenyana bisa bae digunakan upama obrolan the diantara budak jeung budak, budak ka kolot, atawa kolot ka budak; kitu oge di kulawarga anu biasa ngagunakeun basa lemes sapopoena. Tapi sigana ari kolot jeung kolot mah teu pantes ngagunakeun basa keur budak.

Ayena ka titenan pisan yen jelema nu geus sawawa oge (pangpangna awewe) mindeng ngagunakeun basa lemes budak jeung nikukur deuih.

Masih keneh nyambung..cag!!!

karateman
02-05-2001, 10:35 AM
Originally posted by eki_mailbox
Aduh piduana (doanya) entong kitu2 teuing. Simkuring mah sararieun...

Ieu mah sanes ngadua tapi ngan miharep wungkul..na ulah miharep pere..:D:D:D sanes miharep rusuh..ih tetebihan tina hal anu kararitu mah..Ampun Gusti ...

arsy
02-05-2001, 11:11 AM
Salah atuh mang Karate !, kuduna mah nyambungna kieu :
nyeri sirah.... ja.... aduh meuni senat-senut
na jadi nurutan iklan ????? :D

karateman
02-05-2001, 11:52 AM
Bisaan euy..!!!!

gundala
03-05-2001, 01:07 PM
punteeen, sakilona sabaraha yeuh ?

karateman
03-05-2001, 01:15 PM
Latihan bahasa Sunda :

Semoga ada gunanya :

Indonesia-Akrab-Sedang-Halus Utk Orang Lain.

Lihat-Nenjo-ningali-ningali
Makan-Dahar-neda-tuang
Tidur-Sare-mondok-kulem
Bicara-Ngomong-nyanggem-sasauran
Beli-Beuli-peser-galeuh
Tanya-Tanya-taros-pariksa
Pergi-Indit-mios-angkat, jengkar
Dengar-Denge-kuping-dangu
Bisa-Bisa-tiasa-iasa
Datang-Datang-dongkap-sumping
Minta-Menta-nyuhunkeun-mundut
Punya-Boga-gaduh-kagungan
Bawa-Bawa-bantun-candak
Tahu-Nyaho-terang-uninga
Lupa-Poho-hilap-lali
Pulang-Balik-wangsul-mulih
Sakit-Gering-udur-teu damang
Perintah-Nitah-ngajurung-miwarang
Malu-Era-isin-lingsem
Rumah-Imah-rorompok-bumi
Istri-Pamajikan-bojo-garwa
Sakit-Kasakit-paudur-kasawat

Nyambung keneh ...cag !!!
[diedit oleh karateman, 03-05-2001, 01:26 PM]

serenity
03-05-2001, 02:22 PM
alus pisan karate! ...

eki_mailbox
03-05-2001, 07:33 PM
kasian banget, aku punya cerita dari dosen linguistik, ada cewe dari luar jawa barat, belanja ke pasar, waktu nawarnya biasa si emangnya rada2 bandel, si cw-nya bilang, apa2an sih gini2 juga saya anak lutung!, eh si eneng geulis2 anak lutung.

dimainin ma temen tuh, mankannya jangan usil :D dikiranya lutung teh artinya apaaa gitu.

BGR_80Y
03-05-2001, 07:56 PM
wah gua dah poho neh ama sunda... ajarin lagi donk

poison ivy
03-05-2001, 10:13 PM
pararunteeen..
mang karate abdi hoyong ngiringan ah, tos lami teu ngadangu basa sunda yeuh..::bye::

gundala
04-05-2001, 09:39 AM
KACANG...KACANG...KACANG...SAREBU TILU..SAREBU TILU

karateman
04-05-2001, 11:03 AM
Originally posted by poison ivy
pararunteeen..
mang karate abdi hoyong ngiringan ah, tos lami teu ngadangu basa sunda yeuh..::bye::

Upami bade ngadangu basa Sunda mah telepon wae sim kuring..di KG mah teu tiasa nyarios :D:D:D
[diedit oleh karateman, 04-05-2001, 01:51 PM]

serenity
04-05-2001, 01:14 PM
karate ada nggak sih kamus bahasa - sunda - indonesia and vice versa? apakah di kamus juga di golongkan 3 seperti postingan diatas , contoh : akrab - biasa - dan halus ;D

karateman
04-05-2001, 01:47 PM
Kalo kamus bahasa Sunda sih ada..gue pernah lihat temen gue yang orang Jawa beli kamus itu..isinya sih kayaknya cuman vocabulary aja.(:)Gue kan udah enggak perlu pake kamus lagi)

Tapi mengenai tingkatan bahasa (undak usuk basa) kayaknya mesti nyari di buku lain..yang ini agak susah..

Gue aja gak punya referensinya...

serenity
04-05-2001, 01:56 PM
ada niat nyetak? :D nerbitin mungkin ?? kayak kamus inggris - indonesia nya Hasan Sadli itu bagus banget tuh..coba kita punya kamus untuk bahasa - bahasa daerah yang formatnya jelas - baku - dan bagus jadi bahasa bahasa daerah nggak hilang .. seperti yang gue baca di vanishing culturenya national geographic... sedih ::nangis::

karateman
04-05-2001, 02:54 PM
Originally posted by serenity
ada niat nyetak? :D nerbitin mungkin ?? kayak kamus inggris - indonesia nya Hasan Sadli itu bagus banget tuh..

Niatnya sih ada..cuman niat doank...
Actionnya yang susah..gila aja kalo mesti ngikutin kamusnya Hasan Sadili, bikinnya aja puluhan taon..yang bantuin banyak sekali (kalo nggak salah para mahasiswa yang lagi S2/S3 pada bantuin)...

Mungkin aja ada orang lain yang tertarik..karena kalo tidak kita sendiri yang memelihara budaya daerah lama-lama bisa habis..seperti skenario dibawah :

Burakna Sarakan Sunda

Ketika rakyat
kehilangan adat dan daulat
Ketika Pejabat
menginjak harkat dan martabat rakyat
Ketika Ki Sunda
menanggalkan kesundaannya

Maka yang ada akan tiada
Sunda ilang dangiang
Sunda ilang komara
Sunda ilang sarakan

Begitulah gambaran keadaan masyarakat sunda yang mungkin terjadi pada tahun 2010, akibat rendahnya kesadaran masyarakat Sunda dalam menampilkan jati dirinya sebagai orang Sunda. Bahkan diperburuk lagi oleh kebijakan pemerintah yang tidak mendukung upaya pengembangan budaya Sunda, akibat situasi politik yang tidak kondusif. Selama sepuluh tahun terakhir, telah terjadi peristiwa-peristiwa yang mengantarkan masyarakat Sunda mencapai suatu keadaan yang parah, sebagaimana digambarkan dalam judul skenario : Burakna Sarakan Sunda.

Burak, pengertiannya adalah runtaq, rusak, atau hancur. Suatu situasi yang benar-benar tidak diharapkan. Bagaimana mungkin semua itu akan terjadi, meskipun peristiwa-peristiwa ke arah itu, kalau tidak diantisipasi, bisa saja melampaui kecemasan selama ini. Inilah keadaan dimana Sarakan Sunda benar-benar mencapai suatu kehancuran.


Begitulah katanya....

trulygirl
04-05-2001, 06:16 PM
Originally posted by serenity
[QUOTE]Originally posted by trulygirl
pada jago2 yaa, saya yg urang sunda aja suka ribet ngomongna :(

whe he he gadungan nih..pasti sundanya blasteran kayak gue ::devil::

hihihi isin abdi ::shy:: iya neeh...padahal bokap nyokap dr tanah sunda lho :o
ngerti sih ngerti tp kalo ngomong bisanya dikit ajah :(

hmm karateman guru bahasa sunda yah? ;(

karateman
05-05-2001, 10:05 AM
Originally posted by trulygirl
hmm karateman guru bahasa sunda yah? ;(


Guru bahasa Sunda !!!...bukan tuh...
Gue guru karate..begitulah kan sesuai dengan nama gue..
::kof2::

karateman
07-05-2001, 02:41 PM
Liburan ayeuna kamarana wae yeuh ???

trulygirl
07-05-2001, 10:03 PM
teu kamana mana...di dieu wae da abdi mah :D:D

akuaja
08-05-2001, 12:09 AM
urang teh keur balik euyyyy.....:D ::devil:: :D

ancuur
08-05-2001, 10:05 AM
'mun hayang salamet klik didie euy!!! DAFTAR HADIR 'KG' FAN'S (http://kafegaul.com/forum/showthread.php?threadid=10067)

http://www.palomabalitours.com/images/welcome.gif
http://homepages.about.com/ancuur/sitebuildercontent/sitebuilderpictures/welcome10.gif

karateman
08-05-2001, 01:48 PM
Originally posted by ancuur
'mun hayang salamet klik didie euy

Ah moal enya ?? aya naon sih di dinya teh ??? :D:)

jogoboyo
08-05-2001, 03:17 PM
eweuh!...kasar nya...kumaha atuh alusna

karateman
09-05-2001, 07:36 AM
Originally posted by jogoboyo
eweuh!...kasar nya...kumaha atuh alusna

euweuh=teu aya...

Mendingan nyanyi pupuh Jawa aja..katanya sama dengan yang di Sunda..gimana sih ???

jogoboyo
09-05-2001, 10:27 AM
he..he...ulah gitu atuh...di jawa aya tembang macapat oge...pucung, asmaradana, maskumambang, dandanggula...etc na..tos gitu...sarwa euy...trus aya oge hana caraka datasawala..hurufna...wah..wah...sarwa keneh, trus kumaha atuh

karateman
09-05-2001, 12:59 PM
Gimana kalau studi perbandingan..jadi namanya tembang macapat ya...

Di Sunda disebutnya pupuh, coba masih inget enggak saalah satu macapat itu terserah mau yang mana, asmarandana kayaknya cocok buat ente :D

jogoboyo
09-05-2001, 02:05 PM
euy...euy...bahasa sunda didieu...teu bahasa indonesia...kumaha atuh...? belajar moal?

1412
09-05-2001, 07:07 PM
rek diajar naon euy???
pupuh???abdi ngan apal pupuh kinanti...guru lagu jeung guru wilanganna...8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i...

trulygirl
09-05-2001, 07:49 PM
Originally posted by akuaja
urang teh keur balik euyyyy.....:D ::devil:: :D

lhoo?? aa muncul lagi?? :D:D

Sapta Nugraha
09-05-2001, 09:08 PM
Originally posted by akuaja
urang teh keur balik euyyyy.....:D ::devil:: :D

ari si akang .. uwih ti mana sich ;(
kumaha kursus ? resep nyaa ?? sok atuh carita-carita :D
tong lami-lami nyaa kursusna .. abdi teu gaduh rencang yeuuhh ::devil::

trulygirl
09-05-2001, 10:20 PM
ari si aa teh kursus naon?? ;(

karateman
10-05-2001, 08:18 AM
Wah aya aa, kenalan ah !!! AA mana yeuh...sanes AA Boxer kan ?? :D

trulygirl
10-05-2001, 01:25 PM
aa boxer teh nu petinju tea sanes?? :D:D

akuaja
11-05-2001, 12:45 AM
huahahahaaha ::ketawa::
lain atuh...urang sanes nu aa eta :D :D
meni sono ka urang nya ;).....:D ::devil:: :D

karateman
11-05-2001, 08:04 AM
Aa mana atuh..cing deskripsikeun supados jelas ?

trulygirl
11-05-2001, 12:48 PM
Originally posted by akuaja
huahahahaaha ::ketawa::
lain atuh...urang sanes nu aa eta :D :D
meni sono ka urang nya ;).....:D ::devil:: :D


nah itu tau ;) kapan atuh urang dugem bareng deui :D

catlover
11-05-2001, 01:16 PM
kumaha kalo tommorow??? ;)

ancurrrrr...;D

trulygirl
11-05-2001, 01:20 PM
hahaha euleuh euleuh cattie mampir ka dieu geuningan :D:D

gue juga ancur bahasanya :P

karateman
11-05-2001, 01:42 PM
Originally posted by trulygirl

nah itu tau ;) kapan atuh urang dugem bareng deui :D

Wah dugem basa Sundana naon nya ?
DU : Dunya/Alam
Gem : Gumilap

jadina DUGUM...:D:D

misti
11-05-2001, 03:58 PM
Punten sadayana....abdi bade ngiringan. Kenging henteu?!
Abdi teh ngaraos sugema ningal aya keneh anu merhatoskeun basa Sunda. Kanggo perkenalan abdi bade nyanggakeun pupuh karesep abdi, tapi duka naon judulna mah, da hilap deui. Mangga regepkeun....

Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng
Awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina,lalakina los ka pipir nyoo monyet,nyanggereng


Mung sakitu heula ti abdi, upami aya waktos bade dilajengkeun deui.

Abdi mios heula!!!

karateman
11-05-2001, 04:42 PM
Originally posted by misti
Punten sadayana....abdi bade ngiringan. Kenging henteu?!


Kenging ..mangga..mangga..!!
Sing sering-sering wae posting di dieu..

Wah..pupuh naon nya..hilap dieu abdi oge..
Salam kenal wae ah !!!

trulygirl
11-05-2001, 05:31 PM
karateman hihihi boleh juga tuh DUGUM :D:D

misti sok atuh nembang deui...es lilin maaah ceu ceu kalapa mudaaaaaaa ;D

Konpyuta no Gakusei
11-05-2001, 10:04 PM
ngiring ngalangkung

Ngahaturkeun salam ka sadaya sesepuh sundanese di dieu
;D
Asa kararagok bade nyarios naon ieu teh, da tos lami tara susundaan
Jeung basa sunda abdi mah teu lemes deuih punten upami lepat

sakitu heula ah. permios

jogoboyo
12-05-2001, 04:49 PM
sami...

trulygirl
12-05-2001, 07:44 PM
jogoboyo bukannya orang jawa? :D:D

catlover
12-05-2001, 09:16 PM
Originally posted by trulygirl
hahaha euleuh euleuh cattie mampir ka dieu geuningan :D:D

gue juga ancur bahasanya :P

boleh atuh..abdi mo liat2x ajah...:D

trulygirl
12-05-2001, 09:32 PM
sok atuh di tingalieun heula..bisi aya nu kasep di dieu :D:D

karateman
14-05-2001, 08:42 AM
Originally posted by trulygirl
jogoboyo bukannya orang jawa? :D:D

He..he..he..Jogoboyo mesti nyamar jadi Jagabaya kalo mau main di topik Sunda... :D:D

trulygirl
14-05-2001, 10:35 AM
hehehe :)
pagi karateman ::bye::

Konpyuta no Gakusei
14-05-2001, 01:09 PM
Teu kaharartos :D

karateman
14-05-2001, 01:27 PM
Originally posted by trulygirl
hehehe :)
pagi karateman ::bye::


Siang true,..he..he..he ::bye::

La Lune
14-05-2001, 04:26 PM
Gue biar punya bokap Sunda, masih sering menemukan kesulitan nih dalam berbahasa Sunda....

gaknyambungblas
14-05-2001, 11:20 PM
jore siya
:D :D :D

trulygirl
15-05-2001, 12:17 AM
euleeuuuuuh naon eta..sia sia sagala :o:D:D

karateman
15-05-2001, 07:47 AM
Originally posted by gaknyambungblas
jore siya
:D :D :D

Euleuh, aya jore basa Bogor eta mah atuh, di tempat sanes mah henteu laku. :D

trulygirl
15-05-2001, 10:40 AM
ari jore teh naon artina? ;(

catlover
15-05-2001, 11:14 AM
Originally posted by trulygirl
sok atuh di tingalieun heula..bisi aya nu kasep di dieu :D:D

aya yg kasep?? ;) kalo aya..bilang ke abdi yah teh??? :D :D

karateman
15-05-2001, 11:26 AM
Originally posted by trulygirl
ari jore teh naon artina? ;(

jore=butut
Merupakan salah satu kata lokal bhs. Sunda (basa wewengkon) yang hanya berlaku di wilayah Bogor dan sekitarnya. Di wilayah lain..jore tidak diterima :D

trulygirl
15-05-2001, 03:59 PM
oooh bahasa terlarang toh :D:D:D

karateman
16-05-2001, 03:16 PM
Latihan Sunda Sambungan:

Akrab Sedang Halus

Bertemu: Tepung-tepang-tepang
Pernah: Kungsi-kantos-kantos
Gembira: Bungah-bingah-kantos
Kalah: Eleh-kawon-kawon
Hidung: Irung-irung-pangambung
Pipi: Pipi-pipi-damis
Baju: Baju-baju-raksukan

trulygirl
16-05-2001, 10:14 PM
oooh hehehe makasih makasih {: jadi ngerti dikit :D

karateman
17-05-2001, 01:51 PM
He..he..he
Sepi pisan kamarana wae nya ? Jigana perlu dijadikaeun SCC (Sundanese Conversation Club) jang nyaingan ECC Serenity ?

IronMaiden
17-05-2001, 03:17 PM
edan pisan, ieu paguyuban sunda nya ?

serenity
17-05-2001, 04:39 PM
abdi ndaptar euy... teras katimu nya..:)

Konpyuta no Gakusei
17-05-2001, 11:23 PM
janten alusna bungah = kantos? :D
nembe uninga yeuh kang karateman.
tambihan deui atuh nu sanesna..

upami sunda mah teu aya bentennanya alus kanggo istri sareng pameget? upami jepang mah saur na aya.

karateman
18-05-2001, 07:47 AM
Originally posted by serenity
abdi ndaptar euy... teras katimu nya..:)

Oh..mangga wae..urang kan bade patepang di PIM !!! :D:D:D

AnakDesa
18-05-2001, 04:10 PM
kalo bahasa jakartanya:

cing.. cangkeling, manuk karateman cindeten
plos kakolong, manuk Konpyuta no Gakusei nundutan

apaan tuh artinya???

karateman
18-05-2001, 04:41 PM
Originally posted by AnakDesa
kalo bahasa jakartanya:

cing.. cangkeling, manuk karateman cindeten
plos kakolong, manuk Konpyuta no Gakusei nundutan

apaan tuh artinya???


Teu aya komentar ah..
NO COMMENT
::sleep2:: ::sleep2:: ::sleep2:: ::sleep2::

serenity
18-05-2001, 05:04 PM
Originally posted by karateman
Oh..mangga wae..urang kan bade patepang di PIM !!! :D:D:D

patepang itu apa...?

trulygirl
18-05-2001, 06:16 PM
patepang teh ktemu bukan?? ;(

AnakDesa
19-05-2001, 10:34 AM
karateman kagak tau???
wah.. kacau beliau juga dong! masalahnya disebelah rumah gue tinggal orang bandung, ceweknya kece'kece boo.. gue lagi adakan pendekatan sama cewek2 itu, cuma sebelomnya gue harus kompakan dulu sama adek2nya yang laki2!! buset dah! pada bandel banget adek2nya. udah gitu ngomongnya berantakan banget, tapi apa boleh buat demi pendekatan gue terpaksa ikutan bandel juga ;(;(

waktu pertama kenal, gue diajarin kata2 sapaan pake bhs. sunda seperti misalnya:

hallo, hi.. = kehed, bebel
bang, mas = kanjut
mau kemana = rek kamana euy
bang, mau kemana = rek kamana kanjuuuuuuuuut

dia bilang kalau anak2 muda u nya, harus dipanjangin dikit karena itu adalah trend. ;(;(

makanya tolongin gue dong! man ;)

FINAL_FANTASY
19-05-2001, 10:40 AM
punteun ... kawula ngiringan sakeudik, tiasa.

Teungteuingeun ieu budak, ulah ditipu ku budak leutik, cing atuh tata bahasa tech rada sae teu kedah ngiringan bangor.

mo kemana bang = bade angkat ka mana, kang ?

sanes kitu, karateman, ... bilih aya picarioseun nu teu sae di antosan koreksina .. mangga ah .. dikantun heulan.

karateman
20-05-2001, 09:51 AM
Originally posted by AnakDesa

cing.. cangkeling, manuk AnakDesa cindeten
plos kakolong, manuk Konpyuta no Gakusei nundutan

waktu pertama kenal, gue diajarin kata2 sapaan pake bhs. sunda seperti misalnya:

hallo, hi.. = kehed, bebel
bang, mas = kanjut
mau kemana = rek kamana euy
bang, mau kemana = rek kamana kanjuuuuuuuuut


Ehm tampaknya serius nih..kirain cuman bercanda. Karena ini agak berat, biasalah permaianan untuk orang yang baru belajar bhs. Sunda, selalu diselewengkan utlk hal-hal yang kasar.

Oke...
cing.. cangkeling, manuk AnakDesa cindeten
plos kakolong, manuk Konpyuta no Gakusei nundutan

Ini diselewengkan dari lagu Cing Cangkeling, yang benarnya :

cing.. cangkeling, manuk Cingkleung cindeten
plos kakolong, Bapa Satar buleneng

Artinya :
cing..cangkeling: tidak ada artinya..hanya permainan kata2
manuk:burung
plos: kata utk memantapkan suatu gerakan
ka kolong : ke bawah
buleneng:plontos, nundutan:ngantuk
Konpyuta no Gakusei : ini bhs mana, Jepang!!!

kehed, bebel: kata makian., artinya anu ..ngerti kan ??
kanjut : anu lelaki

Yang benarnya kira2 dibawah ini :

hallo, hi.. = hey
bang, mas = kang
mau kemana = bade angkat ka mana ?
bang, mau kemana = bade angkat ka mana Kang ?

Kesimpulannya : AnakDesa harus belajar bhs Sunda yang baik dan benar, jangan mau dibohongin..palagi oleh anak2 bandel...carilah referensi dari yang bagus Sundanya...

Salam..semoga maksudnya bisa kesampaian :D:D:D

trulygirl
20-05-2001, 12:03 PM
yak! bertambah lagi informasi buat sayah :D:D

jogoboyo
20-05-2001, 08:14 PM
eleuh-eleuh..eta aya nu kasar pisan...kumaha atuh, karateman...tiasa teu ngabejaan nu alus...

JimBon
20-05-2001, 11:06 PM
Hapunten nya' pak supir ... abdi bade ngiringan ngamen.

Aya hiji kurung ... pinuh ku japati
japati kaluar disada engguk2an.
Alim ka ramana ... alim ka indungna
hojong ka putrana nu jentik bulu socana ...

Didoakeun sing salamet sadayana, sing lebar rejekina ...

AnakDesa
21-05-2001, 10:17 AM
FINAL_FANTASY, terima kasih atas koreksinya ;);)
terutama buat karateman nuhun sekali atas perhatiannya, semoga dengan sering lihat forum ini saya bisa belajar bhs. sunda dengan baik, nuhun berjuta-juta nuhun. :X:X:X


emang ada kata2 berjuta-juta nuhun?

Jinky_Jinx
21-05-2001, 01:18 PM
Arigato Gozaimasta !1

karateman
21-05-2001, 01:19 PM
Originally posted by AnakDesa
emang ada kata2 berjuta-juta nuhun?

Biasanya pakai kata laksa-keti untuk menyatakan beribu-ribu, untuk kegembiraan misalnya :

Sim kuring ngucapkeun laksa-keti kabingahan. Terus biasaya ditambahkan dengan peribahasa : Lir ibarat kagunturan madu, kaurugan menyan putih.....kalau dalam wayang...

Untuk nuhun sih cukup [b]nuhun pisan atau nuhun..tidak perlu berjuta-juta :D:D

Jinky_Jinx
21-05-2001, 01:19 PM
eeeeuuyy... salah euy.... soorey.. salah post

serenity
21-05-2001, 02:57 PM
h asli seruu banget..ada yang ngamen ada yang di omelin :)

eh bahasa sunda nya seru apa ya karateman?
meuni heboh pisan? ha ha ha :D
kok gue jadi kedengeran kayak ibu hebring?

anak desa di dieu te kenging ngomong kasar..guru na tiasa ngadek sampai ::bonyok::

karateman
22-05-2001, 07:33 AM
Originally posted by JimBon
Hapunten nya' pak supir ... abdi bade ngiringan ngamen.

Aya hiji kurung ... pinuh ku japati
japati kaluar disada engguk2an.
Alim ka ramana ... alim ka indungna
hojong ka putrana nu jentik bulu socana ...

Didoakeun sing salamet sadayana, sing lebar rejekina ...

Sae pisan Jimbon...sok atuh mung aya deui kawih nu sanes...

misti
22-05-2001, 12:33 PM
Punten sadayana!!! Kumaha, damang?! Abdi teh nembe tiasa deui kadieu. Maklum teu aya internet di rorompok, kedah wae ka warnet! Emut keneh henteu kana nami kekembangan sareng anak2 sasatoan sapertos kembang kadu-olohok, anak munding-eneng, jeung sajabana. Aya nu terang seueur teu da abdi mah hilap deui. Bade nembang deui ah.....naon nya?! ::bingung::
Dolewak nincak waduk,
Duka waduk saha,
Haneut keneh pisan,
Santri mawa dodol,
Dolewak.....jst

Tah kitu..... Wilujeng sadayana!!!!

IronMaiden
22-05-2001, 03:19 PM
aduh, dasar nasib, anak desa kasian banget sih. Mirip kaya kasus guru ku dulu, dia orang sulawesi. Dulu pas baru awal2 dateng ke bandung temennya yang asli bandung lagi asik makan (engga tau makan apa) pas guru ku nanya nama makanannya , temennya langsung jawab namanya korong, dijual di depan rumah.

Asli guru ku malu banget pas bilang ama penjualnya " Mas mo beli korong "
:D

serenity
22-05-2001, 04:36 PM
:D boleh juga jadi masukan ::devil::

JimBon
23-05-2001, 02:53 PM
Originally posted by karateman

Sae pisan Jimbon...sok atuh mung aya deui kawih nu sanes...
Duh eta mani lemes pisan basana pak Supir teh ... teu wantun atuh abdi mah nyarios kitu ... bilih lepat. Punten ah bade naros, timana kitu kawitna anjeun teh ... ???

karateman
23-05-2001, 04:10 PM
Originally posted by JimBon
Punten ah bade naros, timana kitu kawitna anjeun teh ... ???

Ari kawit mah ti Bogor, mung upami ditaros aslina ti mana ? Teu wantun abdi mah nyarios di forum ieu, sok ararisin bilih aya nu uningaeun kana jatidiri abdi :D:)

Sok teraskeun wae bilih aya picarioseun nu sanes, upami nu sanes bade ngiringan mangga wae diantos...cag !!http://cwm.ragesofsanity.com/otn/glasses/ylsuper.gifhttp://cwm.ragesofsanity.com/otn/glasses/ylsuper.gifhttp://cwm.ragesofsanity.com/otn/glasses/ylsuper.gif

serenity
23-05-2001, 05:16 PM
berhasil dia :D toss dulu ah karateman http://cwm.ragesofsanity.com/kao/otn/pcheers1.gif

karateman
23-05-2001, 05:54 PM
http://cwm.ragesofsanity.com/kao/chika/chirol_buha.gifWaduh...jadi teler yeuh !!! Ulah seuueur teuing..abdi janten lieur..
http://cwm.ragesofsanity.com/kao/chika/chirol_ojyama.gifTulung..tuuluuunggg !!!:D:D:D

karateman
25-05-2001, 04:07 PM
Originally posted by IronMaiden
Asli guru ku malu banget pas bilang ama penjualnya " Mas mo beli korong "
:D


Ehm karunya pisan nya !!!

JimBon
25-05-2001, 08:29 PM
Mung abdi mah barojolna nu di Bogor teh ... remaja di Smi. :)

misti
26-05-2001, 02:44 PM
Irung mancung
Dieunteupan laleur tilu
Ditepak-tepak teu beunang
Eunteup kana.....biwir jebleh
:D

misti
26-05-2001, 02:49 PM
hiji deui ah...

Punten mangga
Ari ga, gatotkaca
Ari ca, cau ambon,
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut,
Ari ru, rujak asem,
Ari sem, sempal sempil,
Ari pil, pilem rame,
Ari me, meja makan,
Ari kan, kantong kosong,
Ari song, songsong lampu,
Ari pu, puak paok,
Ari wok, wok berewok.

JimBon
26-05-2001, 02:56 PM
:)
Kaemut mangsa alit euy ... ngudag2 papatong.

trulygirl
27-05-2001, 11:12 AM
hihih misti :D;D

karateman
27-05-2001, 05:39 PM
Originally posted by misti
hiji deui ah...

Punten mangga
Ari ga, gatotkaca
Ari ca, cau ambon,
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut,
Ari ru, rujak asem,
Ari sem, sempal sempil,
Ari pil, pilem rame,
Ari me, meja makan,
Ari kan, kantong kosong,
Ari song, songsong lampu,
...


Versi nu lian :
..
Ari pu, pulau Jawa
Ari wa, waduk sia (punten)!!!

JimBon
28-05-2001, 02:31 PM
Upami ngadangu ... bari diresapkeun hartina.
Lagu 'Pileuleuyan' teh mani asa kumaha kitu 'nya ...

karateman
28-05-2001, 03:21 PM
Cing kumaha atuh kawihna..geura ngawih atuh. Hilap deui yeuh.

Pileuleuyan..pileuleuyan...
Kumaha deui terasna ..jsb (jeung sajabina)

JimBon
29-05-2001, 01:04 AM
Punten nya' upami lepat ...

Hayu batur, hayu batur
urang kumpul sasarengan

Amit mundur, amit mundur
... (tah khilap geuning ti palih dieu na mah) ...

Pileuleuyan ... pileuleuyan
sapu nyere pegat simpai
Pileuleuyan ... pileuleuyan
paturai patepang deui

HeHeHe ... ulah diseungseurikeun nya' ?! Bilih beunghar ... :) :D

karateman
30-05-2001, 08:26 AM
Sae pisan Jimbon !!! http://cwm.ragesofsanity.com/otn/glasses/ylsuper.gifhttp://cwm.ragesofsanity.com/otn/glasses/ylsuper.gifhttp://cwm.ragesofsanity.com/otn/glasses/ylsuper.gif
Cing nu uninga kana kawih ieu, mun tiasa mah dilengkepan...

fleur
30-05-2001, 09:45 AM
heuheueheu... gening balodor oge nya barudak kg teh...

fleur
30-05-2001, 09:47 AM
punten ah, abdi teh teu pati alus basa sundana, da abdi geus lila teuing di jawa....

ringostar
30-05-2001, 08:15 PM
Originally posted by JimBon


Amit mundur, amit mundur
... (tah khilap geuning ti palih dieu na mah) ...



upami teu lepat mah
Amit mundur amit mundur
Amit ka batur sadaya.....

salam kenal ka sadaya warga [KG] ti tatar sunda
hapunten sateuacana bilih dina ieu posting seueur lepatna

ringostar
30-05-2001, 08:18 PM
Originally posted by fleur
punten ah, abdi teh teu pati alus basa sundana, da abdi geus lila teuing di jawa....

na tos sabaraha lami di jawa???

JimBon
30-05-2001, 10:01 PM
Alah eta geuning crew DeBitel teh tiasa nembangan Sunda ... :)

JimBon
31-05-2001, 12:43 PM
(... kamarana nya, mani jempling pisan ?? ...) :(

Gaduh ubar lieur yeuh ...

Pangawas Rumah Sakit jiwa ningali pasen keur nulis surat.
"Nulis surat keur saha?" tanya pangawas.
"Ah ieu mah serat keur abdi we" tembal pasen.
"Cing atuh naon cenah eusi eta surat teh ?" tanya pangawas deui. "Nya duka atuh, pan abdi narimana ge isukan !!" ceuk pasen bari nyorowok. :) :D :D

pluto
31-05-2001, 02:15 PM
wakakakkaaak...kocak! :D:D dasar gelo! :D:D

karateman
31-05-2001, 02:20 PM
Hauahahhahaa...hauahhaaaaa (bari ajrag-ajragan):D:D:D

Lucu..aya deui ???

pluto
31-05-2001, 02:39 PM
Hauahahhahaa...hauahhaaaaa (bari ajrag-ajragan):D:D:D
ajrag-ajragan = ajrut-ajrutan ? ::bingung::

Lucu..aya deui ???
yeyyy minta..beli !! :D

ringostar
31-05-2001, 02:52 PM
Originally posted by JimBon
Alah eta geuning crew DeBitel teh tiasa nembangan Sunda ... :)

nya tiasa atuh da De Bitel van Ciloto ::hhh::

ringostar
31-05-2001, 02:57 PM
[QUOTE]Originally posted by karateman
Hauahahhahaa...hauahhaaaaa (bari ajrag-ajragan):D:D:D
[QUOTE]

kade karateman bisi labuh geura

karateman
31-05-2001, 03:11 PM
Bari nungguan humor nu lianna mendiangan urang tatarucingan heula. Yuu maaaangggg !!!

Dicokot endogna macok, naon cing ?

ringostar
31-05-2001, 06:49 PM
sieun ah....sieun jorang.....;D;D

ringostar
31-05-2001, 06:53 PM
deui aahh.....
ayeuna mah urang mantun..

takokak buah takekok
kini-kini dijarian
barudak ulah carekcok
nini-nini keur........dijarian....

;D::hhh:::D

ringostar
31-05-2001, 06:55 PM
karateman taluk ah ::maap::

ringostar
31-05-2001, 07:13 PM
pami wengi mah sepi pisan nyaaa!!!

urang nembang we....
dikintun kintun kanggo karateman, jimbon, misti, neng truelly, serenity sareng sakum na warga [KG] ti tatar sunda:):)
spesialna kanggo neng ageung di lembur (ehem....)

Wilujeng midangetakeun tembang ti Nining Meida dina monitorna sewang-sewangan

MIDANGDAM

Gerang gerung ngaharurung duh aduh...
keuna ku panyakit cinta, peurih ku peurah panah asmara
hate midangdam gundah

Dipepende hese simpe, du aduh...
sesah mapalerkaeunana, panyakit asih demam asmara
hate ngacacay kangen

Siang wengi teu weleh ngalangkang
kembang hate nu jadi implengan
na kunaon mun urang pageuh ngahiji
apan cinta kudu paheut jeung pasini

Dipeupeurah kalah katambah kasesah
hate nguyung gering ngalanglayung
kutan ras mieling beurang jeung peuting
na iraha asih nyanding jeung hariring

Diantosan teu aya waleran
hariangeun salira bet luluasan
Naha iraha, naha dimana
urang teh patepang deui

JimBon
31-05-2001, 11:08 PM
Aduuuuh mani asa ka ....... asal ulah ngadangukeun bari nyetir nya Ringo. :)

Ka'man, oray sanes ... ???

ringostar
01-06-2001, 12:59 AM
wilujeng enjing jimbon

JimBon
01-06-2001, 01:52 AM
Enjing oge Ngo ... ubar lieur deui aahhh yeuh.

Dadan : "Din, tong meuli Baso di Jakarta !"
Didin : "Na matak naon kitu, basona diragukan ?" Dadan : "Pokona mah ulah we deuleu !"
Didin : "Ari maneh, na matak naon sih ?"
Dadan : "Mahal, diditu jajan baso 3000, ari ongkos bulak-balik minimal 20.000, nya mending didieu atuh. " Didin : "Si seblu ari naon teh ! "

JimBon
01-06-2001, 02:37 AM
Originally posted by ringostar

takokak buah takekok
kini-kini dijarian
barudak ulah carekcok
nini-nini keur........dijarian....

;D::hhh:::D
Sisindiran sigana mah tos janten karakterna urang Sunda nya' ... :)

numpak delman ka Haur Geulis
dugina mah ka Cikini
bade ngaleman ka nu geulis
kapanggihna nini-nini

karateman
01-06-2001, 09:32 AM
Wah jadi rame yeuh, aya tembang, sisindiran jeung tatarucingan. Sok wae lah naon wae budaya Sunda pidangkeun di dieu.

Dicokot endogna macok ? piraku teu aya nu terang jawabanana ??

Malah aya nu nuduh jorang..ey meni piktor kitu!!! :D:D

Lamun taluk mah ieu jawabanana :

SALAK, anggap wae salak teh endog..lamun diala tina tangkalna pan seueur cucukan tah..tiasa macok tah tangkalna teh...babari pan ?
[diedit oleh karateman, 01-06-2001, 09:35 AM]

pluto
01-06-2001, 09:54 AM
babari ? hesee!

ari tadi mah abdi bade nyaur t4i ( punten pisan :o ) da ka uningan hayam keur ngendog..
apan pas borojol, di candak geura endog na. teu lami saentos na bakal nyusul benda hangat-hangat kuku tersebut :D

kini kini dijarian. artinya ? ::bingung::

karateman
01-06-2001, 10:30 AM
Originally posted by pluto
kini kini dijarian. artinya ? ::bingung::

Wah ieu yeuh nu hese mah...

kini-kini teh naon nya ::bingung:: aya hiji sisindiran nu nyebutkeun kini-kini aluratan...artinya kini-kini ehm..mungkin sejenis pohon perdu/berbuah ...

di jarian. Ada istilah jurig jarian...tapi artinya jarian sam kuring teh lupa lagih..yang jelas jarian itu suatu tempat...tempat sampah kali ????

JimBon
01-06-2001, 12:23 PM
HeHeHe ... :D
Seueur oge sadulur salembur euy ... keun wae lah batur mah silih parasea, ari urang mah bobodoran wae ... :D :D

Colenak ...
peuyeum beuleum digulaan
awas bom batok
rebu2 randa montok
jalan na di centak centok
sieun nincak e'e kotok

karateman
01-06-2001, 12:50 PM
Uhuyyyy...

Ngiringan sisindiran ah..

Di paris hujan muruhpuy
Di kaum sare ngrengkol
Nu geulis mani ambucuy
Rek dicium bau jengkol...

Muahhh...teu jadi para saderek... :D:D. Cag !!!

ringostar
01-06-2001, 12:55 PM
Originally posted by karateman
Originally posted by pluto
kini kini dijarian. artinya ? ::bingung::

Wah ieu yeuh nu hese mah...

kini-kini teh naon nya ::bingung:: aya hiji sisindiran nu nyebutkeun kini-kini aluratan...artinya kini-kini ehm..mungkin sejenis pohon perdu/berbuah ...

di jarian. Ada istilah jurig jarian...tapi artinya jarian sam kuring teh lupa lagih..yang jelas jarian itu suatu tempat...tempat sampah kali ????


kini-kini teh pami teu lepat mah sapertos pohon perdu tea, lamun jarian nya wadah runtah tapi wadah runtahna badag pisan

ringostar
01-06-2001, 01:33 PM
deui ahhhh.....

buah naon buah naon...
mun didahar sok nyeri beuteung...
duka teuing duka kunaon...
sok hayang ceurik panggih jeung eunteung....

ringostar
01-06-2001, 01:37 PM
ha....ha.....ha..... maap kasadayana macana rada ngabahahay

barakatak...... manggga maanggg..

kamana jalan kamana...
ka kanan ka Arcapada....
kasaha hayang kasaha...
nambatkan rasa na manah...

ha...ha..ha asa rada rada maksa nya....
maap saja yahhhh....


[diedit oleh ringostar, 01-06-2001, 01:44 PM]

karateman
01-06-2001, 01:52 PM
He..he..hee..

Wah naon deui nya...aduh hilap deui yeuh..
Mendingan mudik heula..Senen pan pere..bari ngaguar elmu Ki Sunda di lembur..sugan wae nambahan elmuna.

Selamat liburan wae ah !!!!

ringostar
01-06-2001, 02:45 PM
muhun ari kitu mah margi simkuring ge aya rencana mudik ka Ciloto mudah-mudahan we pas uih tiasa nyandak Mangle jeung sajinisna......
::kabur::Ciloto ieu kuring datang.......
Neng ......papag akang di Rawa Bango geulis.......:):)

::bye::::bye::

karateman
01-06-2001, 04:34 PM
Yu..ah ka Bandung heula..

Ka urang Bandung papagkeun akang di Leuwipanjang nya !!!:D:D:D

serenity
02-06-2001, 03:02 PM
selamat liburan!

JimBon
04-06-2001, 10:20 PM
Euleuh2 ... teu acan sasih siam tos mararudik geura. :)
Oleh2 na nya ... :)

ringostar
05-06-2001, 08:03 AM
sampurasun.....

ringostar
05-06-2001, 08:13 AM
liburan dua dinten kamari kamana wae kang...
simkuring jadina ka surabaya....panas gening di surabaya teh..
ka Ciloto na mah nembe angkat wengi ieu ngangge kareta Kahuripan.....

mmmmmhh.....*sambari ngarenghap panjang*

si Eneng teh nuju teu damang... ::nangis:: simkuring nyuhunkeun pangdua' tisadayana anu aya didieu kangge kasehatan si Eneng di bumi, hatur nuhun sateuacanna....::maap::

karateman
05-06-2001, 08:24 AM
Alhamdulillah..ahirna tos aya deui di Jakarta.

Liburan teh geuning siga nu Lebaran wae..meni hararese mobil, parebut beus di terminal teh..beu !!!

Lumayan lah liburan ka Bandung sakedap teras ka Ciamis. Tapi da eta meni nyareri saawak-awak...pinuh mobil teh...

Tapi lumayan lah tiasa ngareureuhkeun pikir di lembur mah da teu usum ribut model di Jakarta.

To : Kang Ringo
Mugia si eneng enggal damang...

ringostar
05-06-2001, 08:38 AM
Originally posted by karateman

To : Kang Ringo
Mugia si eneng enggal damang...

haturnuhun kang....
kumaha kayaan di ciamis daramang sadayana?

karateman
05-06-2001, 09:10 AM
Alhamdulillah daramang sadayana geuning...

Pokona mah di Ciamis mah aman sejahtera tur masih keneh sepi jempling rehe combrek...benten pisan lah sareng di Jakarta mah...

serenity
05-06-2001, 09:14 AM
yang baru aja kembali dari ciamis...denger - denger pepesnya enak ya disana? mauu dunk! :D

pluto
05-06-2001, 11:34 AM
pepes lauk ? abdi oge hoyong atuh ! :D

karateman
05-06-2001, 12:12 PM
Originally posted by serenity
yang baru aja kembali dari ciamis...denger - denger pepesnya enak ya disana? mauu dunk! :D

Ha..ha..yang enak itu kalo dimakan di sana..didukung oleh suasana alam Parahyangan dan udara yang sejuk ditambah oleh adanya mojang Priangan nya pasti enak..:D:D

Di bawa ke Jakarta mah jadi basi...kepanasan di jalan :D:D:D

serenity
05-06-2001, 05:07 PM
http://www.freakschool.com/ubb/smilies/drool.gif aduuh sampai ngiler..iya deh..kita mah nurut aja apa kata karateman http://www.freakschool.com/ubb/smilies/karate.gif

ringostar
05-06-2001, 06:14 PM
enakan mana pais lauk mas ti ciamis sareng pais lauk cianjur kang...

JimBon
05-06-2001, 07:09 PM
(... kairing du'a khususna kanggo enengna Ringo umumna keur urang sadayana, mugi2 walafiat senantiasa ...

Nganyual pepes memepes, janteun kaemut hiji tempat di Jakarta nu ngicalan sagala rupi masakan Sunda ... sanes restoran iyeu mah (anu kacida awisna tea), tapi tiasa disebat semacam Warteg-na Sunda.
Ayana teh di bunderan Slipi ... upami bade teras ka jalan Palmerah, dipabeulah katuhu, cakeut sareng pos pulisi.

Ngadongeng deui aaaaaaHHH ...

Hiji mangsa aki sareng incuna (5 tahunan) ngabersihan tangkal cau nu aya di halaman imah. Pas daun kering nu aya di taneuh diangkat, ka tingal saekor cacing ngagalosor kaluar tina liangna

Incu : Ki ... abdi tiasa ngalebetkeun deui eta cacing ka liangna.
Aki : Eleuh ... (bari acuh tea si Aki ngalanjutkeun gawena).
Incu : Upami teu percanteun mah sok taruhan Ki.
Aki : Sok lah 20 rebu upami bisa mah.

Si incu langsung lari ka lebet imah, teras kaluar deui bari nyeupeungan hair spray. Cacing teh di semprot ku hair spray ... sa atosna kaku teras dicepengan lan diasupkeun deui ka liangna. Bari masihan salembar 20 rebuan, si Aki nyandak eta hair spray teras wae lebet ka imahna.
30 menit kemudian si Aki kaluar, manggihan si incu ...

Aki : Yeuh ... (bari masihan salembar 20 rebuan)
Incu : (dasar aki pikun) ... Pan aki parantos masihan tadi.
Aki : Atuh heu'euh tadi mah ti aki ... anu ieu mah ti nini.

karateman
05-06-2001, 11:23 PM
Originally posted by ringostar
enakan mana pais lauk mas ti ciamis sareng pais lauk cianjur kang...

Eh sigana mah enakan pais lauk nu gratis...ti mana wae asal ditraktir biasana sok enak...:D:D:D

Leres teu ???

jogoboyo
05-06-2001, 11:29 PM
sok..sok..! urang mah meluan lamun gratis mah hayu...atuh!

karateman
06-06-2001, 07:40 AM
Originally posted by jogoboyo
sok..sok..! urang mah meluan lamun gratis mah hayu...atuh!

Meluan bahasa mana Mas ??? :D:D:D Ora melu ???

jogoboyo
06-06-2001, 02:30 PM
i've forgot! i mean ...ngiring...(teu ngiring bebek loh)

karateman
07-06-2001, 08:43 AM
Oke...oke..oke..

Tatarucingan deui euy !!!

Jangjlingjleng jinoe naon hartina ???

pluto
07-06-2001, 02:45 PM
[i]Ijo Ijo Ijo !![/b] :D:D

misti
08-06-2001, 12:35 PM
Abdi bade nembang deui....Ayeuna mah versi anyar ti 'Manuk Dadali', mangga....

Mesat ngapung luhur,
geus luhur handap deui,
Meberkeun jangjangna,
Geus meber nutup deui,

Janten ieu mah manuk dadalina teu janten ngapung!!

ringostar
08-06-2001, 02:05 PM
sampurasun..... ieu kuring datang deui... hatur nuhun kasadayana au parantos ngirim pidua' kanggo sieneng.....hatur nuhun sakal deui.....::maap::

ringostar
10-06-2001, 12:13 PM
ayeunamah urang kata berkait ahhh.....

Ayang ayanggung
gung goongna rame
menak kiwastanu
nujadi wadana
naha maneh kitu
tukang olo-olo
loba anu hiruk
ruket jeung kumpeni
niat jadi pangkat
katon kagorengan
ngantos kangjeng dalem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong

heuuheuya deuhh ::hhh::
[diedit oleh ringostar, 10-06-2001, 12:21 PM]

ringostar
10-06-2001, 12:20 PM
der tibeulah wetan barudak awewe nembalan...
kieu geura.....:D:D

bas kalima gobas
baskom wadah lembareun
reuneuh tujuh bulan
lantaran dikompa
parat kana dada
dahar sangu ngeunah
naheun ti cileuncing
cingok meunang ngodok
dokdak kawas nu geumpeur
peureum tengah sawah
wahai tukang bajigur
guru sakola desa
saban poe ngajar
jarum batu tulis
lisung barabay kawat
wates awi komeng
mengkol kajalan gede
deon deon jang deon tumpak balon.....

;D:D::hhh::

ringostar
10-06-2001, 12:41 PM
ari keur rame kitu torojol budak baong...:D:D ngarana teh siadul
menggeus mah teu make baju, leho ngambai, cadel deuih...
geus kitu teh ngomong *bari cadel tea*

"lah nukitu patut mah ulang ge bisa, neluskeun kecap akhil lain, bisa da ulang oge"

"cing sok cing sok adul" (ceuk baarudak nu sejen)

"yeuh dengekeun" (ceuk si adul bari nembrak ka awang awang tur dipuisikeun)

lamun urang atos kawin
wincik hiji hiji
jimat urang rarangken ti hareup
reup peuting si eneng sare
rek kumaha urang
rangkul sing tarapti
tingal rarayna
naha bet emut
mutiarana katembong
bongkok bari antelkeun si badu
dudut tali kutang
tangkeup kana susu
suaykeun sampingna
naha bet bala.....::hhh::

"sadul jorang maneh mah" ceuk barudak
:D:D:D:D
punten ah rada cawokah yeuh ;D;D

karateman
11-06-2001, 02:59 PM
Punten yeuh...
Kumargi teu aya nu uninga hartina jangjling jleng jinoe..
Urang dijawab wae :

Hartina teh "*** anjing na galeng kapoe"...

Mun aya nu tiasaeun mah sok terus dibales ..."mun dahar ku maneh"..kitu tah para saderek !!!

Pan gampang tah :D:D....

ringostar
11-06-2001, 03:50 PM
ooo kitu geuning....
sok atuh kang aya deui teu....
mudah2an we bisa kajawab :D:D:D

jamboel
11-06-2001, 04:20 PM
yang bintang˛ apaan sih ?..:D..

ada yg bisa maen suling atau kecapi kaga ?..kita bikin ngamen amal yuk buat kskg..

serenity
11-06-2001, 04:43 PM
gue mau ah nyanyi..kata mamah ku YTC, nada sunda ada enam

da si la .. apalagi gitu ;D

jamboel
11-06-2001, 05:03 PM
wadoh elo sih engga cocok jadi pesinden sruntul..tapi lebig cucok jadi penari ronggeng..:P:D..

balik jam brape kemaren neng ?..:X..

karateman
12-06-2001, 07:43 AM
Originally posted by serenity
gue mau ah nyanyi..kata mamah ku YTC, nada sunda ada enam

da si la .. apalagi gitu ;D

da mi na ti la da

serenity
12-06-2001, 09:42 AM
oh iya setau gue lada itu pedes...berarti nada ketujuhnya whuaah.... :D
eh mboel awas..lo membongkar topeng gue..whue he he ntar gue beri tahu ama anak anak kemaren elo nilep duit seribu di atm ::devil::

sLimsaDe
13-06-2001, 04:55 AM
*tarik napas*
*ambil suara* aaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa
*mulai nyanyi*

Abdi teh, ayeuna
gadu hiji boneka
tekinten ayena
sareng lutuna
kuabdi dielokan elokan sae pisang
cimangga cingali
boneka abdi

hohohoho, mind the spelling aight!

serenity
13-06-2001, 09:10 AM
edit :D

trulygirl
13-06-2001, 11:56 AM
hallo serenity ::bye:::D

euleeeuh euleeeuh...aya naon ieu..meni rame pisan, tos lami abdi teu ka dieu nya?? :D:D
kumaha damang sadayana?? ;)

karateman
15-06-2001, 01:19 PM
Halow Truly...

Kamana wae ??
Katanya kemarin2 ketemu Sere...

trulygirl
17-06-2001, 09:32 PM
semuhun kang...abdi tos tepang jeng sere :D:D
ari akang kunaon nteu sumping?? ;(

karateman
18-06-2001, 09:16 AM
Nuju sibuk sim kuring teh..
Dinten Saptu enjing2 kedah aya di kampus..teras siangna aya resepsi rerencangan. Kieu2 oge da Akang teh gaduh jabatan Komti Seumur Hidup..janten upami aya anak buah anu ngayakeun acara sok kedah sumping...Teu tiasa nolak ...:D Eta oge nabrak acara latihan sore...

Janten nya eta ..teu tiasa dongkap sim kuring teh..hapunten duh ..:(

trulygirl
18-06-2001, 11:29 AM
ooooh :o:)
hmm ari komti teh maksudna naonna kang?? ;(

eh ntar kalo KSKG jualan, dateng yah :D:D

ringostar
18-06-2001, 09:18 PM
KSKG iraha bade jualannana teras dimana ???

karateman
19-06-2001, 08:10 AM
Originally posted by trulygirl
ooooh :o:)
hmm ari komti teh maksudna naonna kang?? ;(

eh ntar kalo KSKG jualan, dateng yah :D:D


Komti=komandan tingkat, sapertos KM mun di sakolaan mah..

TO Kang Ringo :
Mun teu lepat mah KSKG bade icalan kaping 1 Juli di Senayan..tingali wae di topik KSKG ..:)

jamboel
19-06-2001, 08:32 AM
deuuu bilang aja emang seneng jabatan itu mengikat seumur idup..pan biar dapet ngecengin adek kelas..:D..

sruntul..::toeng::..
ingat pepatah : bila tangan kanan berbuat baik, tangan kiri jangan sampai tau..::angel2::;p..


kok pertanyaan gue engga ada yang jawaaaab ?..::marah!::..

serenity
19-06-2001, 08:48 AM
eh mboele pepatah juga mengatakan...ATM BCA pecahannya lima puluh rebu - kok elo bisa - bisanya nemu pecahan serebu?? :D lagian elo nanya apaan? - eh salah terlalu betawi ya? - tapi gue beneran ngga bisa bahasa sunda nih? ::nangis::

trulygirl
19-06-2001, 10:18 AM
emang sere orang apa? jawa yah? :D:D

jualannya di Monas & Senayan :) dateng yaaaaaaaa